WSAB: Perpisahan Plus Kopdar WIlayah Amerika
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, April 13, 2006

Perpisahan Plus Kopdar WIlayah Amerika


Rina, Lia, Juju, Teh Willa


Dongeng Juju

Kapingi 12 Maret 2006 nu kapengker ,abdi sareng kulawargi inisiatif ngayakeun acara perpisahan, "Farewel Party" tea panginten bahasa urang dieu mah,ieu acara teh kangge salah sahiji kulawargi anu tos dianggap rai nyalira, namina Wahyu, Honi sareng putrana Rifabyan.

Saleresna acara ieu teh inisiatif abdi, ibu Rina sareng ibu Tika, aranjeuna mah ( Wahyu sakulawargi ) teu apaleun abdi ngayakeun ieu acara teh, kunaon atuh abdi tiluan teh bet gaduh inisiatif kitu? muhun ieu teh kumargi aranjeuna katelah bageur sok tutulung kanu butuh, mantuan nu nembe ngalih ka Coonecticut. Pokona mah sae manah katut bageur!

Alhamdulillah anu sarumping teh meni seueur pisan, diantarana aya teh Wila anu tebih-tebih ge dijugjug, anggang diteang , bakat teuing ku cinta ka abdi, nuhun teh Wila, kitu deui nyi Lia, meni bungah hate teh , nuhun pisan meni asa gaduh dulur,

Ninggali antusiasna anu sarumping, nyempet-nyempetkeun sumping ,ngantunkeun rutinitas, ngajantenkeun sim kuring ngelenyepan , ngalenyepan harti melak budi, manjangkeun silaturahmi, hampang tanaga, kanu butuh komo deui, gening bakal malik langkung nyaraaheun kanu melakna. Hmm...pelajaran anu berharga pisan kangge urang sadayana oge nya....mugia kasaeanna tiasa nular ka urang sadayana "


Ditengah acara perpisahan ieu teh , aya nu ngabungahkeun hate pisan ,kasumpingan ku teh Willa sareng neng Lia...janten we sakantenan KopDar WSAB.... nuhun nya teh Willa sareng Neng Lia....


Dongeng ti teh Teh Willa :

Teh Willa nyempetkeun ka bumi Juju sareng Rina, angkat ti Salem teh tabuh 10 enjing-enjing da saurna perjalanan ka Connecticut teh 3 jam dugi ka bumi Juju. Sanaos 3 jam ge dijugjug we da bakatku hoyong tepang. Jauh dijugjug anggang diteang teh sanes mung paribasa wungkul.

Dongkap ka bumi Juju tabuh hiji siang. Tos seueur tamu nu seuseueurna mah teu karenal,mung Lia nu kenal teh, eh tapi aya nu ujug-ujug ngarangkul asa tos kenal lami pisan padahal mah tepang ge nembean......geningan neng Rina eta teh wargi urang sadaya di WSAB..hmm Alhamdulillah...,saleresna mah teteh teh diulem saurna aya acara perpisahan orang Indonesia anu bade mulih ka saterasna ka tanah air.

Katuangan mani luyuh-layah,aya sangu koneng,ah sagalarupi we bakat ku seueur teh Willa hilap,aya baso buatan Rina, sate hayam damelan Juju,es buah campur,rujak cuka...eeemmh mani asa nuju kempelan di Indonesia.

Tabuh tujuh wengi, Teh Willa mah pamitan wangsul margi tebih perjalanan teh pan tilu jam,sakantenan ngajajapkeun heula Lia ka Amherst sareng Rai putrana.

Eeh nembe ge jalan satengah jam ban teh kakuping gugurudugan kempes,atuh liren di sisi jalan mana poek mongkleng..tos dikumaha-kumahakeun ge angger we teu tiasa dikumaha-kumahakeun,dugi ka satengah jam langkung...nyerah?

Eeh pok teh saur Lia ,

" teh telepon we kang Atis carogena Teh Juju pan ahli mesin"

aaah isin-isin oge teh Willa teh nelepon kang
Atis nyuhunkeun bantosan...teu lami Kang Atis dkk sumping. Eh ku ahlina mah sakali ge ban teh tiasa digentos,nya tabuh salapan wengi teh nembe rengse,nya abdi sareng
rombongan neraskeun perjalanan ka Amherst, dugi ka bumi neng Lia teh tabuh sawelas wengi diterasekeun ka rorompok , alhamdulilah tabuh 1:30 abdi sareng caroge dugi ka Salem.

Sanaos carape ge tapi hate teh meni bungah pisan teh , leres pisan, WSAB teh manjangkeun tali duduluran ...teu ukur basa..hatur nuhun ka Lia, Rina sareng Juju ....mugia urang sadayana tiasa patepang deui...

Labels: