WSAB: Kopdar Bandung
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, February 20, 2006

Kopdar Bandung

Alim eleh sareng WSAB anu di Jakarta, WSAB Bandung oge ngayakeun Kopdar.

Asalna Irma, si ratu kopdar hihihi, wakil WSAB Jakarta, tapi tiasa oge mengkol ka Bandung da bade mudik ka Bandung, teras nelepon ka abdi. Jadi weh kopdardak alias kopdar dadakan. Teras weh kirim email ondangan dikirim ka milis.


ehmmmm.....
ibu2 bandung, atawa nu nuju di bdg
biasa nih dadakan tadi dpt sms ti irma, irma otw ka bdg trus kaidean kopdardak
:D. kumaha klo enjing sonten urang pependak di Kafe Halaman (jl Tamansari-pengkolan
siliwangi) tabuh 16 ?
Dinny, Ika, Yanti saha deui nu diBdg ?
Kabar2 yaah blh sms ka sy atawa ka irma
diantos pisan yaah



Saatosna kontak, nu tos nyanggeman : Yanti, Dinny, Ika, Molly sareng Irma.

Kafe Halaman teu janten da di teras teh sieun hujan, bisi kageulisanna luntur hihihi. Janten ngalih ka Kapulaga nu di Dago.

Ika tos pangpayuna sumping, apekteh eta Kapulaga ge tos tutup. Euleuh euleuh....Akhirna
ngalih we ka Potluck. Teras sumping hiji hiji nu sanesna.

Lain WSAB mun teu seuseurian sareng gandeng surandeng. Hihihi...Teras weh barakatak sadayana.


Aya nu ratu chatting? saha tah?
Aya nu nuju ngandeg, emam wae saha tah?
Aya nu langsing, siga gadis saha tah?
Aya nu kalem saha tah? hihihi
Aya nu nu kualat moyok tetehnya yg dpt orang jawa tauna soranganana dpt orang jawa
Aya oge nu pas ke palembang bebelaan emam 1 minggu di r.m sunda da teu cocok ma makanan palembang, eh tauna naha jodohna orang palembang, saha tahhh?


Sok ngaracuuunggg tah!. Ah resep pokona mah, asa tos kenal lami. Pokona nyangredkeun tali duduluran teh karaos pisan. Kopdar teu rame tanpa mejeng heula atuh ah...Tuhh gareulis nya??? swit wiwwww...


Kenca-Katuhu : Ika, Irma, Molly, Trixie (WSAB alit), Dinny sareng Yanti



Molly

7 Waleran:

At 11:35 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Kopdardak Bandung taya kodasari-an? heuheuh pedah gudangna meureunnya jadi bosen.

 
At 4:46 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

heuheu teh lia ,biasa ari aya mah abing aya jd teu hoyong , hoyong sot teh ari mun teu aya heuheu

leuh meni resep nya..iraha atuh nya Kopdar ranting Jepang heuheu sigana mah ngan ukur abdi seng kaisar we heuheu

 
At 6:36 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Ratu Kopdar Teh Molly sareng Irma ... teu kaur aya kopdar pastiiiii weh eta anu duaan aya ... resep pisan, meni araktip.

Hoyong deui abi ge, pantesan ratu kopdar kacanduan da memang meni resep kopdar teh ... seuseurian, ngobrol ngaler-ngidul pokokna mah matak deudeuieun weh.

Kacipta resepna upami kopdar sadayana wargi WSAB, wah ... moal cukup waktos sadinten jigana ... 7 hari 7 malam tah ... masih keneh eu acan wareg sigana mah.

 
At 5:49 AM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

meni ngadadak pisan kopdar teh hik hik...sedih dehhhhhhhhh gak ikutan...

 
At 5:00 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

duh... ari kieu teh sok janten hoyong janten "wanita" tiasa ngempel sareng urang sunda deui hehehe... wios ah sim kuring mah janten raja kopdarna weh

 
At 2:04 PM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Hihihi Molly sareng Irma kasebat Bunglon, da kopdar Jakarta heboh, kopdar bandung hayuuu.
Eh saya ge da pami Jerman Bandung Jakarta teh caket (jeung pangpangna mah teu beurat di ongkos kitu :D)) tangtos da Abdi ge janten Bunglon oge hehehe
Kopdar teh menuna naon wae atuh? :P

 
At 7:11 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

saya teh nu kalem atanapi si ratu chatting nya? :D:D

 

Post a Comment

<< Ka Payun