WSAB: Haus
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, April 03, 2006

Haus


Ieu teh carita pun biang waktos nuju alit. Harita poe teh meni panas moncerang. Matahari meni caang bengras. Kesang jeng haus teu kira-kira.

Kaayaan hirup nu sederhana, teu gaduh artos kanggo jajan, teu tiasa jajan ka tukang es nu tos ngajalajar sareng ngaantosan barudak anu bubaran sakola.

Sakola bubar, gancang beberes buku. Lempang ge meni gancang, kulantaran teu kiat hoyong eueut di bumi. Babaturan ngageroan ge teu diwaro.

Dongkap ka bumi, meni sarepi. Ningali di meja aya gelas, jaman baheula mah gelas teh geuning meni kandel siga kaca nako, bagean handapna katingali baseuh ku sirop beureum, luak lieuk teu aya sasaha. Langsung eta gelas, di lamotan heula handapna.

Salamot dua lamot ngagorowok :
Paittttttttttttttt naha ieu sirop teh pait
.

Jol, ema ti dapur, reuwas teu kira-kira aya naon. Buru-buru ditingali.
Apekteh..Obat beureum bahe!

Moral carita :
- kanggo ibu2 anu gaduh putra alit, kedah ati2 nyimpen obat-obatan tong
nu tiasa kahontal ku barudak
-upami haus pisan tong hilap luak lieuk heula ka sekitar gelas, pun biang teu ningali yen di sebelah gelas teh aya obat beureum tiguling hihihi.


-Echie-
http://www.keluargaabahambu.blogspot.com/

1 Waleran:

At 8:35 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hehehe.. karunya teuing nu nuju haus kabita es krim teh :)

ai dikinten teh beureum cat dan geuning pun biang mah bujur gelas teh sok di cat beureum, ngarah teu patukeur seng nu tatanggi cenaah :)

 

<< Ka Payun