WSAB: Kopdar WSAB Amerika Wetan
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Sunday, January 22, 2006

Kopdar WSAB Amerika Wetan

Dikawitan kenal di milis WSAB, dilajeungkeun kana chatting di YM, nelepon, akrob, akhirna kaluar kecap "urang sili anjangan yu?". Lia, Rina, Juju, pituin urang sunda nu ku sabab jalan hirup ngumbara di Amerika nuturkeun bujur salaki. Nu 3-an teh tumetep di pelebah wetan-na Amerika. Mung Benten nagara bagian, tapi sanaos kitu, ku alatan hoyongna tepang, dilakonan Bae, mung 1,5 jam nganggo mobil, pami kana beus mah 4 jam, kareta 3,5 jam hehe.

Margi abdi (Lia di Amherst, Massachusetts) teu kagungan kandaraan nyalira, ku kahadean neng Rina, anjeuna nyangeuman nganjang ti payun ka rorompok. Harita ping 29 Desember 2005 dinten kemis. Ngawitan paamprok raray ge meni asa parantos lamiiii pisan kenal...Alhamdulillah, sawengi di rorompok, teu disuguhan nu sae mung aya Lemper, pais lauk nu rada aneh teh *aneh da pami taya tamu mah langki ngadambel nu kitu teh hehe*.

Enjingna dilajeungkeun perjalanan ka West Haven Connecticut, padumukan T'Rina seng T'Juju. Langsung ka bumina T'Juju, harita tos disayogikeun Sate lontong tambih oporna...mhhh, nikmat pisan balakecrakan ngariung, barudak baceo alakrab sanajan aya 3 basa, basa sunda, indonesia jeung basa Amerika hehe. Alhamdulillah. Ti 3 kulawarga teh barudak aya 6. Abdi gaduh 2 budak pameget Rai-Raka, T'Rina hiji budak pameget Al Drika, T'Juju cikalna Istri, Fira. Ka-2 ka-3 Ibe sareng Rafi.


Wengi munggaran di West Haven, abdi sakulawarga, ngawengi di Bumina T'Juju. Nonton TV sasarengan, mondok payuneun TV sarera, ngunjal kasur ngabarak...Ya Alloh hawa lembur dibekel kadieu. Teu asa batur, teu asa deungeun, asa dulur teh enyaan. Alhamdulillah.



Ibuna ngalobrol. Barudak? aya nu ngasuh tuh!

Ku nikmat jadi semah, sagala disayogikeun jeung dipupujuhkeun, enyaan ngahesekaun nu boga imah teh heuheu...diajak ka sisi basisir laut Amerika euy...*ieu baladna Ratu Kidul ningali laut amerika, meni jigrah hehe sim uing tah*


Nu nyengir di Sisi Basisir

Wengi kadua kaleresan Wengi Taun Baru 2006, abdi sakulawarga giliran ngendong di T'Rina, Aya Baso, Aya combro, bolu kukus, aya tahu goreng, hayam goreng surundeng...jeung sajabana ti eta. T'Juju sakulawargi sumping oge katambih kulawarga indonesa lianna. Nonton TV, ngobrol bari ngaleueut dugi ka ditiupna tarompet tawis taun 2006 nyumpingan....aya du'a, harepan jeung kabagjaan ku riung mungpulung sarerea ngangreudkeun tali duduluran. Hidup WSAB....:)




Dinten Minggon, abdi wangsul deui ka Amherst tadina bade naek beus tapi T'Juju sareng K'Atis (Carogena) hoyong ngajajapkeun nya alhamdulillah dijajap dugi ka rorompok. Mobil anjeuna nu kedahna kanggo 7 jalmi teh janten dianggo 9. Abdi ngalahun Rai, T'Juju ngalahun Rafi. Asa Ka ciamis naek elf hehe tah kasono lian kalandongan deui.

Kopdar danget Ieu 4 Dinten 3 Wengi. Kanggo urang lembur panginten teu aneh aya Combro, aya Sate jeung Baso...didieu mah nu kitu teh dipikasono. Harita mangrupa-rupa kanineung abdi ka lembur kalandongan. Aya nyi dulur, tiasa curhat jeung diupahan, dibeberah, seueur tuangeun raos. Barudak bungah margi sanajan di Amerika Aya nu tiasa disebut Ua, teteh, Aa...nu hartina lain ukur sesebutan tapi harti baraya.

Nuhun Ka WSAB nu tos ngadeukeutkeun hate, nyangreudkeun duduluran. Nuhun Ka T'Rina Sakulawargi & T'Juju Sakulawargi kana panampianna, nyugemakeun teh meni pisaaannn hehe. Alhamdulillah.

Pssttt Tong dibeja-beja; Sate Teh Juju yahuuuddd, sate Mas Madura ge eleh lah. Baso, Bolu kukus jeung Comro T'Rina mhhhhh Nikmeh... nampi orderan teu nya? hihi

*Lia

10 Waleran:

At 10:22 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Alahhh eta baso ngagupayannnn...

alhamdulillah balageur kituu, demi WSAB tea nya...

hoyong jadi tatanggina, seueur emaman hihihi

 
At 2:34 AM, Blogger Ica Dimyati ngawaler ...

heuheu teh ophi pacaket teh hoyong emameuna?hihihi *becanda denk da ica ge hoyong hihi*

eta ibu2 meni araranteng hihi cing alungkeun combrona atuh hijiiiiii we hehehehe..
wilujeng ah ..resep nya emang WSAB teh nyangreudkeun duduluran teh leres...

Hiduup WSAB (saur teh lia ge ) MErdekaaa....!!! hihi

 
At 4:57 AM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

kunaon lamun urang sunda karumpul teu jauh dari dapur nya?

 
At 11:01 AM, Blogger Patricia Astrid ngawaler ...

euleuh-euleuh tiis-tiis nuang bakso plus sate madura deui, bari ngarumpi bahasa sunda tea, resep pisan!! Top dah WSAB Amrik Wetan!

 
At 3:17 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

>> patsy, ophi, teh inta, intan...

mana yeuh kopdar benuah eropah na?
Ica.. dieu nganjang ka abdi, heuhehue...

 
At 7:21 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

eta mah kopdar terhebadddd tea, dugi ka 4 dinten 3 wengi coba....

mana tuangeunnana pika bitaeun kitu hmhmhmmmm ... slurpppp ... bolu kukus,sate, comro ...

WSAB tea atuh eduuuunnnn ....

 
At 8:03 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Hiji deui... mun wanita sunda ngumpul teh... kacipta recetna.... hehehe

Kopdar Eropah Ro?? ke heula..keur katirisan didieu hue hue hue... winterna nuju edun. Ditempat Abdi paling tiris biasana minus 6 eta ge wengi. Ayeuna minus 9 ..eta teh tengah poe euy ... eduunn

 
At 8:20 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

comro....? Komo di Amrik, di Surabaya ge meni sono kana comro teh. Heg oncomna teh sing lada geuning.
Heni

 
At 11:28 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

sok ah, abdi bade pesen comro nya ka teh rina, 20! hehehe.. :P
hoyong nyobian yeuh ngaemam comro ti amrik! hihi ;)

 
At 3:30 PM, Blogger Bunda ngawaler ...

Ari Lia...nya ngabibita batur wae....
Nuhun akh ka WSAB...resep jadi seur dulur.

 

Post a Comment

<< Ka Payun