WSAB: Kaulinan Budak
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, February 13, 2006

Kaulinan Budak

Nineung ka jaman budak, nineung kana suka seuri nu tara kendat, nineung kabebasan hate jeung pikiran...endah jaman budak ilang ku jaman, tapi moal ilang na ingetan. Ahhh...

Salah sahiji nu matak nineung nyeta rupa kaulinan nu kajamanan ku sim kuring di sisi lembur Pameungpeuk Garut, yu urang pedar, itung-itung ngubaran kasono sareng nuliskeun tapak geusan turunkeuneun ka barudak... heuheuh sugan...

Seueur rupana kaulinan nu sok dilakonan ku sim kuring jeung babaturan. Tapi samemeh ngamimitian kaulinan eta, sok dimimitian heula ku nu disebut Cingciripit , keur nangtukeun saha nu jadi ucing.

Cingciripit nyaeta; unggal budak nu rek miluan kaulinan teh kudu ngantelkeun curukna kana tapak leungeun budak sejen nu geus ditunjuk, bari sarerea nembang;

cingciripit tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare raranggeuyan
kacapit ucing...

Dina kecap ucing, aturanna curuk2 kudu ngejat, sing saha nu katewak ku tapak leungeun tadi, bakal jadi ucing.

Tah ieu rupa kaulinan na

1. Babancakan atawa ucing sumput

Ucing kudu cicing dina hiji tanda nu geus ditangtukeun bari meungpeung ngitung nepi ka 10. Nu sejen lalumpatan nyumput. Si ucing kudu neangan pamaen lain bari ngajagaan tanda ulah nepi ka ditijek ku nu sejen. Lamun nu nyumput kapanggih ucing bakal nyebut Hong . Lamun pamaen lain nijek tanda, ngabongohan si ucing, kudu nyebut bancak.

2. Sorodot gaplok

Alat; kenteng laleutik jeung Bal Kasti (biasana palastik digulung2 terus ditalian)

Kenteng sababaraha siki disusun kaluhur, terus dibaledog ku bal kasti, waktu kenteng acak-acakan, pamaen lalumpatan ngajauhan, sedengkeun si ucing nyusun deui eta kenteng. Tah saterusna si Ucing ngupayakeun maledog pamaen lain ku bal kasti lamun keuna, pamaen tadi teu bisa maen deui. Si Ucing kudu maledogkeun deui balna ka pamaen2 sejen nepi ka beresna, bari ngajagaan si kenteng ulah nepi ka acak-acakan deui. Tah pamaen sejen bisa ngabongohan si ucing najong eta kenteng nepi ka acak-acakan deui, nu hartina si ucing bakal terus jadi ucing nu disebut dikere.

3. Engkle

Nyieun gambar husus dina taneuh mangrupa dua jajar pasagi opat atawa nu bentukna iimahan, aya nu disebut gunung, dimana dieta tempat pameun bisa ninceukeun dua sukuna. Di tempat lain mah acleng2an ku hiji suku (hopscotch mun basa inggris mah, mun dina basa indonesia naon nya?)
Engkle ieu, pamaenna dibagi 2 grup. Maenna dimimitian ku nunda kenteng dina tempat nu mimiti diliwatan (duh naon nya istilahna? hilap deui tuluuuungggg), tah terus tempat eta diajlengan.

4. Cacaburange

Nu jadi ucing, kudu tapak deku (sujud) tonggongna dipake tempat ku pamaen sejen keur ngalaksanakeun kaulinanna. Carana, batu leutik dikurilingkeun bari nembang, laguna kieu

caca burange burange tali gobang,
gobang pancarange anak gajah tulalean
Jing gojing lewe lewe
jing gojing lewe lewe


Tah pas dina kecap lewe lewe batu geus aya dina keupeulan salah sahiji pamaen. Si ucing kudu neguh dimana ayana eta batu. Lamun kateguh berarti nu nyepeng batu jadi ucing, lamun teu kateguh si ucing tetep jadi ucing.

5. Pangpring

Pamaen ngajajar bari nangunjar. Terus ngalagu, bari masing2 suku pamaen ditepakan giliran. Ieu tembangna;

Pangpring pangpring sabulu bulu gading
gadingna semu peurah tikukur diadu
semplak gadona dikurungan ku si kica
si kica gede hutangna
dugel mintel hiji...


Suku nu katepak pas dina kecap mintel hiji, kudu mintel...terus kitu nepi ka kabeh suku nu ditepakan mintel...

Eta diantarana kaulinan sim kuring jaman budak...teu kakumpulkeun sadayana dina implengan teh ning. Nuhun saupami saderek tiasa nambihan. Biasana masing2 daerah di taneuh sunda ngabogaan rupa kaulinan nu mirip, ngan sesebutan jeung tembangna nu beda.

Hapunten *abdi nganggo kecap basa loma sanes jenis basa lemes (sono atuh da hihi)

*Lia, nu pernah jadi mojang leutik di sisi basisir laut kidul :)*

15 Waleran:

At 6:27 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

horeeey kahiji..punten ah t Ophi kapayunan heuheu...

eh muhun teh Lia sono nya maen nu kitu, meni asa nineung ...baheula mah aya sonlah,sorodotgaplok( ari rerencangan abdi mah plesetanna kieu , urang nu nyorodot maneh nu di gaplok, ih meni sadis nya) tras ucing sumput, boy2an, galah tp ringprang mah teu aya di Ica mah ...komo td rada reuwas pas maca heuheu sugan teh si ICA nu gede hutang teh ari sing horeng si KICA heuheu...
tras anu lagu cingciripit di ica mah kieu ...
cingciripit tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare seuseukeutna
jol padalang mawa wayang jekjeknrong..

heheh beda2 panginten nya teh tiap daerah teh laguna tp permaennana sami ...

punten ah panjang heuheu..pissss

 
At 10:07 PM, Blogger Inayah ngawaler ...

Janten emut nuju murangkalih, padamelan teh ameeeng wae ti enjing nugi ka hampir magrib.
Dan kapungkur mah teu acan seueur acara tipi, jadi amengan di buruan teh hiburan nu teu aya duana...teu kos jaman ayeuna nya?
Rata-rata nami amenganamah sami, nganaya kata-kata nu di Bogor mah rada benten..tapi tetep wae sami, nganggo bahasa sunda...:)

 
At 11:51 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

ai galah asin sanes ti sunda nya?

inget na teh eta..tapi asa maen na teh basa di banjarmasin hihihi

 
At 2:14 PM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Ari bebentengan ti mananya? Sunda ogelahnya *maksa.com* Pan abi sok resep ameng bebentengan sareng Galah Asin, sareng Boy Boy-an basa SD teh.
Hmmm nineung nya...
Irsyad can tangtu tah ngalaman Boy Boyan sagala :P

 
At 12:03 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Ica ... meni persis versi nu tulang bajing na sami tapi salah dangu meureun keur budak teh nya ari abdi mah dingdingkipik [nu kabayang kiripik sampeu]heu heu ...

Pami engkle mah, abdi nyebatna sondlah, aya sondlah kapal, sondlah eser, sondlah bilik, sondlah naon deui nya ...

Nuhun nya inspirasi na, abdi janten bade ngajarkeun ka Lara. Asik bernostalgia ah ...

Ina ... ajakan Nurul sareng Hamamah yuk urang sondlah sareng Lara.

 
At 11:22 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

di Abdi yeuh:
susumputan: nu jaga surang, nu lain nyumput

ucing2an: nu ngudag saurang noel nu di udag, terus pindah kanu katoel

bebentengan: satua teh inta, di abi ge aya

dadaluan: atawa gobak sodor, nu kumaha tah? eheheh

engklek2an: eta nu make suku sabeulah mawa talawengkar, engkle nya... Afi mah namina sondlah?

sasawahan: congklakan tea

naon deu nya? ke ah ngalamunkeun heula jaman baheula heuehue...

 
At 11:33 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Wah, maos blog ieu, abdi janten sono ka pun rorompok, yeuh.. Meuni sae geuning blog ieu teh.
Abdi teh asli mojang Priangan, tos dua kali diondang ka WSAB ku neng Nurul sareng neng Patsy. Saparantos maosan posting2 anu hararebring, abdi teh hoyong janten wargi WSAB, tiasa?

 
At 11:43 AM, Blogger Wanita Sunda Antar Benua ngawaler ...

-->neng Mer:

Mangga haturan pisan.. tiasa.. tiasa...

Carana mangga tingali di: bewara keur warga
Di antos pisan nya....

 
At 5:44 PM, Blogger Eva Priyani ngawaler ...

Nambihan....nambihan....
Basa jaman SD mah salian ti maen engklek2-an, boy-boyan sareng nu lainna, abdi mah sok maen eta geuning sempringan nyaeta ngaluncatan karet geulang nu diuntuy jadi panjang tambah lami tambah kaluhur

Duh...janten sono nya....

 
At 6:08 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Luncat tinggi ... sapintrong, trus sonlah ... eta karesep abi keur alitt ... ayeuna mah asa teua aya barudak teh anu amengan siga kitu nya.

Muhun teh eva ... janten sono hoyong alit deui, hoyong ngasaan deui tah resep ameng jiga kapungkur.

 
At 7:33 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

haha bener teh inta, boy-boyan.. haduhh sono euy, jaman di jalan merdeka tahh !:D

eh lia, beda versi yeuh prangpringprung na. hihi.. mun irma mah dulu di daerah bandung utara teh kieu yeuh (nu di bandung sami panginten nya?) :

prang pring prung saunda-unda perang, perang dipangadegan, surunde puyuh hayam jago babadanten, dikentreng-kentreng kucubung, kuruwak dugel mintell...

hihi kitu tahh! :D

*sono hoyong sonlah sreng simseu yuehh! hihiihi :P

 
At 4:14 AM, Blogger vi3 ngawaler ...

kalo bola bekel? duh masa kecil vi3 di Jawa sih jadinya tanya bekel..

 
At 7:33 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

tah itu nambah deui: simseu jeung sempringan...

vi.. di abdi ge aya bola bekel teh, namina: beklesan

bola na teh sok ngadamel tina karet geulang dibuleud2 dugika ageung.

 
At 6:10 PM, Blogger Merlyna ngawaler ...

di dayeuh mah bekel teh disebatnya beklen..
maenna teh nganggo kewuk...

 
At 6:12 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hapunten lah ngiring ulubiung sareng eteh-eteh, simkuring bade nambihan deui kaulinan barudak, pami di majalengka mah aya anu di sebat paciwit-ciwit lutung, teras encrak, gatrik oge aya, teras aya deui bebetean anu sapertos susulumputan ngan sok di maenkeun wengi,

 

Post a Comment

<< Ka Payun