WSAB: December 2005

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, December 26, 2005

Ceplak Garut

Asal muasal Pasar Ceplak Garut

Lamun urang muka kamus basa Sunda ceplak atawa nyeplak teh hartosna ngaluarkeun sora upami nuju tuang. Tata cara tuang siga gitu teh upami kanggo orang Sunda mah dianggap teu sopan.

Tapi di Kota Garut aya Pasar Ceplak nya eta tempat taruang warga Garut nu haroream masak(abdi contona hehehehehe). Saur informasi sepuh mah nu dipikauninga ku nu daragang di Pasar Ceplak memang aya sajarah na cenah.

Kieu sajarahna the Sahiji waktos taun 1970-an, kaayaan ekonomi teh nuju sulit pisan kumargi paceklik panjang, Tuangeun hese pisan dipilari dugi ka masarakat teh tuang sangu oyek (sangu tina sampeu tea gening). Kaayaan siga kitu teh dijantenkeun obrolan antara warga nu nuju balanja sareng nu icalan di pasar. Diantara na teh nu di obrolkeun nyaeta kacipta nikmatna tuang sangu oyek dugika ceplak (nyapek bari disada tea).

Pasar Ceplak kapunggkur dikenal ku nami jalan Biodeem (Koramil). Taun 1970-an jalan eta teh dibagi dua, anu palih kaler janten jalan Siliwangi tah anu Wetan Jl.Ceplak. Ayeuna mah dugi ka palih kaler oge lebet ka jalan Siliwangi nu manjang ti kawit Jl. Kiansantang dugi ka ujung Jl. Ciledung (bumi pun biang didieu tah hehehehhehe).

Tah lahan nu dianggo Pasar Ceplak teh ngawit ti parapatan Jl.Cikuray dugi ka ujung Jl. Ciledug nu panjangna kirang langkung 200 meter. Rame na ieu pasar teh mung sonten wungkul dugi ka tengah wengi. Upami enjing dugi ka siang mah ningali jalan ieu teu katinggal pasar margi lening we bersih...

Cag ah

-Fifi Refiani-

Wednesday, December 21, 2005

Anatomi, epolusi, bahasa

Harita teh abdi kedah ngadamel sipi (curriculum vitae) kanggo pun bapa.


“Pah, papah ngadamel we sipi-na, teras dikirim ka abdi kanggo perbaikan”, ceuk abdi ka pun bapa (nganggo bahasa Indonesia atuh …) “Okeh,” ceuk pun bapa.


Di sipi pun bapa nyebatkeun:


English: pluent (okeh, dicontreng OK ku abdi), Bahasa Indonesia: pluent (naon ieu teh, pan bahasa indonesia kedahna mah bahasa ibu, kunaon pluent nya … ah meureun lepat ieu pun bapa), Bataknese : netip (native).


Hahahaha, barakatak seuri abdi jadina. Jadi, keur pun bapa, Bahasa Indonesia teh sami posisina sareng Inggris, sami-sami bahasa deungeun !

Pun bapa geus sabaraha tahun nya di Bandung Jawa Barat teh, aya 35 tahun, ngan nyarios Sunda teu tiasa. Ari pun ibu, 30 tahun di Bandung, tapi pun ibu tiasa nyarios Sunda, pluent lah kitu.


“Jang, cai bodas nya!” kitu tah saur pun bapa ka pelayan restoran. Hahaha, seuri wee abdi jeung pun ibu jadina, eta air putih terjemahananna ceuk orang Walanda mah meuni “letterlijk” pisan!


Kunaon nya pun bapa janten 35 tahun di Bandung teu tiasa nyarios Sunda, ari pun ibu tiasa. Meureun pun bapa teh hoream belajar Sunda, atawa aya deui alasan nu laen? Teras, kunaon tah eta logatna teu pas nya? Padahal mah geus sakitu lamina di Bandung, kedahna mah logat mah tiasa atuh nirukeun.

Hasil obserpasi abdi, eta teh aya hubungannana sareng anatomi jeung epolusi (ieu mah keur bobodaran wae, abdi ge teu percanten teuing ka teori epolusi). Bahasa Sunda teh paling pas kanggo jelema nu suarana teh boga oktaf tinggi, siga Mariah Carey atawa Whitney Houston (emut teu di pideo klipna Bodyguard, pas teh Whitney nyinden bagian ‘and I...aaaaaaaI’).

Cobian we geura,


“Bade kamanaaaaa ?”


kadanguna beda pisan lamun diucapkeun Pranajaya sareng suara nu ‘pitch’-na tinggi (atawa cempreng hehe). Nu seusah oge teh kata-kata nu aya “eu”, contona “geuleuh”. Aya babaturan ti Klaten nu ngucapkeun “geuleuh” teh ‘geleh’ (e-na pondok pisan). Baheula mah eta babaturan kuliah teh lieur pisan nyebutkeun “Ciumbuleuit” nepi ka kaplintiran lidahna !

Nah meureun aya jelema nu boga suara bass atawa alto (anatomina geus beda), sesah nyarios Sunda sareng cengkokna tea!

Naon deui hubungannana sareng epolusi. Ceuk calon caroge teh (ayeuna mah tos caroge :D-admin), bedana Bandung jeung Medan, di Bandung mah jalan sapuluh meter geus loba nu gareulis, ari di Medan, sapuluh kilo ge teu aya nu geulis (ieu mah ceuk kabogoh, abdi mah teu teurang pastina, da saumur umur abdi ngan sakali ka Medan, jaman abdi TK!).

Kunaon nya urang Sunda gareulis ? Abdi teh ngira eta aya oge hubunganna sareng bahasa Sunda. Eta bahasa Sunda narik otot pipi pisan, contona:



“Kumahaaaaa”,


Paingan we urang Sunda teh kenceng-kenceng kulitna, da saban poe nyarios Sunda bari face lift, teu kedah nganggo Botox !

Nurutkeun teori epolusi, eta teh urang Sunda berepolusi, nyarios Sunda saban poe, kulitna singset, teras kulit nu singset tea diturunkeun ka anak incu.

Aya nu heureuy oge teh anatomi urang Walanda (ieu ge heureuy nya , sanes aya maksud ngaledek). Abdi pan di Walanda calikna teh di propinsi North Brabant, eta teh di dieu teh bahasa Walandanya “hipu” kitu. Contona, kecap “zo” kitu nyariosnya kedah “sssssssscshzo ”, jadina teh eta biwir kedah rada dimonyongkeun heula.



“Pantesan abdi teu tiasa nyarios Walanda nu pas!” ceuk babaturan, harita teh abdi sareng babaturan keur numpak kereta di Eindhoven. Aya loba eta urang Walanda oge sagerbong.

“Kunaon ?”

“Tingali we tah urang Eindhoven, biwirna teh maju, jadina teh gampil nyarios Walanda. “

“Maenya …. “ ceuk abdi teu percanten, teras abdi nyobian eta monyongkeun biwir, “ssssssscszo”. “Leres, gampil nya lamun biwir teh maju!”


Hahaha, seuri abdi jadina, kedah ati-ati atuh lamun diajar bahasa, tong persis-persis teuing sareng aslina, engke aya wee eta parobahan pisik atawa epolusi.


-Patsy

Monday, December 12, 2005

Kopdaaarr nehhhh

Kaping 6 Desember anu kaliwat, kopdar WSAB jadi dilaksanakeun, kumaha caritana? Mangga, ieu dongengna Irma dina milist WSAB ditambihan tinu sanes, teu kakantun poto2na...

Alhamdulillah, kopdar teh meni resep.. asa bungah kieu ieu hate! hihi.. huhuuyyy! Teu siga nembe pendak we nya ibu2? Raraosan teh asa tepung sareng dulur nu tos lami teu patepung we lah!

Janten kieu dongengna teh.. sadinten memeh kopdar, abdi meni asa rariweuh kupadamelan. Asa teu beres-beres tea. Jam 3 pasosore, diemutan ku pagawe abdi ngeunaan reservasi tempat di Dapur Sunda, kanggo sabaraha jalmi cenah.

Euleuh.... reservasi kanggo naon.... tabuh sabaraha kitu ieu...

Astagfirullah.. mangkaning saya teh tos pede tea, waktos ibu-ibu WSAB naros "Pesen tempat di Dapur Sunda kanggo Kopdar bade kusaha?" harita abdi ngagampangkeun "Irma waeee..., keun engke Irma anu pesen!" hihihi..... *padahal dugi ka atabuh 3 sonten, sadinten memehna, abdi teh teu acan pesen tahh.... Untung wae Dapur Sundana teu pinuh nya :P

Jam 4-an aya Sms ti Teh Inong, salah saurang bentang utama kopdar (heueheu... tebih2 ti s'pore soalna): "Ma, engke sumping tabuh sabaraha? Abdi tos diperjalanan, yeuh."
Euleuhh? Meni rajin .... sementara abdi nembe dugi ka rorompok. Cape keneh tos putar puter di mangga dua. Na hate teh... 'InsyaAllah setengah 6 dugi kadinya.' :)).

Singhoreng, sajajalan ti rompok ka KTS nu biasana lancar dina jam bubar kantor, pinuh tur macet di lebah parapatan Kuninganna. Nya.... pasti telat yeuh Teh Inong... sakedik mah bae nya ....

Jam 17.17 Teh Inong ngasms deui : "Ma, abdi tos dugi."

Huaaahhh.. rajin pisan yeuh! Da teu acan satengah 6 pan? Teras deuih nembe nelepon ka teh Molly, anjeuna masih di kantorna. Hihi.. waahh diemutan teh, sigana mah Teh Inong bakalan
akrab yeuh sama si pelayan2 resto Dapur Sunda! :P

Jam 17.45 Abdi dugi di Dapur Sunda.
Aya tiluan tah nu nuju lesehan teh. Der wee ah mulai "Haiiiii". Dilajengkeun ku peluk cium hangat (ciieee naon sihhh!) sareng Teh Inong, Neng Indah (rai na teh Inong) & Teh Fifi (salah sahiji bumil di WSAB ieu teh).

Aeh...., abdi mah nyandak rombongan yeuhh.. hehe aya Syifa (nu maksa hoyong ngiring ka Mamahna) sareng si Mbak (nu dipaksa sina ngiring meh si Mamah tiasa santai teu kedah ngugudag Syifa di Dapur Sunda hehehe).

Ngobrol kaditu kadieu.. teras sepakat urang pesen tuangeun tipayun we ah. Hehe sanes lapar-lapar teuing atanapi curi-curi start ieu mah, tapi meh engke tiasa santai ngobrolna, maksadna.


Abdi pesen es cingcau (slurrrpp emang tos niat saya mah bade pesen cingcau hejo!hehe), es jeruk, ayam bakar, tumis kangkung sareng tahu telor.
Teh Inong pesen sayur asem, usus & babat goreng, teraass naon deui 'nya? hihi hilap, langsung sibuk kana pesenan pribados sihh. Teh Fifi mah duka diet duka naon tahh.. da mung pesen mie kocok we sareng sambelna! hehe


Teu lami, aya si Eneng nu geulis keneh tea geuningan.. hueheuhehe saha ciiikk? yaahh, Neng Wida tea! :) gadis WSAB, heheh..
Acara diteraskeun ku bongkar2 cokelat perbekalan Teh Inong ti negri singa. Waahhh asa panen yeuhh! Syifa nu pangresepna mah! hihihi :P

Sasumpingna anu sanes nyaeta bentang utama nu kadua: Teh Willa sareng rai2na, Nana, sareng Tia. Tambih rame seng heboh we nu ngumpul ngariung teh. Teh Willa babagi oleh2na, teras oge ngahaleuang tembang sunda Bubuy Bulan (si teteh tiasaan eta bulan dibubuy), babagi pangalaman (nu ieu mah direkam ku Teh Molly, heheh). Aya deui kajadian pikalucueun, dikantun solat magrib teh lemon tea neng Wida diangge ngojay gurame! Gurame saha eta teh. heuhuu.. karunya nu gaduh lemon tea dugika olohok ngembang kadu.

Ibu2 teh asa gaduh bungsu Neng Wida, dipiwarang moto we hayeuuuh... Hihi abdi mah tos niat moal ngaluarkeun kamera, hihihi.. meh ditiap foto aya teras lahh maksadna mah. Lumayan.. ;))

Terang2 tos wengi, waktos asa nyerelek pisan. Pokona mah sabab ku bungah ngariung sareng para WSAB anu salami ieu mung nyambung via internet. Alhamdulillah bagja pisan.


Tah pami nu ieu langkung rame deui, mangga geura ngacung anu kasebat.. ulah nyumput hihii...
1. Aya nu dongeng tentang pertama kali cinta bersemi dgn si Akang... Hiji pilihan diantara saratus ceunah! Hehehe... heboh lah! Saha ciik? ;)
2. Aya nu saurna nuju diet tapi pesen tuangeunana sami sareng nu teu acan emam 2 dinten tea... hahahha *hiperbola .. saha ciik?
3. Aya nu murak oleh-oleh dugi ka nu parebut oleh-oleh... hehe saha tahh?
4. Aya nu hoyong difoto payuneun kaca *meh tiasa ngaca heula samemeh difoto... hihihi
5. Aya nu riweuh di penghujung acara karena beurat kudu mamangku budak leutik gara-gara si budak tos bosen+tunduheun nungguan indungna ngobrol jeung seuseurian wae teu anggeus-anggeus tea sareng Ua-Ua + Bibi-bibina.. hehehe.. muhun, abdi eta mah! hihi
6. Pangpangnamah eta aya tamu pangrame tea neng shifa,manyunna gak tahan:),ngan hanyakal shifanya teh inong sama zidan gak ada euy...
7. Aya nu ngidam semur jengkol yeuh.. sahaaa
8. Aya nu alim dipanggil teteh...saha yeuh.. ngacung
9. Aya nu bu hamil teu tiasa emam sanguu..saha taah




*Di edit tina dongeng Irma di milist WSAB, ditambihan ti Nana, Fifi, seng nu sanes
*Poto ti Wida seng Nana, poto nu sanes tiasa ditingali di blogna Nana, FS na Wida