WSAB: PANDANGAN HIRUP URANG SUNDA
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Sunday, June 25, 2006

PANDANGAN HIRUP URANG SUNDA

Pandangan hirup urang Sunda dipilah jadi 5 bagian yaeta :

1.Urang Sunda sabage pribadi

Kudu hade gogog hade tagog
Urang Sunda diharepkeun sajabaning ngabogaan rupa jeung awak nu tegep, pantes, oge ngabogaan budi jeung sikep nu hade.

Nyaur kudu diukur nyabda kudu diungang
Urang Sunda kudu bisa ngandalikeun lisan, ngomong kudu aya maksud jeung tujuan nu bener, cumarita kudu diatur sangkan teu nganyeurikeun batur.

Sacanggreud pageuh sagolek pangkek
Urang Sunda mah kudu ngabogaan sikep nu tandes, konsisten, henteu jalir jangji. Pengkuh dina bebeneran

Ulah lali ka purwadaksina
Urang Sunda kudu tetep sederhan , teu meunang kaleuleuwihan dina enggoning ngalakonan kahuripan, kudu inget ka asal. Asal jelema mah teu boga nanaon, euwueh nu kudu dipikareueus kabeh ge milik nu maha suci Tuhan YME

2.Hubungan jeung nu nyiptakeunnana

Mulih ka jati mulang ka asal
Urang Sunda kudu inget yen jelema mah diciptekeun ku Tuhan YME, oge bakal maot balik deui ka nu bogana

Dihin pinasti anyar pinanggih
Urang Sunda kudu percaya sagala rupa kajadian teh kabeh lantaran ijin ti Tuhan YME

Nimu luang tina burang
Urang Sunda kudu yakin yen sagala kasusah tangtu aya hikmahna, nu kudu di teang hikmah tina sagala kajadian eta.

3.Hubungan jeung lingkungan social

Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh
Urang Sunda kudu hirup rukun silih pikanyaah, silih simbeuh ku kadeudeuh.

Pondok jodo panjang baraya
Urang Sunda kudu boga kayakinan sanajan lain jodo tapi babarayaan/ duduluran mah teu meunang pegat

Ulah ngaliarkeun tales ateul
Urang Sunda teu meunang nyebarkeun isu/ berita, nu can tangtu benerna komo deui nu teu bener.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Sanajan susah, kudu tetep babarengan

Nyuhunkeun bobot pangayun timbang taraju
Kaadilan nyaeta milik sakabeh jelema, kitu oge urang sunda kudu miharep diperlakukeun adil, oge kudu nagbogaan rasa kadilan ka sasama

Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang
Urang Sunda mah lamun dating kahiji tempat kudu boga pamaksudan nu puguh, jadi unggal rek indit-inditan kamana wae, rek hadir dimana wae oge tinangtu boga tujuan

Taraje nanggeuh dulang tinande
Urang Sunda mah lamun dibere pancen naon wae kudu ngajalankeun kawajiban nu bener.

4.Hubungan jeung lingkungan alam

Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna
Urang Sunda ngabogaan kayakinan yen tiap-tiap mahluk boga carana sorangan dina kajalankeun kahirupannana

Jawadah tutung biritna, sacara-carana
Urang Sunda mah kudu ngahargaan kana kabiasaan batur sanajan beda jeung urang sorangan

5.Kamajuan lahiriah ku jalan taat kana norma-norma

Ulah pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian
Urang Sunda teu menang parebut kakawasaan atawa jabatan

Ulah ngukur baju sasereg awak
Urang Sunda teu meunang ningali masalah tina kapentingan pribadi

Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Urang Sunda mah teu meunang meres ka jelema leutik (rahayat)

Ulah ngeok memeh dipacok
Urang Sunda mah teu meunang mundur samemeh ihtiar

Kudu bisa kabula kabale
Urang Sunda mah kudu bisa hirup dimana wae, wawuh/gaul jeung saha wae (fleksibel)

Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih
Urang Sunda mah kudu bisa usaha satekah polah (maksimal) keur nedunan pangabutuh.


* ku Rina M. Taufik

11 Waleran:

At 6:16 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Urang Sunda mah teu meunang meres ka jelema leutik (rahayat)------ pami meresna ka jalmi ageung kenging teu? hehehehehe....

Nuhun Rin.... janten emut basa diajar basa sunda di sakola.
Kantos nuju ulangan aya soal kieu
bru di juru,bro dipanto, ngalayang...... (kedah dieusi).
kedahna teh pan ngalayang ditengah imah kitunya... abdi teh da teu terang tea... jol we ngawalerna teh.. ngalayang kakalayangan.....:-))
teu jadi atuh rek kenging peunteun 10 teh...:P

 
At 10:39 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Janten emut deui ka Paribahasa Sunda. Duh Tanah Sunda tiasa janten tempat paling aman didunia upami 5 pandangan hidup urang sunda dipraktekeun kupenduduk parahyangan.
Keep the good work Rina!,Love to read it again and again :).

 
At 4:26 PM, Blogger Lia ngawaler ...

Nuhun ah di emutan! sanajan jaman mana boa tiasa ngamalkeun sadayana...*ngelemes isin*.

Teh Inta naha bet ngalayang kakalayangan hihi. Salah soal tah, kedahna ngalayah lain ngalayang, pantes we jadi kakalayangan ge hihi...

 
At 7:17 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Andai sadaya urang mana ge kitu nya..damai di duniah (make h)

nuhun ah tos ngingetan

 
At 9:26 PM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

sabage teh naon sih? sebagai sanes? punten abi nuju diajar basa sunda.. hehehe

 
At 4:46 AM, Blogger BRAJADENTA ngawaler ...

wah sesah oge bahasa na, aya kamus na teu nya?

 
At 4:55 PM, Blogger Ica Dimyati ngawaler ...

aduuuh bahasa sunda teh hese ningan nya...sanaos urang sunda oge teu hade basa duh isin...diajaar ah meh sae seng ngartos bahasa nu lemes seng sae..nuhun teh Rina nya

 
At 5:15 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Ari ngaos paribasa Sunda teh sok emut kana buku paribasa & sastra sunda jaman SD, anu susunan pa Yus Rusyana.
Ari ayeuna di SD diajar keneh basa daerah teu nya?

 
At 5:50 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Aya kahoyong kanggo ngawilah-wilah atanapi nyusun 500-an paribasa anu aya dina situs kami kana 5 bag-bagan anu parantos didadarkeun ku Ceu Rina M. Taufik (@ WSAB). Manawi aya diantawis Ceuceu atanapi Akang anu aktip di dieu anu kersa?

Saupami 5 bag-bagan éta henteu- atanapi kirang nyekapan urang tiasa narékahan susunan anu langkung cocog.

PS: Hatur nuhun parantos napelkeun tumbu ka situs kami dina situs WSAB ieu. Kukituna kami ogé napelkeun tumbu ka situs WSAB dina ramatloka kami (http://lssitb.f2o.org/kamus/?q=TumbuLoka)

 
At 8:22 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

pondok jodo, panjang baraya...

heuheue.. teh rinaaa jadi kasuat-suat yeuh :D

 
At 9:45 PM, Blogger Gaya Hidup Survive ngawaler ...

Aduuuuuuuuuh OJAY... wararaas euy pokonamah lah lamun nilik-nilk bahasa sunda teh asa kuteu kaharti uing jadi urang sunda bisa sok ngadak-ngadak poho kana bahasa sorangan...paralun teuing ah !!! ulah-ulah...

 

Post a Comment

<< Ka Payun