WSAB: November 2006

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, November 29, 2006

Pangalaman milarian bumi


Milarian bumi di negara batur teh terutama di jerman meuni seueur aturan, panginten oge sesuai budaya didieu sagala kudu pasti sareng terencana. Ieu aya beberapa point nu kedah diperhatikeun


1. Kedah memenuhi sarat minimum perjalmi, aya nu nyarios 15m2, tapi teh aya oge nu nyarios eta teh ngan sarat kanggo kamar tidur hungkul. Sebenerna mah 25m2 per jalmi. Tiasa oge nekat teu bebeja ka nu bogana tapi upami katempuhan paling2 diusir (euleuh paling2 hihihi). Padahal di lembur mah urang pasedek2 sareng ngalampar nya.



2. Kedah nyiapkeun artos jaminan. Dibayarkeun di payun. Ageungna teh 2 nepi 3 kali harga tiis (harga tiis teh harga sewa teu acan listrik). Misalna sewana 3 juta janten kedah gaduh 9 juta kanggo jaminan. Upami tos seep dibalikkeun deui tapi dikirangan kerusakan.



3. Kedah nyiapkeun artos jasa agen, rada pikaseubeuleun soalna teu balik deui. Ageungna dua kali harga tiis. Tapi teu sadaya nganggo kitu, upami beruntung pendak langsung sareng nu gaduhna mah teu kedah mayar agen. Aya oge agen nu narik biayana ti nu boga apartemen, tah ieu mah rada2 asup akalnya (akal nu mbung rugi hihihi).



4. Kedah lapor 3 bulan sebelumna upami bade kaluar, maksadna meh nu bogana tiasa milarian panggantina. Sesahna mun pindah kedah milarian nu pas seep kontrak pas mendak bumi anyar. Upami henteu nya kedah double mayarna.

5. Oh enya kedah siap2 ditolak, da didieu mah sistemna seleksi, janten biasana aya 5 pelamar, ngke saha nu dapet teh sanes saha enggal dia kenging, tapi seleksi ku nu gaduhna. Janten kedah masihan data2 pendukung, atau malah rekomendasi. Aya oge nu gaduhna ti awal tos nyarios, jalmi asing? no no no no no hehehehe.

Sakitu heula carita milarian bumi didieu, aya kisah2 lain nu tiasa dibagi? Mangga ditulis di komennya.

Ophi

nu keur bahagia tos mendak bumi kanggo di Düsseldorf

Friday, November 17, 2006

Abdi oge, atuuuh....

Abdi oge... abdi oge atuuuh...
Naon ieu teh? hihihi.. abdi oge bingah tos kopdar munggaran sareng dulur WSAB. Nepangkeun abdi Roro di OFallon, MO-USA parantos kapendak sareng Teh Willa ti Saleem, MA-USA, hehehe...

Kantenan bingahna mah da nu namina O Fallon-Saleem teh langkung ti 20 jam perjalanan darat nganggo mobil. Eta oge pami mobilna teu eureun2, ngerem ge ulah, heheh... Teras, sigana mung abdi nyalira di dieu warga WSAB teh. Aya teh Nia di Batavia-OH, tebihna 6 jam langkung, nya teh? Teras Angki di Madison-WI, tebihna 8 jam langkung. Janten, kapendak sareng wargi WSAB teh kantenan langkina.

Dongengna mah teh Willa katut carogena: Dan, sareng mamahna angkat ka Colorado nangge pesawat. Mulihna nyandak mobil. Rute perjalanan mobil teh kaleresan pisan ngalangkungan rorompok. Kantun nyimpang sababaraha menit ti jalan tol. Sip lah pokona mah.

Nu diantos2 teh sumping tabuh 10 wengi dinten kemis. Teras ngobrol kaditu kadieu, tuang saaya2: acar lauk, goreng daging, sayur asem, sareng sangu haneut. Eta disayagikeun risoles sagambreng oge. Ngan henteu tiasa katuang saharita da parantos wengi.
Abdi sareng teh Willa direncangan ku mamah ngobrol dugika tabuh 2 wengi. Ladies night cenah. Eh ketah pun lanceuk ge ngiringan, hihihi...
jepret dipoto :D

gareulis teu..... hayooo ngaku :D

Anu kenca masihan tips awet ngora: seueur nuang sayur. Tah nyaaaaa....

Abdi kenging oleh2 ti Teh Willa saurang hiji. Ngan kumargi anu kangge si mas alit teuing, janten abdi kenging dua. Teras anu kangge pun anak ge ageung teuing. Tiasa dianggo ku abdi kitu? hihihi.... *sarakah :D. Gambarna Royal Gorge alias lembah Gorge di Colorado. Cenah aya sasak gantung pangageungna sadunya didinya, heheh.. *ngarang
Teu hilap si maskot kopdar WSAB ngajejegan: sakadang Gurilem :D

gareulis teu..... hayooo ngaku :D


Mung sakitu dongengna. Da teh Willa saparakanca tabuh 9 Jumat enjing tos kedah neraskeun perjalanan ka DC heula saurna teh. Euleuh euleuh si teteh kiatan. Colorado-OFallon=17 jam. OFallon-DC=24 jam. DC-Saleem=10 jam-an. Saurna teh bade mampir di Teh Nia pami teh Nia aya. Teras bade kapendak sareng Ira di Mariland. Mangga lajengkeun sapari kopdarna teh :D Kahade di jalan nya teeeh...

*kanu bade ngalangkung ngangge I-70, mangga ulah isin2 geura sindang ka abdi

Salam
-Roro anu teu kiat hoyong ngadongeng, padahal blogna nuju off :D

Labels: