WSAB: WSABCare Program "Lomari Buku"
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, December 08, 2014

WSABCare Program "Lomari Buku"

Program Lomari Buku teh salah sahiji tina program WSABCare nu tos sababaraha waktos dijalankeun. Program Lomari Buku, nyaeta program nu masihan bantosan mangrupi buku ka sakola-sakola,lembaga masyarakat, taman bacaan sareng sajabana, nu meryogikeun bantosan khususna buku. WSABCare nampi titipan nu mangrupi buku enggal atanapi tilas, tiasa oge mangrupi artosna nu saterasna dipeserkeun kana buku kanggo disalurkeun  ka nu hakna.

Sababaraha waktos kapengker, Program Lomari Buku parantos masihan bantosan buku-buku bacaan ka rumah belajar anak-anak jalanan di Stasion KA Ciroyom. Lajeng masihan bantosan buku ka Mts Arroja Cilawu Garut. Ayeuna nuju ngempelkeun buku kanggo PAUD Cipta Wening Galih di Tarogong Garut sareng Madrasah Diniyyah Takmiliyah An-Nuur di keluarahan Padasuka Bandung, sareng sababaraha tempat sanesna.  Mangga bilih aya nu bade nitipkeun buku diantos !. Boh bilih aya nu bade masihkeun buku langsung ka nu bersangkutan oge tiasa. Keterangan detail sareng alamatna aya di pengurus WSABCare.




Ieu foto kintunan ti Mts.Arroja Cilawu Garut nguningakeun yen buku-bukuna tos katampi, tos dimangpaatkeun, malih murid nu tos maos eta buku ngadambel sinopsis tina buku nu tos diaosna. Alhamdulillah, mugia seueur mangpaatna kanggo nu maos eta buku oge janten amalan nu manjang kanggo para donatur. Aamiin.

2 Waleran:

At 10:16 PM, Anonymous Teguh Wilujeng ngawaler ...

Artikel yang bagus dan menarik gan
Makasih

 
At 6:08 AM, Anonymous Eko Kurniawan ngawaler ...

Artikel Yang Sangat Bagus Dan Bermanfaat Gan

Terima kasih gan

 

Post a Comment

<< Ka Payun