WSAB: Manfaat ngiringan mailing-list (milist)
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, April 24, 2006

Manfaat ngiringan mailing-list (milist)

Dikawitan tina kreteg manah nu hoyong apal sagala hal ngeunaan kakandungna, abdi ulubiung dina hiji mailing list (milist) Ibu dan Anak. Alhamdulillah tidinya seueur pisan elmu kanggo bekel ngalahirkeun.

Sabada ngalahirkeun, kenging inpo ti rerencangan, abdi ngiringan deui hiji milist kasehatan. Dina milis ieu abdi kenging seueur pisan elmu sareng inpormasi kasehatan. Ngeunaan kumaha nganggo obat nu leres jeung rasional, jenis treatment (naon tah sundana?) nu kumaha nu pas kanggo putra urang mun dina kaayaan udur. Alhamdulillah, salami ieu pami Zaza (pun anak) udur teh elmu tina milist ieu nu ku abdi diterapkeun.

Tidinya, abdi wawuh sareng dunya blog nu ahirna jadi deudeuieun sareng malah ngiringan ngadambel blog. Tina blog ieu apal deui istilah blogwalking. Hampir unggal dinten, di kantor pasti teu hilap blogwalking hehe da gratis tea. Akhirna kenalan sareng blog nyi Kaisar
Akhirnya kenalan sama blog nyi kaisar (www.safirasalsabila.blogdrive.com) hehehe " Punten ah ica" teras lajeng cetting ahirna rekomendasi ti ica, abdi kenal sareng ngiring ulubiung dina milis WSAB kadeudeuh ieu teh. Mugi-mugi ku gabungna ka WSAB ieu basa sunda abdi nu tadina mung sakedik teh tiasa nambih seueur, sareng deui nu langkung penting abdi oge janten tiasa nambih baraya sareng rerencangan, sanaos mung di dunya maya.

-leili-
www.keluargabaguskw.blogspot.com