WSAB: Kopdar WSAB Jawa Timur
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Saturday, May 27, 2006

Kopdar WSAB Jawa Timur

Awalna teh kapikiran asa sepi nya warga WSAB di Jawa Timur teh, apekteh teu lami ti harita aya pesen ka YM (bari jeung teu terang n teu kenal saha nu ngintunna) eusina “sapaan” ku abdi di waler “maaf ini siapa?” ari pek teh anjeuna nuju OL oge

Obrolan lancar ngalor ngidul, apekteh anjeuna linggih di Surabaya oge saurna mah nuju browsing basa mendakan WSAB teh atuh ti harita mah nguplek ngobrol ngalor ngidul akhirna sepakat bade kopdar tgl 30 Maret 2006 dinten Kemis (bari ngumpulkeun peserta sanes, maklum teu seueur ari anu tos lebet WSAB aya di Surabaya mah) eh muhun anu di ajak kopdar teh namina Medina tapi da asa pendak jeung baraya sanajan kitu oge ari kopdar mah tetep di ayakeun malah Medi bade ngajak wargi sareng rerencanganna sasami orang sunda.

Walhasil kopdar tiasa kalaksana ,ari acarana mah ngumpul sareng tuang siang di Bakul Nasi …..harita anu tiasa kempel lumayan kumplit, aya Medi sareng caroge, Rita sareng caroge , teu kakantun Uthi si cantik, teras Asti anu dongkap nyalira majar si mas teu cios ngiring margi bilih ngaraos asing di tengah sundanis, teu kalangkung nu nyerat oge ngaboyong putra sareng caroge, wah pokona seru……

Ari para istri mah ngan ngawangkong ku basa sunda, tapi ari para caroge mah margi aya nu Jawa (sigana trend nya ieu istri sunda suami Jawa hehehe). Janten nyarios teh bahasa indonesiaan (mangga lah……silahkan sajah)



Teu kakantun ieu tuangeun anu dipesen menu sundaan aya angeun haseum, gepuk goreng teu kakantun sambel sareng lalab, mangga ah baradeeee....


Salain eta aya menu Makassar iga bakar (cenah raosna ampir sami sareng asli Makassar, saur pun lanceuk mah)




Alhamdulillah kopdar teh lancar tapi teu acan lengkap margi Leili sareng kulawargina teu tiasa sumping margi Zaza, putrana nuju teu damang. Panginten sanes waktos nyaaa.



Kenca-Katuhu : Asti, Medina, Tantri, Ritha, Uthi (putra Ritha)

Mugi kempelan ieu tiasa manjangkeun tali silaturhami urang sadaya khusuna di Jawa Timur , umumna kanggo urang sadaya. Amien….

Tantri