WSAB: Antara Chang Hyun Sik jeung Park Siwon (3)
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, August 14, 2007

Antara Chang Hyun Sik jeung Park Siwon (3)

Hujan gede dordar gelap, untung geus nepi ka wisma, teu jauh terbang teh poe ieumah ngan ka Manado, tapi asa teuing kucape, asa lungse. Rengse mandi goledag na kasur, rek sareupreupeun pisan harita teh, si Puspita tibuburanjat ngabejaan yen cenah dina CNN diberitakeun yen pesawat Arirang Air nu keur ka Guam keun cilaka, kabeh panumpang jeung awakna paragat. Leketey leuleus, naha Chang Hun Sik nu poe ieu boga tugas ka Guam oge cilaka, hate noroweco, teu puguh rasa tunduh kabur teuing kamana, dag-dig-dug teu puguh rasa. Geuwat nelpon ka kantor perwakilan Arirang Air. Enya cenah ngan can aya katerangan anu pasti saha-sahana awak pesawat nu jadi korban. Awak rampohpoy, leuleus taya tangan pangawasa.

Kapten Chang Hyun Sik, nu gagah, nu kungsi mapaesan hate kuring, nu geus mimiti diajar sahadat, nu geus teu murak deui daging babi, nu geus ngeureunan nginum soju2), nu faseh bahasa Indonesiana, nu lelengkah halu bahasa Sundana, nu geus menta kuring ka Apa jeung Ambu, nu geus neundeun lelepen na ramo kuring, nu geus janji satia salamina, ayeuna geus euweuh dikieuna ukur runggunukna lemah beureum dibaturan ku tetengger, make tulisan Hangeul.

Kuring sideku, teuing nu kasabaraha kali, kuring ukur mencrong neuteup gundukan taneuh, kuring geus buleud nyieun kacindekan, kuring nyarita sorangan “Chang Hyun Sik shi3), Rini cape, Rini bade liren jadi pramugari, moal aya tugas ka Korea deui, Rini bade wangsul ka Bandung, hapunten Rini moal tiasa ngalongokan deui, moal ngiriman deui kembang” teu kawasa kuring nyuuh na gundukan taneuh ceurik nyegruk.

“Rini shi….Rini shi…..” sora halon tapi jentre, tak-tak aya nu nyekelan, lalaunan kuring cengkat. Gebeg geuningan Park Siwon, manehna sobat Chang Hyun Sik, sobat dalit ti leuleutik, keur mah katalian ku dulur sasatna dulur sabrayna, panan cenah indung Chang Hyun Sik teh adi lanceuk jeung indung Park Siwon. Kungsi panggih sababaraha kali sabada papacangan jeung Chang Hyun Sik, dalah basa perpisahan maneh na nu rek neruskeun sakola doktor ka Amerika ge kuring hadir bubuhan keur aya tugas ka Korea. Ayeuna nganjanteng hareupeun kuring, tukangeunnana aya indung Chang Hyun Sik jeung indung Park Siwon nu carimbasbas rambay cimata, kuring ngeluk tungkul, cipanon juuh murubut.
“Rini shi neun chaju wachi?4)” sora indung Chang Hyun Sik. Saterusna kuring dikaleng dituyun dibawa balik.
”Oneul, Hotel eso chamchaji manko, urijib eso jumuseyo. Neil Park Siwoni konghangeuro tangsin be-ungkalkoyeyo5)” sora indung Park Siwon semu ngaharewos.
***

“Parantos Rin, mani sok lami ari nyekar ka kuburan Chang Hyun Sik teh, sakapeung mah Akang sok boga rasa timburu” ceuk Park Siwon. Kuring cengkat serengeh seuri.
“Ih naha make timburuan sagala, apan sobat jeung dulur sorangan, jeung deui apanan geus euweuh dikieuna” Jeletot kuring nyiwit leungeun Park Siwon. Manehna ngajorowok.
“Koma ya palli ga6)” kuring ngageroan barudak.
Jisan jeung Jiwon nu keur ngudag-ngudag papatong lumpat nyalampeurkeun.
“Urineun Indonesia-e kalkoyeyo Appa?7)” ceuk barudak ka bapana.
“Omma Keunappa sarangheyo8)” ceuk Jisan nanya ka kuring.
“Ne…Appa do nomu sarangheyo9)” walon kuring
“Omma, Keunappa kwa Appa reul katteun saram iyeyo?10)” Jiwon nu nanya ayeunamah.
“Tanggeun ijji….11)” ceuk kuring bareng jeung bapana.
Pikeun kuring antara Chang Hyun Sik jeung Park Siwon, taya bedana, lelembutan Chang Hyun Sik siga nu nyurup kana raga Park Siwon, ampir sarua boh rupana, boh tindak tandukna, kitu deui kanyaahna, sarua sumangetna, henteu aneh mun Park Siwon ayeuna geus faseh nyarita bahasa Indonesia, dalah nyarita Sunda ge geus teu ham-ham deui.
Mobil sedan KIA ngadius ninggalkeun pasir Ode, pasir pangreureuhan Chang Hyun Sik, pasir pangulinan kuring sakulawarga mun pareng nyaba ka Korea. Enya sakali deui, Chang Hyun Sik, urut kabogoh kuring, sobat jeung lanceuk sabrayna salaki kuring, uana barudak kuring.

Tungtung Seoul, 10 Mei 2005.
Catetan:
1) Ucapan salam, sapertos kumaha damang?
2) Inuman tradisional Korea anu ngandung alkohol, sapertos arak.
3) Sesebutan pikeun ngahargaan, sapertos agan mun ka lalaki, Neng mun ka awewe.
4) Neng Rini sering sumping kadieu?
5) Poe ieu mah ulah mondok di Hotel, hayu urang kulem di bumi abdi, enjing Park Siwon bakal ngajajapkeun Eneng ka Bandara.
6) Barudak hayu urang arindit.
7) Urang teh bade angkat ka Indonesia?
8) Ema cinta ka Ua?
9) Enya ka Bapa ge kacida cintana
10) Ema, Ua jeung Bapa sarua bae?
11) Tangtu bae, yakin pisan.

(Mangle No. 2023, hal. 49-51. Kaping terbit: 7 - 13 Juli 2005)
Carpon: Kang Ya (yr32@yahoo.com)

Nuhun nya kang kiriman carponnya...*admin*

3 Waleran:

At 1:09 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Happy Wednesday! Bloghoppin' here... Hey, I have an interesting tutorial for you that I have written myself. It is about adding Adsense on your Single Post in XML template. I hope you'll like it! God Bless you!

 
At 1:41 PM, Anonymous Pasa Firaya, ST ngawaler ...

Berkunjung dan baca infonya, mudah-mudahan bermanfaat bagi banyak orang, sukses untuk semua.
I Like Relationship

 
At 9:49 AM, Anonymous ainttutorial ngawaler ...

Buat I Komang.. koq profil anda tidak ada.. Mudah-mudahan anda tidak berlindung dengan kedok "nama" yang berpola suku, dan menjadi fitnah serta adu domba antar umat..

Buat Admin.. Ayo hidupkan lagi blog ini dengan sering update.. biar ndak kesusupan..

Buat yang mau nitip promo situs, mudah2an sukses.. tapi jangan fulgar ah.. malu atuh...

 

Post a Comment

<< Ka Payun