WSAB: Ngadangu nyarios mama...
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, January 16, 2006

Ngadangu nyarios mama...



Putra Abdi, Dzaki, atos bade dua taun, tapi teu acan tiasa nyarios. Saurna aya keterlambatan perkembangan saraf bicarana. Janten upami komunikasi, osok nganggo bahasana nyalira. Abdi sareng pun lanceuk mutuskeun, Dzaki bade di candak ka klinik terapi wicara supados ditangani serius.

Wargi-wargi aya oge nu maparin saran nu aneh-aneh misalna ngerok letahna nganggo emas, tabuh 12 siang dinten Jumat, emam letah manuk murai, ka jalma pinter (saha nya professoor?:D). Aya oge nu nyingisieunan Dzaki engke sesah lebet ka sakola da sakola paporit, alim narima murid anu sesah komunikasi.

Tapi abdi sareng pun lanceuk, bismillah weh lah, insha Allah terapi ieu cara anu cocok. Janten abdi nyandak Dzaki ka klinik Pela, klinik tumbuh kembang anak di Radio Dalam, rekomendasi ti RS Harapan Kita. Aya dokter sareng psikologna oge, Dzaki dites teras disarankeun ngiring Okupasi Terapi sareng Terapi Wicara 2x saminggu.
Sebenerna rada awis oge kanggo ukuran abdi mah biayana teh, tapi nu penting mah pun anak tiasa ditangani kalayan terarah sareng tuntas. Impenan teh Dzaki tiasa ngobrol sareng abdi oge pun lanceuk salaku sepuhna.

Rutin weh Dzaki diterapi, aya terapi kanggo ngalatih konsentrasi sareng ngajarkeun konsep barang, kelir jeung sasatoan. Teras terapi wicara sareng terapis nu benten. Awalna Dzaki resep anu seueur amengna tapi upami anu terapi wicara, rada rewel soalna Dzakina keuheul, lambeyna dicepeng-cepeng. Karunya ningalina osok nangis, tapi abdi kuatkeun weh, abdi teu ngiring aya di dinya meh manehna teu hoyong lumpat wae ka abdi.
Salah sahiji wejangan ti para terapis, nyaeta budak anu mengalami keterlambatan bicara, teu kenging ameng nyalira, kedah teras diajak ngobrol ku bapa ibuna.
Tos sakitar 2 bulan di terapi, Dzaki mulai tiasa konsentrasi, jeung deui meni sumanget bade terapi teh. Mamana osok dicuekin upami tos pendak sareng terapisna. Dzaki mulai tiasa nyarios

apa?,siapa?, ma..!, mbak..!, mam, gak!,




Ayeuna Dzaki tos tiasa nunjuk kepala, mata, hidung, gigi, perut, pipi, kaki dan tangan. Kadang2 tiasa oge dipiwarang nyandak sapatu atanapi buku (ieu mah bapa ibuna males nya? :D)

Teras nyarios jelas Mama, Papa, Kakak, Susu, Jatoh, kaki, mam, mimi, buka, dadah

Meuni asa bagja sareng plong hate ningalina, saur para terapis diditu, urang teu tiasa ngarepkeun perkembanganna kilat pisan, rata-rata barudak didinya anu gaduh masalah sami, telat perkembangan syaraf bicaranya, peryogi waktos dugi ka 2 tahun terapi nembe tiasa lancar nyariosna.

Tapi, Alhamdulillah, perkembangan Dzaki katingali pisan, terapisna sarae sarta tos pangalaman. Waktos nganterkeun Dzaki terapi, seueur oge barudak anu gaduh kakurangan siga Down Sindrom, Autis, ADD, jste (jeung sajabana ti eta). Janten emut sareng syukuran ka Gusti Allah kana sagala rijkina kanggo abdi sakulawarga. Sering abdi sedih ningali barudak eta , tapi ningali aranjeuna ameng, seuseurian, meuni katingali bungahna teh, dan Insha Allah sagala ge aya hikmahna nya.

Sakitu Carita abdi, mudah-mudahan aya hikmahna kanggo para wargi WSAB.

Ari Mila-Jakarta
-diterjemahkan admins-

8 Waleran:

At 10:21 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Teh Ari ... alhamdullilah atuh nya, ayeuna Dzaki atos tiasa nyarios, mudah-mudahan sing enggal lancar norowelang siga putra abi.
Dugika capek nembalan upami atos aya taroskeuneun teh ...

BTW ... asiiiiikkkkk kahijiiiii

 
At 9:34 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Alhamdulilah, ngiring bingah kana perkembangan bicarana Dzaki. Mugi2 tambih lancar cas cis cus na.

 
At 2:30 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Alhamdulillah Teh Ari, Dzaki seueur kamajengan nya, mugia sing enggal damang pisan geura tiasa curhat kahoyong hehe ibuna we siap2 nyayogianana.

 
At 8:14 AM, Blogger Nia ngawaler ...

Ri, ngiringan bungah perkembangan Dzaki tos seur hasil na ...., abdi oge nuju alit, umur 4 thn, masih teu tiasa nyarios ceunah, saur pun Bapak ...

 
At 8:21 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Aduuuh .... ngiring bingah.. teras reueus ka perjuangan ari seng ramana-dzaki, kabayang hariwangna nya...

teras ayeuna kabayang bingah na hehehe...

 
At 11:16 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

enyaaa ngiring bingahhhhh...

ari teh sobat abi sma lhoooo
hehehehehe walau cuma 6 bulan yah riiii

salam buat dzaki yahhhh

 
At 5:26 AM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

ari..
ngiring bingahnyaaa...
ke mun dzaki tos tiasa cerewed sapertos abang Zidan, ulah heran nyaaa.. ;)

 
At 3:32 PM, Blogger Bunda ngawaler ...

Ngiring bingah...sing lancar saterasna.

 

Post a Comment

<< Ka Payun