WSAB: January 2006

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, January 31, 2006

Logo WSAB

Para wargi sadaya, sinareng hate nu pinuh ku kabungah jeung kareueus, urang tepangkeun Logo WSAB :surak, heot sareng keprok teu eureun-eureun:

WANITA SUNDA
Sundana ditarjamahkeun kana motip batik cirebonan gambar kembang anu tos dimodipikasi meh janten peminin.

ANTAR BENUA
Seratan WSAB anu nyambung ti luar ka lebet bola dunia, hartosna wanita ti parahyangan anu tos nyebar dimana-mana, boh di luar atawa di jero nagara, tapi tetep dihijikeun dina wadah WSAB, mangrupa


Tempat riung mungpulung, nyangreudkeun tali duduluran, jeung ngabewarakeun kamaslahatan...


Warna hejo nyirikeun kasuburan alam parahyangan, hejo ngemploh, seger, tur endah

Hurup S anu nyeni nawiskeun yen urang sunda teh resep kana kasenian,sarupaning nembang, jaipong jeung sajabana.

Logo teh damelan Kang Jejen (ehh naha sanes wanita), ngagambarkeun yen wanita sunda teh kedah oge wawuh jeung akur sarta gawe babarengan, teu saukur jeung sami wanita tapi oge ka pameget nu oge ciptaan Tuhan YME (nyambung teu nya?nyambung lah, hihi)

Nuhun nya Kang Jejen!...Oge ka si bos na. Saha tah?
Khusus kanggo anggota WSAB, mangga upami bade masang ieu logo di blogna. Hayu urang mumule wadah duduluran urang ieu ku kasaean.Piisss Ah.

Hidup WSAB

Admins

Code kanggo logo, kantun di copy teras dipasang di blog sewang2, bilih bade ieu ge.. ih meni geer, heuheue:
<a href="http://wsab.blogspot.com" alt="Nganjang ka WSAB"><img src="http://i9.photobucket.com/albums/a79/opnurwicaksono/WSAB1.jpg"</a>

Sunday, January 22, 2006

Kopdar WSAB Amerika Wetan

Dikawitan kenal di milis WSAB, dilajeungkeun kana chatting di YM, nelepon, akrob, akhirna kaluar kecap "urang sili anjangan yu?". Lia, Rina, Juju, pituin urang sunda nu ku sabab jalan hirup ngumbara di Amerika nuturkeun bujur salaki. Nu 3-an teh tumetep di pelebah wetan-na Amerika. Mung Benten nagara bagian, tapi sanaos kitu, ku alatan hoyongna tepang, dilakonan Bae, mung 1,5 jam nganggo mobil, pami kana beus mah 4 jam, kareta 3,5 jam hehe.

Margi abdi (Lia di Amherst, Massachusetts) teu kagungan kandaraan nyalira, ku kahadean neng Rina, anjeuna nyangeuman nganjang ti payun ka rorompok. Harita ping 29 Desember 2005 dinten kemis. Ngawitan paamprok raray ge meni asa parantos lamiiii pisan kenal...Alhamdulillah, sawengi di rorompok, teu disuguhan nu sae mung aya Lemper, pais lauk nu rada aneh teh *aneh da pami taya tamu mah langki ngadambel nu kitu teh hehe*.

Enjingna dilajeungkeun perjalanan ka West Haven Connecticut, padumukan T'Rina seng T'Juju. Langsung ka bumina T'Juju, harita tos disayogikeun Sate lontong tambih oporna...mhhh, nikmat pisan balakecrakan ngariung, barudak baceo alakrab sanajan aya 3 basa, basa sunda, indonesia jeung basa Amerika hehe. Alhamdulillah. Ti 3 kulawarga teh barudak aya 6. Abdi gaduh 2 budak pameget Rai-Raka, T'Rina hiji budak pameget Al Drika, T'Juju cikalna Istri, Fira. Ka-2 ka-3 Ibe sareng Rafi.


Wengi munggaran di West Haven, abdi sakulawarga, ngawengi di Bumina T'Juju. Nonton TV sasarengan, mondok payuneun TV sarera, ngunjal kasur ngabarak...Ya Alloh hawa lembur dibekel kadieu. Teu asa batur, teu asa deungeun, asa dulur teh enyaan. Alhamdulillah.



Ibuna ngalobrol. Barudak? aya nu ngasuh tuh!

Ku nikmat jadi semah, sagala disayogikeun jeung dipupujuhkeun, enyaan ngahesekaun nu boga imah teh heuheu...diajak ka sisi basisir laut Amerika euy...*ieu baladna Ratu Kidul ningali laut amerika, meni jigrah hehe sim uing tah*


Nu nyengir di Sisi Basisir

Wengi kadua kaleresan Wengi Taun Baru 2006, abdi sakulawarga giliran ngendong di T'Rina, Aya Baso, Aya combro, bolu kukus, aya tahu goreng, hayam goreng surundeng...jeung sajabana ti eta. T'Juju sakulawargi sumping oge katambih kulawarga indonesa lianna. Nonton TV, ngobrol bari ngaleueut dugi ka ditiupna tarompet tawis taun 2006 nyumpingan....aya du'a, harepan jeung kabagjaan ku riung mungpulung sarerea ngangreudkeun tali duduluran. Hidup WSAB....:)




Dinten Minggon, abdi wangsul deui ka Amherst tadina bade naek beus tapi T'Juju sareng K'Atis (Carogena) hoyong ngajajapkeun nya alhamdulillah dijajap dugi ka rorompok. Mobil anjeuna nu kedahna kanggo 7 jalmi teh janten dianggo 9. Abdi ngalahun Rai, T'Juju ngalahun Rafi. Asa Ka ciamis naek elf hehe tah kasono lian kalandongan deui.

Kopdar danget Ieu 4 Dinten 3 Wengi. Kanggo urang lembur panginten teu aneh aya Combro, aya Sate jeung Baso...didieu mah nu kitu teh dipikasono. Harita mangrupa-rupa kanineung abdi ka lembur kalandongan. Aya nyi dulur, tiasa curhat jeung diupahan, dibeberah, seueur tuangeun raos. Barudak bungah margi sanajan di Amerika Aya nu tiasa disebut Ua, teteh, Aa...nu hartina lain ukur sesebutan tapi harti baraya.

Nuhun Ka WSAB nu tos ngadeukeutkeun hate, nyangreudkeun duduluran. Nuhun Ka T'Rina Sakulawargi & T'Juju Sakulawargi kana panampianna, nyugemakeun teh meni pisaaannn hehe. Alhamdulillah.

Pssttt Tong dibeja-beja; Sate Teh Juju yahuuuddd, sate Mas Madura ge eleh lah. Baso, Bolu kukus jeung Comro T'Rina mhhhhh Nikmeh... nampi orderan teu nya? hihi

*Lia

Monday, January 16, 2006

Ngadangu nyarios mama...



Putra Abdi, Dzaki, atos bade dua taun, tapi teu acan tiasa nyarios. Saurna aya keterlambatan perkembangan saraf bicarana. Janten upami komunikasi, osok nganggo bahasana nyalira. Abdi sareng pun lanceuk mutuskeun, Dzaki bade di candak ka klinik terapi wicara supados ditangani serius.

Wargi-wargi aya oge nu maparin saran nu aneh-aneh misalna ngerok letahna nganggo emas, tabuh 12 siang dinten Jumat, emam letah manuk murai, ka jalma pinter (saha nya professoor?:D). Aya oge nu nyingisieunan Dzaki engke sesah lebet ka sakola da sakola paporit, alim narima murid anu sesah komunikasi.

Tapi abdi sareng pun lanceuk, bismillah weh lah, insha Allah terapi ieu cara anu cocok. Janten abdi nyandak Dzaki ka klinik Pela, klinik tumbuh kembang anak di Radio Dalam, rekomendasi ti RS Harapan Kita. Aya dokter sareng psikologna oge, Dzaki dites teras disarankeun ngiring Okupasi Terapi sareng Terapi Wicara 2x saminggu.
Sebenerna rada awis oge kanggo ukuran abdi mah biayana teh, tapi nu penting mah pun anak tiasa ditangani kalayan terarah sareng tuntas. Impenan teh Dzaki tiasa ngobrol sareng abdi oge pun lanceuk salaku sepuhna.

Rutin weh Dzaki diterapi, aya terapi kanggo ngalatih konsentrasi sareng ngajarkeun konsep barang, kelir jeung sasatoan. Teras terapi wicara sareng terapis nu benten. Awalna Dzaki resep anu seueur amengna tapi upami anu terapi wicara, rada rewel soalna Dzakina keuheul, lambeyna dicepeng-cepeng. Karunya ningalina osok nangis, tapi abdi kuatkeun weh, abdi teu ngiring aya di dinya meh manehna teu hoyong lumpat wae ka abdi.
Salah sahiji wejangan ti para terapis, nyaeta budak anu mengalami keterlambatan bicara, teu kenging ameng nyalira, kedah teras diajak ngobrol ku bapa ibuna.
Tos sakitar 2 bulan di terapi, Dzaki mulai tiasa konsentrasi, jeung deui meni sumanget bade terapi teh. Mamana osok dicuekin upami tos pendak sareng terapisna. Dzaki mulai tiasa nyarios

apa?,siapa?, ma..!, mbak..!, mam, gak!,




Ayeuna Dzaki tos tiasa nunjuk kepala, mata, hidung, gigi, perut, pipi, kaki dan tangan. Kadang2 tiasa oge dipiwarang nyandak sapatu atanapi buku (ieu mah bapa ibuna males nya? :D)

Teras nyarios jelas Mama, Papa, Kakak, Susu, Jatoh, kaki, mam, mimi, buka, dadah

Meuni asa bagja sareng plong hate ningalina, saur para terapis diditu, urang teu tiasa ngarepkeun perkembanganna kilat pisan, rata-rata barudak didinya anu gaduh masalah sami, telat perkembangan syaraf bicaranya, peryogi waktos dugi ka 2 tahun terapi nembe tiasa lancar nyariosna.

Tapi, Alhamdulillah, perkembangan Dzaki katingali pisan, terapisna sarae sarta tos pangalaman. Waktos nganterkeun Dzaki terapi, seueur oge barudak anu gaduh kakurangan siga Down Sindrom, Autis, ADD, jste (jeung sajabana ti eta). Janten emut sareng syukuran ka Gusti Allah kana sagala rijkina kanggo abdi sakulawarga. Sering abdi sedih ningali barudak eta , tapi ningali aranjeuna ameng, seuseurian, meuni katingali bungahna teh, dan Insha Allah sagala ge aya hikmahna nya.

Sakitu Carita abdi, mudah-mudahan aya hikmahna kanggo para wargi WSAB.

Ari Mila-Jakarta
-diterjemahkan admins-

Monday, January 09, 2006

Otokritik

Hapunten ka neng Afi, kedahna ieu postingan midang lebaran kamari, janten lebaran idul adha, teu nanon nya hehehe...


Lebaran di luar nagri tangtos moal jiga lebaran di lembur sorangan. Sok seueur hal-hal anu pikanineungen nu teu tiasa dialaman ku urang lantaran di nagara si bule mah teu aya tradisi lebaran jiga di urang. Ngadangu takbiran wae meni hese, mun teu diusahakeun mah, komo dulag mah dimana teuing aya dulag.

Lebaran taun ayeuna di dieu, di suburb simkuring nu disebut St. Lucia (Brisbane, Australia) diayakeun ku Muslim Student Association nu anggotana nyaeta bangsa-bangsa ti Arab, Indonesia, malaysia, Brunei sareng sebagian orang-orang India+Pakistan.

Kumargi taun ayeuna lebaran na aya dua versi (Kemis atawa Juma'ah), nya urang Islam nu mayoritas asia langkung milih dinten Juma'ah, duka kumaha tah prosesna, abdi mah ngiringan wae.

Nu janten perhatosan abdi nyaeta, naha ngan di dieu hungkul kitu urang Islam teu tiasa ngahiji, sangkilang urang gaduh kulit sawarna, bahasa ampir sami, agama kitu deui, tapi naha nya? Jadi urang Malaysia, ngarariung jeung maranehna, urang Brunei kitu deui, komo urang Indonesia terkenal kamamana kudu bareng jeung dulurna, kurang wani mun rek sosoranganan teh. Tiasa disimpulkeun jiga kitu lantaran aya sababaraha urang Indonesia nu nyobian ancrub (mingle) kana obrolan urang-urang nagara tatangga. Singhoreng gening diajak ngobrol ku urang-urang ge gening respon ti maranehna teh tiis - tiis wae, katingalina teu aya niat hoyong nyambungkeun duduluran. Duka kunaon nya? Jadi timbul patarosan naha budaya urang teh bet kitu? Kadang-kadang sok anehnya mun pa amprok beungeut oge (sareng sasama urang asia), boro-boro nanya, seuri ge teu niat jiga na teh. Tapi mun urang pa amprok jeung bule, pasti mun aya kotak mata si bule teh seuri atawa nanya "Hi how a yah?", atawa mun di dieu mah khas na "Hi, Gday mate?" cenah. Sanes urang Asia teh dikenal ku karamah tamahanana, ku budaya katimuranana? Kumaha rerencangan wsab nu aya di saluruh dunya? Naha gaduh pangalaman nu sarupi?


Ngumpulkeun pangalaman-pangalaman nu kapungkur salami abdi ngumbara di nagara batur, diperhatikeun, disidik-sidik geuning bangsa urang teh salah sahiji tina unsur budaya na aya dina kamunduran contona dina soal interaksi sareng jalma (teu wawuh, utami na). Tapi tangtos wae seueur budaya-budaya urang ge nu sae nu pernah disebutkeun di posting-posting sateuacanna. Abdi ngabandingkeun hal-hal sepele nu teu kahaja kalaman ku nyalira dina raraga otokritik ka simkuring pribados. (Pencet tabel kanggo langkung jentre)

Mangga, rerencangan wsab sadaya, panginten tiasa diteraskeun pangalaman-pangalaman urang sadaya ngeunaan ieu perkara sareng urang emutan naon wae kakirangan urang salaku jalma nu ngagaduhan budaya supados kapayun urang tiasa gaduh generasi nu langkung sae tur ngartos kana adab, nu teu ngisinkeun pami diajak ngumbara ka nagara batur. Mudah-mudahan ngamanfaatkeun.

-Afi-

Monday, January 02, 2006

Masak oh masak

Saleresna mah ieu teh bade ngadongeng tapi duka tiasa henteu ngadongeng ku bahasa sunda sabab sok pabaliut geuningan.

Ieu mah dongeng basa abdi gadis keneh, asa harariwang cenah saur pun biang mah si neng mah ditikahkeun teh, kumargi ari raka2 mah tos sakola teh teu langsung didaramel tp langsung nikah, teras sateuacanna teh sibuk kursus masak, tah ari abdi mah saatos kuliah teh meni sibuk cenah saur pun biang mah didamel kaditu kadieu hihi teu ngemutan hoyong nikah sareng hoyong tiasa masak, atuh da biasa geuningan nya teteh2 ari jiwa muda mah hoyong sagala di udag, sagala di hontal hihi padahal panangan mung dua.

Harita pun biang nyarios kieu :
" Neng atos atuh tong didamel wae, geura diajar masak ,janten pami nikah teh tos sagala tiasa".
Abdi ngawaler bari seuri :
" Mah gampil atuh lah masak mah, engke ge panginten pas dijalani mah tiasa, jaba calonna ge teu acan aya hihi"


Harita pun biang ngan gogodeg ningali abdi nu keukeuh hoyong teras didamel, tapi da harita teh emut ari eureun didamel kumaha atuhnya da lebar pisan, lebetna ge hese,teras calonna ge can aya hihi..janten abdi emut ah mendingan teras didamel engke masak mah gampang upami nikah teras diajar pikiran teh.

Harita duka kumaha atuh sekitar awal 2004 teh ujug2 dipendakeun sareng si kakang prabu ku rerencangan ( meni kakang prabu pizzzaaan..hihi ), 2 minggu pendak ujug2 ngalamar hihi.

Harita teh mangkaning nuju ngabereskeun skripsi, sareng didamel walaah paciweuh pokokna mah janten boro2 diajar masak urusan ge lieur, pokokna mah 3 sasih tidinya nikah wee, teras dikantun deui saatos 2 minggon nikah, hiks meni hasyeum nya..

Pas tos 4 sasihan dikantun abdi ngiring ka jepang (eta ge tos diajar sakedik2eun mah ka pun biang masak2 teh)

Dugi ka jepang..euleuh muhun nya ari abdi teh hilap deui nu mana pun lanceuk teh ( hihi da atuh mun 2 minggon pendakna) abdi teh pas kaluar ti panto teh kalahkah hulang huleng ari nu nungguanna mah kalahka ngaheureuyan seuseurian dijuru hihi dasar...

Dugi ka apartemen alhamdulilah si akang tos masak hihi baguer pisan,teras sadinten dua dinten aya keneh sasajen( baca:bekel) ti Bandung, pun lanceuk teh hoyong dipangmasakeun cenah hoyong ngaraosan masakan istri , walaah eta mah kesang tiis bararadag sagede enjum sigana mah nya ,tapi da ari abdi teh jaim we pura2 bisa ,bari ngajawab :

" iya bang, kalem aja abang ke kampus aja ntar ade masak"


Kakang teh angkat, resep2 dibukaan, mbah Google oge disungkeun bantuan ,akh akhirna mulai masak semur teh..tapi ya Allah naha beut hideeeung ? huaaa dikumahakeun atuh nya? meuni teu kuat hayang ngaleungit teh, ah tapi mudah2an akang engke maklum.

Pas sonten si akang mulih, pek teh langsung lapar cenah pas gewewek teh bari seuri

"enak ya masakannya. oh gini ya semur Bandung de, kalo semur betawi mah gini nih caranya" teras weh nyebatkeun resepna


Atuh gubrak dot kom eta mah, hihihi, padahal mah bari hoyong masihan terang meureun eta semur teh salah ieu yeuh nu leres mah hihi

Harita rada isin abdi teh teras rass we emut ka pun biang, duuh jadi hoyong nangis teh sigana mah babales duka kualat nya hihi duka atuh nu penting mah sigana abdi nyepelekeun papatah kolot meureun ,tapi janten aya ibroh alhamdulillah, Geuning masak teh teu sagampil nu dibayangkeun kudu aya latihan, sanes kitu teteh2?

Aya hiji deui, pas abdi ngadamel Pempek, da si akang hoyong, milari di mbah Google prak we ngadamel ari pek teh pas digoreng teh ngararapung (baca: bebeledugan) dugikeun abdi mah teu wantun ngagorengna ge,janten pun lanceuk nu ngagorengna tapi hayang seuri, kumaha coba?

ngagorengna bari mastaka nganggo Helm!!!


Da pajarkeun teh sieun keuna soca cenah, hayang seuri aya merhatikeunna ge tapi isin oge aya.

Ti saprak eta janten kaemut, pisaur sepuh walaupun sakedik ,walaupun ceuk urang sapele, tapi kudu dilenyepan.

Ah hapunten nya Mah......moal bade teu ngadangu deui abdi ayeuna mah!!!


Ika Dimyati - Jepang