WSAB: Bandung oh Bandung
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, June 14, 2006

Bandung oh Bandung



Bandung heurin ku tangtung..
boh jelema boh runtah tos sagunung

Bandung heurin ku tangtung
Nyeri hate ningali nepi ka pundung




Bandung heurin ku tangtung
Kamana citra Bandung nu agung?

Bandung heurin ku tangtung
Kumaha meh teu leuwih buntung?

-sabada maos Bandung janten kota terkotor

Foto : PR

5 Waleran:

At 10:23 AM, Blogger Lia ngawaler ...

duh deudeuh teuing Bandung urang teh geuningan. Sakitu sateuacana mah geuning katelah romantisna si Paris Van Java teh.

 
At 10:07 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Enyaa kamana si bandung kota kembang teh? teu aya pisan kembang di bandung.

nu aya runtah ngagunung.

kuduna mimitian ti urang, buang sampah pada tempatnya, heuehu... mimitian ku urang bandung yeuh.. kaleresan abdi nuju henteu di bandung :)

 
At 2:07 PM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Hmm meni sedihnya nguping Bandung dilingkung gunung heurin ku sampah...:-(
Ayeuna masih keneh kitu? saurna tos rada mendingan??

 
At 11:20 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Ngiringan sedih. Unggal mios sareng wangsul ti padamelan, abdi teu weleh nutupan pangambung.

 
At 12:24 PM, Blogger Nia ngawaler ...

Sedih pisan, eta Bandung seeur runtah kitu nya


Kumaha ayeuna, tos mendingan berkurang kitu ???

 

Post a Comment

<< Ka Payun