WSAB: Antara Chang Hyun Sik jeung Park Siwon (1)
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, August 14, 2007

Antara Chang Hyun Sik jeung Park Siwon (1)

Teuing geus sabaraha kali kuring kadieu, ka kuburan di mumunnggang pasir, pasir Ode lebah wates antara Korea Kaler jeung Kidul, teu pati jauh ti kota Seoul, lalakon 40 menitan mun nyetir sorangan mah. Geus ilaharna kuburan di Korea mah tara dina tanah datar tapi di mumunggang gunung atawa pasir, teu rek kitu kumaha panan Korea mah leuwih ti tujuh puluh persen lemahna mangrupa pagunungan.

Wangunan kuburannana oge beda, taneuh digundukeun buleud lain manjang siga di urang. Sabeungkeut kembang eros beureum unggal kadieu tara poho sok ditunda na luhureun gundukan taneuh kuburan. Na tetengger atra tulisan ngaran Chang Hyun Sik ku huruf Hangeul, huruf asli Korea.

Teuing ku betah teuing ku tengtrem, tumaninah nganteur tineung di kuburan ieu teh. Sok wegah ninggalkeun, hayang ulin didieu sing seubeuh, nyacapkeun kasono, ngumbar lamunan kaliwat, hayang anyang-anyangan imah-imahan cara keur budak. Lamun ret ningal ka landeuh, pungkal-pengkolna walungan Imjin atra pisan. Walungan nu jadi wates antara Korea Kaler jeung Kidul. Sakapeung teuing ku hemeng, alatan beda faham, nu hiji ku keukeuh komunis nu hiji cenah ngagem demokratis, papaseaan geus leuwih ti satengah abad. Karunya, jeung dulur pajauh, jeung baraya anggang papisah, boa moal kungsi panggih samemeh paragat nyawa. Sanajan enya cenah ayeuna aya program reuni kulawarga terpisah, tapi da teu cukup ku kitu, cenah mah eta program teh ngan ukur kahontal kunu kandel eusi dompetna, teu kabedag ku waragadna utamana ku urang Korea Kaler.

***

“Teu resep uing mah Rin ka Kapten Chang Hyun Sik teh, kemba, angkuh, kasep-kasep ih, manglebarkeun uing mah, dasar urang Korea kasohor goreng budi”
“Naon ari Empup ngadon kukulutus, keun bae atuh da sifatna kitu meureunan, jeung deui teu kemba teu sing, komo mun angkuhmah, sawajarna bae ceuk ieu mah Pup, pedah eta tara darehdeh, enya da bawaannana kitu meureun. Jeung deui Pup panan nu goreng budi mah henteu di urang Korea bae diurang ge nu goreng mah goreng nu alus mah alus”.
“Tuh nya Rini mah mangmeunangkeun bogoh nya ka Kapten Chang Hyun Sik!”
“Yey..maenya jol-jol bogoh”
“Lain ari ceuk Rini, Kapten Chang Hyun Sik teh kasep henteu? gandang henteu?”
“Kasep atuh da lalaki, mun Nona Kim Eun Seok geulis”
“Sing baleg atuh Rin diajak ngobrol teh”
“Enyalah…kasep”
“Enya kasepnamah kasep, ngan ceuk Empup mah Rin mendingan Kapten Shim Jae Seon, ramah, someah, eh…tapi ketang cunihin Rin, lamun sasalaman curukna sok diutek-utek”
“Har ari Empup na mani teu aya lalaki nu bener, kabeh dicawad, kumaha tah ari si Kang Yaya?”
“Kang Yaya? sorry dori mori yah saya mah Rin sudah melupakannyah, teuing dimana tah mangkeluk teh, leboy si Kang Yaya mah Rin, ceuk beja mah geus ka Hawaii cenah gawe diditu”
“Rek kana beus rek kana taksi Pup?”
“Kana beus bae ah Rin meh murah jeung bisa nundutan deuih”.
Keur nungguan beus jol teh Kapten Chang Hyun Sik nyampeurkeun bari nanya.

Bersambung
(Mangle No. 2023, hal. 49-51. Kaping terbit: 7 - 13 Juli 2005)
Carpon: Kang Ya (yr32@yahoo.com)

2 Waleran:

At 5:54 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

duh korea euy ... cenah mah loba nu gareulis ... pesen abdi hiji Ceu ;P

 
At 4:42 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Punten ka sadaya Wargi WSAB, nyuhunkeun tulung supados abdi tiasa ngiringan janten warga WSAB.?

rahayuevi23@yahoo.co.id

 

Post a Comment

<< Ka Payun