WSAB: Otokritik
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, January 09, 2006

Otokritik

Hapunten ka neng Afi, kedahna ieu postingan midang lebaran kamari, janten lebaran idul adha, teu nanon nya hehehe...


Lebaran di luar nagri tangtos moal jiga lebaran di lembur sorangan. Sok seueur hal-hal anu pikanineungen nu teu tiasa dialaman ku urang lantaran di nagara si bule mah teu aya tradisi lebaran jiga di urang. Ngadangu takbiran wae meni hese, mun teu diusahakeun mah, komo dulag mah dimana teuing aya dulag.

Lebaran taun ayeuna di dieu, di suburb simkuring nu disebut St. Lucia (Brisbane, Australia) diayakeun ku Muslim Student Association nu anggotana nyaeta bangsa-bangsa ti Arab, Indonesia, malaysia, Brunei sareng sebagian orang-orang India+Pakistan.

Kumargi taun ayeuna lebaran na aya dua versi (Kemis atawa Juma'ah), nya urang Islam nu mayoritas asia langkung milih dinten Juma'ah, duka kumaha tah prosesna, abdi mah ngiringan wae.

Nu janten perhatosan abdi nyaeta, naha ngan di dieu hungkul kitu urang Islam teu tiasa ngahiji, sangkilang urang gaduh kulit sawarna, bahasa ampir sami, agama kitu deui, tapi naha nya? Jadi urang Malaysia, ngarariung jeung maranehna, urang Brunei kitu deui, komo urang Indonesia terkenal kamamana kudu bareng jeung dulurna, kurang wani mun rek sosoranganan teh. Tiasa disimpulkeun jiga kitu lantaran aya sababaraha urang Indonesia nu nyobian ancrub (mingle) kana obrolan urang-urang nagara tatangga. Singhoreng gening diajak ngobrol ku urang-urang ge gening respon ti maranehna teh tiis - tiis wae, katingalina teu aya niat hoyong nyambungkeun duduluran. Duka kunaon nya? Jadi timbul patarosan naha budaya urang teh bet kitu? Kadang-kadang sok anehnya mun pa amprok beungeut oge (sareng sasama urang asia), boro-boro nanya, seuri ge teu niat jiga na teh. Tapi mun urang pa amprok jeung bule, pasti mun aya kotak mata si bule teh seuri atawa nanya "Hi how a yah?", atawa mun di dieu mah khas na "Hi, Gday mate?" cenah. Sanes urang Asia teh dikenal ku karamah tamahanana, ku budaya katimuranana? Kumaha rerencangan wsab nu aya di saluruh dunya? Naha gaduh pangalaman nu sarupi?


Ngumpulkeun pangalaman-pangalaman nu kapungkur salami abdi ngumbara di nagara batur, diperhatikeun, disidik-sidik geuning bangsa urang teh salah sahiji tina unsur budaya na aya dina kamunduran contona dina soal interaksi sareng jalma (teu wawuh, utami na). Tapi tangtos wae seueur budaya-budaya urang ge nu sae nu pernah disebutkeun di posting-posting sateuacanna. Abdi ngabandingkeun hal-hal sepele nu teu kahaja kalaman ku nyalira dina raraga otokritik ka simkuring pribados. (Pencet tabel kanggo langkung jentre)

Mangga, rerencangan wsab sadaya, panginten tiasa diteraskeun pangalaman-pangalaman urang sadaya ngeunaan ieu perkara sareng urang emutan naon wae kakirangan urang salaku jalma nu ngagaduhan budaya supados kapayun urang tiasa gaduh generasi nu langkung sae tur ngartos kana adab, nu teu ngisinkeun pami diajak ngumbara ka nagara batur. Mudah-mudahan ngamanfaatkeun.

-Afi-

7 Waleran:

At 12:23 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

sarua Fi, abdi ge ngarasakeun nu sami. Naha ceunah urang teh ramah tapina teu aya sopan2na teu siga bule. Pangalaman abdi nuju di Prancis, aya bule katincak ku urang, manehna nu nyebat *pardon* (i'm sorry).

ayeuna mah urang membiasakan diri weh jiga bule se-sopan mungkin, ka pun anak oge, kudu wae nganggo *magic words* sapertos please, thank you, etc. Da pun anak pan nyontoan urang, urangna kudu berubah oge ;)

intan

 
At 4:36 PM, Blogger Ica Dimyati ngawaler ...

teh Afi, ICa ge didieu meni sedih teh basa ka Tokyo liburan kamari di jalan teh gog deui gog deui jeung orang INA, ih da ku urang di seurian ge boro2 ngawales,.gubrag dot kom jd ica nu isin sura seuri sorangan,tah pami di daerah ica mah pami pendak sareng org INA mah sok seuri malah naros asa seng dulur sorangan,

Tp aya nu lucu deui basa pun lanceuk ngaperpanjang Visa mendak org INA bapak2 gaya di dasi ari pun lanceuk gumbal gembel hihi ala Mahasiwa tea tras ditaros
"bapak org INA ya pak..?" bari sumanget naros pendak seng dulur salembur
pek na teh naon jawabna?
" HMMM...." bari teu malik2 acan
haha gubrag dot kom Ica nu seuseurian ..ngaheureuyan k pun lanceuk matakan tong gumbal gembel , didasi di jas jadi eu disepelekeun hihihi....ieu mah nyanyandak anduk alit da pas musim panas tea hihi

 
At 4:01 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Ieu pangalaman pribados.
* Di Jerman ningali nu hamil bade naik kareta atanapi lebet lift, sok dipiwarang tipayun, dipaparin jalan. Di Indo--------- teu paduli, cuek beibih nu penting urang ti heula.
* Pami bede nganggo lift, nu b ade lebet tangtos ngantosan nu kaluar beres heula, nembe lebet.---------- di Indo, nu rek lebet, bet we asup teu paduli kanu rek kaluar, kaburu pinuh we liftna, nu rek kaluar hese teu dipaparin jalan.
* Ningali aya ibu hamil atanapi nu mawa budak, teras aya nu ngaroko, can ge ditegor, urang ngan ngibas ngibaskeun panangan we ngusir haseup, buru buru dipareuman, bari nyebut Sorry.(mun urang lebet ka tempat smooking area terus urang menta batur mareuman rokok, nya pasti urang dicarekan ku saruangan, bongan asup ka tempat khususon ngaroko :)) --------- Di Indo yeuh,,,,dina beus atawa angkot teras aya nu ngaroko, ku urang ditegor, kalahkah ngajawabna kieu "bu kalau pengen bebas asap rokok naik mobil sendiri aja bu, jangan naik angkutan umum" HAiiiiiikkkkkkk hayang nalapung :-(((

 
At 12:13 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Sami Fi... cicing di nagri batur, ngalaman dikitukeun kunu sanagara teh karaos nyeri hatena nya hhahahaha... meni nyeri hate...

Nanging janten ngemutan, matak kitu ge ku kabiasaan meureun nya? mugi2 urang mah henteu dibiasakeun nu awon2na.

Panuju seng Intan, nyarios punten, hatur nuhun, atanapi seuri waktos nyungkeun tulung teh (da nyungkeun tulung, sanes nitah nya), kedah diajarkeun tisaprak budak alit keneh.

Ngajarkeunna teh ku conto, janten urang ge salaku kolotna ngiringan di ajar.

 
At 7:06 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

euleuhhh ... kutan kitu nya di luar negri teh??? ari sugan atoh weh pami pendak sareng batur anu salembur teh ... asa pendak jeung dulur.

 
At 3:08 PM, Blogger mamahAL ngawaler ...

Enya puguh ge hirup di Luar teh rada kitunya,abdi ge pernah di kitukeun.Caritana abdi teh kan ti kampung(CT) teras ka NY ka toko NU sadia sagala rupi produk indonesia,asa atoh mun kapendak orang indonesia teh tos pasang muka manis tea dengan senyum mautnya hi hi,eh jalmi nu di senyuman teh malah nyarios kieu,Ayo kita belanjanya ntar aja ada orang Indo(gubraks pisan eta mah).Sedih pisan maklum abdi mah ti kampung tea.

 
At 7:54 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Alah naha kitu nya? sueur oge eta pangalaman teh, oge baca nu Mamahal meuni tengteuingeun eta nyarios kitu

abi mah basa ka volendam, aya ibu2 dan bapak2 sigana mah pejabat kitu nya da gaya (hihihi), abi duaan sareng MB teh gaya gembel tea, da abi teh ngadangu eta nyarios indonesia, jadi sumangeth ngadekeutan bari senyum, apekteh leos...ihikss, ceuk MB teh, tuh saya bilang juga jangan, da di sini mah banyak orang Indonesia, biasa..kamu kaya baru nemu aja..

Aduhhh hihihi kasian deh gue...

 

Post a Comment

<< Ka Payun