WSAB: November 2005

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, November 30, 2005

Kisah Nami

Unggal nami jalmi pasti ngagaduhan harti nu mandiri, kantenan pami eta nami teh sae, unik sarta taya deui nu ngagaduhan, pasti anu ngagaduhanna teh reueus pisan. Aya oge anu reueus pami namina teh nurutan nami jalmi terkenal atanapi artis misalna, puguh ari artis anu gaduh imej sae mah, misalna Paramitha atanapi Tamara, kumaha pami Inul, hihihi... *punten ah ka neng Inul...

Tapi pami aya nu ujug2 nganamian putrana nurutan nami urang kalayan ngahaja, kumaha raraosan urang? Bingah atanapi sedih?

Kajantenan ieu teh kaalaman pisan ku abdi waktos calik di pun Uwa Istri di Boyolali, kota alit di Jawa Tengah. Saleresna mah teu sikluk teuing eta kota teh, namung disisi jalan raya Solo-Jakarta. Harita pun Uwa propesina teh bidan.

Cariosna teh abdi kelas 6 SD, unggal wengi osok diajar sasarengan di bumi rerencangan. Kaleresan ibuna rerencangan teh nembe ngalahirkeun teras bade salametan nganamian orok. Abdi teh reuwas pisan, margi eta orok teh dinamian sami sareng nami abdi: YANIS SORAYA. Kedahna mah bingah panginten nya aya anu ngefans ka abdi, hehehe.... Maklum jaman harita nami budak di daerah teh kurang pariatip, seuseueurna teh Sri, Endang, Joko, jst (punten pami aya anu kasebat namina :d), Janten abdi teh sok reueus ku ngaran sorangan, pedah benten tinu sanes. Mung eta nu matak sedih teh, geuning mani sami... miiii.... Mana kitu bumina oge ngan kahalangan ku 4 bumi deuih.

Salajengna, duka pedah kunaon, teu pupuguh eta nami orok teh digentos, jadi YANIS MASITHOH, dugika salametan deui nanggap wayang kulit sapeuting jeput sagala. Saurna mah pedah eta budak teh sok udur deui udur deui. Atawa pedah abdi teu ridho namina sami, hihii...

Anu pikalucueun deui, pas YANIS duplikat teh udur panas, kaleresan abdi nuju diajar sasarengan tea di bumina, si ibuna teh dongkap ka Uwa nyungkeun tulung

"Tolong bu bidan, yanis sakit panas"
Pun Uwa bingung, "Lho, sakit apa, tadi berangkatnya gag apa2 kok"
"Bukan Yanis ibu, yanis saya"
"Oooo... saya lupa kalo ada 2 yanis sekarang"


Mugi2 eta Yanis nu kadua teh tara uduran deui, sehat salawasna siga "superbunda" ieu. heheh...

-yanis, diterjemahkeun ku Admin

Tuesday, November 22, 2005

Kopdar pertamah!

Ping 15 Oktober 2005 nu gareulis ;) anggota WSAB nu kaleresan aya di jkt, rencanana bade kopdar.

Saatos diskusi panjang lebar, akhirna diputuskeun di Dapur Sunda Kawasan Tenda Semanggi (KTS) , bintang tamuna saha deui atuh si teteh kita, teh Willa, import langsung ti USA.

Nu positif bade dongkap kopdar nyaeta Wida, Irma, Fifi,
Nana sareng abdi – molly-, sereng pasti atuh sang bintang tamu  Teh Willa

Ti enjing keneh tos hareboh nu bade kopdar teh(saleresna mah ari hebohna mah tos tikamari2 ....) terutami aya nu rada dusun teu teurang jkt..:”>

ti H-1 tos browsing milarian peta KTS...(ciaan deh lu moll)

Caritana Fifi, Nana & Molly janjian bade sareng angkat ka lokasi kopdar..jadi weh neng2 nu gareulis iyeu..conference..duuh niat pisan nya..tangos atuh sumanget pisan bade kopdar judulna. Mangga diaos conferencena...:)

molly (10:13:53 AM): yuhuu

fifi(10:14:00 AM): hai
fifi(10:14:23 AM): Nah tuch ada nana

molly (10:14:31 AM)
: sip jadi kumaha :D
molly (10:14:36 AM): meuni heboh ;))

fifi(10:14:43 AM)
: hehehhehe ya

nana (10:14:49 AM)
: teh fifi dari bej itu jauh gak ke dapursundanya?

fifi(10:15:14 AM):
jauh say Dapur Sunda kan di dalem kawasan jadi dirimu naek taxi aja kalo malem mah kalo siang mah ada ojeg
fifi(10:15:50 AM): kalo gak gini dech pada naek busway aja turun di Karet
fifi(10:16:07 AM): trus nanti kita rame2 naek taxi dari kantor saya gimana ??

molly (10:16:19 AM): karet di mana :"> ?

fifi(10:16:38 AM): di depan kantor saya Mol sebelum benhil

molly (10:16:40 AM): jigana sy mending ngebooking si OB ktr naek motor lebih cihuy kli yaa..
molly (10:16:51 AM): kantorna kiri atawa kanan
molly (10:16:58 AM): hayu atuh ketemuan di fifi
molly (10:17:01 AM): kumaha na ?

fifi(10:17:03 AM): kiri kalo dari arah kota mah

nana (10:17:07 AM): teh molly,kl dari gambir mending naik busway aja,kl naik taxi gak nahan macet

fifi(10:17:19 AM): ya naek busway aja

molly (10:17:34 AM): sip mun teu busway naek motor weh hihi

fifi(10:17:42 AM): ketemuan di kantor saya mangga bisi lieur mah
fifi(10:17:55 AM): ya udah naek motor oge oke lebih cepet
fifi(10:18:03 AM): molly keluar kantor jam sabaraha ??
fifi(10:18:18 AM): nana jam 17.30 cenah jadi rada2 keur meujeuhna maceet tah

molly (10:18:42 AM): insyaAllah jam 17an
molly (10:18:48 AM): rek colek2 si bos heula :)

fifi(10:19:19 AM): saya mah kabeneran si bozz lagi ke spore jadi lagi leha2

nana (10:19:57 AM): hehe...sama ah,saya juga mau ijin pulang agak cepet,kali aja kerjaan udah beres:)

molly (10:19:57 AM): asyiik euy'

fifi(10:20:28 AM): naah tuch .... sok kumaha atuch dipastikeun

molly (10:20:32 AM): sip ntar.. mun sy mo jalan kabar2i
molly (10:20:51 AM): iya ktm di fifi aja

nana (10:20:53 AM): teh fifi,dari tempat teh fifi enak naik taxi apa busway nih?

molly (10:20:54 AM): nana ok gak

fifi(10:21:22 AM): taxi aja dari kantor saya mah biar langsung ke dalemnya ato nanti bisa minta anter sopir kantor kalo rame2 mah

molly (10:21:30 AM): sip

fifi(10:21:52 AM): catet no telp kantor saya ya soalnya hp lagi lowbat nich 2510xxx

molly (10:22:03 AM): nanti kita poto2 heula ya di ktr fifi :))

nana (10:22:20 AM): ok deh, jadi ketemu di kantor apa di pemberhentian busway karet nih?

molly (10:23:14 AM): ktr aja ?
molly (10:23:32 AM): tlp teh direct yaa fi ?

fifi(10:23:44 AM): ext 204
fifi(10:24:38 AM): kalo susah masuk ke kantor karena harus nguriling ya udah di depan kantor aja nanti telp aja saya dah di depan gitu di bawah jembatan nanti saya ke depan

molly (10:25:04 AM): okeh..

nana (10:25:09 AM): ok

fifi(10:25:16 AM): kalo bisa sich pada izin pulang cepet lah jam 17 udah pada start dari kantor nya

molly (10:25:32 AM): iya diusahain teng go..

nana (10:25:34 AM): sip

fifi(10:25:41 AM): nana & moly pake baju warna apa hari ini

molly (10:25:43 AM): rek bermanis2 heula ka si bos :))

fifi(10:26:18 AM): saya pake baju item2 nya jilbabnya abu2

molly (10:26:19 AM): sy celana coklat, kaos coklat muda, rompi aya bungaan merah, krudung merah :)

nana (10:26:39 AM): saya pake kerudung biru

molly (10:26:52 AM): bajuna naon na ?

nana (10:27:10 AM): teu nganggo:))

molly (10:27:14 AM): :))
molly (10:27:20 AM): gawats

fifi(10:27:52 AM): siiip lah see u di bawah jembatan karet Nya !!

nana (10:28:07 AM): pake kemeja garis2,tas coklat:)

molly (10:28:18 AM): siip

fifi(10:28:33 AM): dah lah back to work atuch

nana (10:28:37 AM): ntar telpon2 ya!

molly (10:28:43 AM): okeh

fifi(10:28:44 AM): nana no hp sabaraha ??

molly (10:28:52 AM): back 2 work manis2 ka bos ;)

fifi(10:28:56 AM): ke ku abdi dipantau terus

nana (10:29:03 AM): mo ngebut hela yeuh ,biar bisa pulang cepet:)
nana (10:29:18 AM): 0816 480 xxxx
nana (10:29:43 AM): sip lah, ampe ketemu ntar sore ya

molly (10:29:48 AM): 0817 919x xxx
molly (10:29:51 AM): okeh mararangga
molly (10:29:53 AM): sampe nanti

fifi(10:31:12 AM): siiip saya 08131884xxxx / 081196xxxx
fifi(10:31:30 AM): yg terakhir no hp pool kantor nanti mo saya bawa

Molly

Hihihi heboh nya? Naaaahhhh, pertanyaanna?

Kopdar na janten teu?


hayoooo coba narebak ibu2 dan gadis2

Ternyata nya eta, manusa mah ngan bisa ngarancanakeun, tapi Tuhan YME oge nu gaduh kuwasa, kopdar teh teu janten da bintang tamu udur, aduh karunya teuing teh Willa, sing enggal damang atuh nya.

Janten kopdar teh bubar sadayana, henteu ketang teu bubar, tapi ditunda ngantosan bintang tamu nu lain, muhun teh Inong? Tong ilang sumanget nya ibu2 dan gadis2. Sok lah diduakeun ku admins, meh janten, da bersejarah tea, kopdar pertama WSAB. Mangga ah sadaya ngaduakeun..yuk ahhh

Thursday, November 17, 2005

Wawales Jang Anu Hade Budi

Terusan tina: Dongeng: Tukang Gali Kubur. Di klik weee bilih hilap deui mah :)
***

"Tepikeun kasaha ceunah, Abah?" Ambu teu sabar nyela.
Si Manis ngaganjleng ka handap. Kulantang kulinting bari uang-eong. Sakapeung eureun melong Abah, terus pahibut deui uang-eong, ayeuna ditambahan ku opat meong anu lain.

"Mana kitu Ambu, kaburu dihudangkeun ku Jang Arip (make p-red), manehna menta Abah ngaberesihan makam bapana, yeuh buruhna oge" Tembal Abah bari ngodok endong pangsi, ngaluarkeun duit sapuluh rebu, dibikeun ka Ambu.

Meong jempe ngadenge Abah neruskeun carita. Kabeh depa dina ubin. Ngan si Manis balik deui ngagajleng kana korsi. Matana teu kiceup-kiceup melong Abah. Ambu narima duit, "Syukur, terus naha bet Abah ayeuna katempo bangun hariweusweus pinuh ku kasieun?"

"Sore ieu Abah ngimpi deui" sambung Abah (si Abah teh gawe bari kasarean bae atuh :d-red) "Tadi beurang teh asa panas nyongkab, rengse ngaratakeun alas, abah diuk nyarande na jero kubur nepika kasarean"

"Harita rarasaan teh geunjleung di luar kubur. Abah nguniang ngintip. Singhoreng wadyabalad gulang2 anu papakeana sarua jeung nu kamari kaimpikeun baris tarapti sakitu lobana nuturkeun 4 gulang2 anu ngagotong pasaran. Eta pasaran sarua dipakean lawon agreng jaman karajaan. Abringan terus mangkat kabeulah kaler, kaluar ti kuburan. Sugan abah mah rek nguburkeun di kuburan urang" Abah eureun heula, ngarenghap jero "Sapaliwatna eta rombongan, abah diuk deui na jero kubur, asa teu puguh pipikiran, naha bener Abah teh ngimpi. Sieunna mah puguh sieun nitenan abringan punggawa sakitu lobana lain ti jaman kiwari."

"Eooooongngngngng, eongngng" Si Manis pupulintiran dina korsi. Ayeuna Ambu ngalieuk ka Si Manis bangun nu keuheul pedah ngaganggu kana dongeng Abah.

"Teu lila, si gulang2 anu kamari kaimpikeun ku abah geus ngabedega dina biwir kuburan, ieu jantung asa rek lesot, awak ngadegdeg, kesang juuh kana baju" Abah neruskeun dongengna "Di sagigireunna aya kana 10 gulang2 sejen anu sigana pangkatna sahandapeun si gulang2 anu hiji. Kabeh melong ka Abah bangun nu ambek. Matana sigaaaa......"
Abah eureun ngadongeng, melong ka Ambu, ret ka meong anu 4, ret ka si Manis anu ayeuna sarua keur melong Abah. "Siga mata meong"

"Eeongggg" si Manis nembalan siga anu bungah manehna asup kana dongeng.

"Hey Kisilah, kuring datang deui ka andika sabab andika tacan nepikeun beja kuring" Abah neruskeun ngadongeng "Ayeuna geura balik, bejakeun ka Ki Mengkur yen kamari raja anu sakabeh geus tilar dunya."

"Eongngng" Si Manis disada bari ngadangahkeun huluna, matana neuteup seukeut ka abah.

"Ki Mengkur? Saha atuh eta jelma teh Abah...." Ambu bangun nu rungsing. Abah seuri, terus nembalan "Ari Ambu, pangampura kanu kawasa deudeuh.... Abah teh keur ngadongeng impian ieu teh, ari ngimpi teh kembangna sare, ulah dipake pikiran"

Cikikik ambu seuri ngagebah pikiranna sorangan.
Beda jeung si Manis nu katingalina bangun teu jongjon ngadenge Ambu nyela. Manehna nguniang hudang tina korsi. Kuliat bangun nu ngeunah. Terus nangtung ajeg melong ka Abah. Meong nu opat tingkoteap ngadeukeutan korsi si Manis. Maranehna melong si Manis lain melong Abah.

"Abah teu tatanya ka maranehna teh, pikir abah, da abah mah teu boga kawajiban ngayonan nu araraheng kitu" Abah neruskeun "Poe ieu raja kami dikubur"

"Eooooongngngng" Si Manis nembalan, ayeuna katempo awakna nyurungkuy kaluhur, ngan sukuna angger napak kana korsi. Meong nu opat melong ka si Manis.

"Tepikeun ka Ki Mengkur, isukan poe katilu, poe panungtung jang karajaan kami ngejenengkeun raja anyar" Pok Abah.
Si Manis disada deui. Awakna katempo enyaan ngagedean, nikel tina ukuran memehna. 4 meong nu lain depa bari melong bangun nu ajrih ningali si Manis ngagedean.

"Bejakeun ka Ki Mengkur, geura balik ka karajaan, kabeh rakyat sanagara ngentenan rek ngajenengkeun manehna jadi raja kami nu anyar"
"Eooongnggngng" Si Manis nungtungan dongeng Abah. Unggal disada, awakna ngagedean. Disada deui, ngagedean deui nepika sagede maung. Meong anu 4 tingareong lalauan. Huluna tarungkul awakna darepa, jelas keur nyembah si Manis. Teu lila Si Manis balik deui kana ujud memehna. Gajleng tina korsi, terus lumpat giras ngaburu panto anu melengek keneh. Meong nu 4 lalumpatan nuturkeun si Manis, laleungit dina poekna peuting lembur Cikulah.

Abah jeung Ambu teu boga kamampuan nyaksenan eta kajadian. Maranehna kalahka ngarojengkang asup kadapur bari angger uplek ngobrol ngomentaran impian anu aheng. Ayeuna mah teu siga anu sieun ngadongengna teh, kadenge ditabeuhan ku seuseurian tur heureuy sagala.

Tisaprak peuting harita kahirupan Abah jeung Ambu teu aya nu obah. Abah oge teu didatangan deui ku impian aheng. Malah mah dina hiji sore imah Abah jeung Ambu kadatangan Pak Ulis, Juru Tulis Desa. Mawa beja anu teu pernah kaimpikeun ku Ambu jeung Abah.
"Juragan Kirdun pupus tadi isuk, manehna ninggalkeun sakabeh hartana diwariskeun ka Abah jeung Ambu"

Lekasan
***

Disadur jeung di terjemahkeun tina: Tom Tildrum, dimuat di majalah Bobo jaman baheula, taun 85-an.
Pulunganeun tina ieu dongeng:
- Kajadian aheng bisa kaalaman kusaha bae, boh anu nyata boh dina impian, tinggal kumaha carana urang nyanghareupanana
- Kuburan lain tempat anu kudu dijauhan, komo dianggap tempat pikasieuneun, kabeh jalma bakal cicing didinya
- Jadi jelma kudu iklas ngalakonan hirup, usaha sahade-hadena, percaya ka nu kawasa anu bakal ngawales
- Abah jeung ambu teu daek wae boga turunan, boa2 pedah tokso? :p

Panuju para wargiiiiii?

Friday, November 11, 2005

Ngeunaan Es E Ex

Kahirupan Es E Ex atawa SEX

Upami ditingali tina judulna, pasti ibu2 sareng bapa2 mikirna tos jorang . Tah tong waka kitu, mending we ngemutan sisi ibadah dina ngalakonanna, jabi ayeuna tos sanes sasih syaum janten siang wengi ge mangga wae :P

Ibu sareng Bapa sadayana, sex teh sae kanggo kahirupan rumah tangga. Antawisna;
1.Ibadah panginten pang2na mah
2.Ngirangan stress, panginten ibu2 sareng bapa2 ngaraosan kumaha stress langsung bubar saatos hubungan intim.
3.Saur bhs inggrisna mah “Express your love by intimacy”. Janten hubungan intim teh memang sae kanggo meningkatkan keakraban caroge sareng istri.
4.Hubungan intim anu tiasa di-enjoy ku caroge sareng istri salah sahiji faktor ngalanggengkeun hubungan.

Kahoyong

Kanggo ibu2, kantos teu kaemutan, upami pameget (anu dimaksud para caroge) hoyong raos wengi2 (terang pan anu dimaksad???), ibu2 teh kedah weh nurut. Teu siga caroge anu capek, teras ibu2 anu hoyong…biasana mah labas wae..ngegel curuk…Ayeuna patarosanna, ari eta teh leres kitu ari caroge kedah dicumponan wae, ari istri anu hoyong mah tiasa diengke keun? Leres kitu ari kahoyong istri mah teu saageung kahoyong caroge , janten tiasa disapirakeun kitu wae? Sanes kedahna mah istri oge tiasa nyarios NO, upami capek atanapi aya alesan kiat mah?

Klimaks

Jelas2 kanggo caroge mah, upami atos klimaks, langsung weh kedah ngantosan deui dugi si aceuk tiasa perform deui. Pan panginten ari si istri hoyong raos oge, caroge teh kedah ngemutkeun oge istri. Si istri kedah klimaks heula, teras diteraskeun ku caroge janten dua pihak tiasa ngararaoskeun nikmatna sesi eta . Namung biasana, si caroge teh gaduh panyawat, nyaeta tara mikirkeun raosna si istri. Teu terang atuhnya sabaraha persen di Indonesia caroge anu mikirkeun masalah ieu. Panginten angkatan2 urang mah di WSAB para carogena atos tiasa demokrasi mikirkeun partner-na oge. Mugia!:)

Make up sex

Aya paribasa nyaurkeun, sex saatos pasea nyaeta sex pangsaena margi boh caroge sareng istri ngaraos plong teras biasana sexna oge jadi raos (kesan-na emameun). Tapi…kadang2 paribasa ieu teh teu sreg sareng sababaraha caroge margi si caroge teh teu tiasa ngalakukeun hubungan sex sateuacan masalah direngsekeun. Ari saleresna mah sae, tapi kedahna mah atuh..dicobian weh heula ari hoyong mah….kan jantenna double miserable, nya…pasea plus teu hub intim…hiks2

Ganti2 lokasi sareng mood

Aya anu nyarios cenah upami sekeliling suasana menunjang, hubungan intim bakalan langkung raos. Ibu2 miwah bapa2, terang nyalira, anu sentimentil pan biasana istrina. Hoyong rapih lah kamarna atanapi ruanganana, dikembangan lah, sepre bersih, urangna geulis sareng bersih, jeung sajabana. Tapi biasana caroge mah rada2 cuek ka masalah anu kitu mah. Aya oge pameugeut anu sentimentil oge, tapi persentase-na biasana langkung alit ti istri.

Mutualisme

Tah ieu teh idena, upami biasana caroge anu seueur ngalakuken aktivitas, istri oge panginten kedah nyandak inisiatif kanggo nyenangkeun para caroge. Saur paribasana mah atuh…tong jiga lontong, cicing wae…. Istri oge tong tiba2 jadi brutal, tapi gaduh ide ngadambel surprise kanggo caroge.

Tong isin

Para caroge sareng istri entong ararisin diskusi tentang naon wae anu ngajantenkeun “session” teh raos kanggo duanana. Biasana mah para istri anu sok isinan, saurna mah “Tabu” ah nyarioskeun anu kitu. Tong waka stop: upami dipikir2 mah, supaya hubungan janten langgeng sareng tiasa diraraoskeun boh ku caroge boh ku istri, duanana kedahna masihan kontribusi.

-AngQ-
*pertarosan tiasa dikintunkeun ka Admin, hahahah... admin teu tanggungjawab ketah

Wednesday, November 02, 2005

Mudik

Lebaran sakedap deui, abdi bade babagi pangalaman mudik taun kamari ke Cianjur, Cianjur Kidul tepatna Cibinong. Perjalanan ka ditu panjaaaaangg pisan para wargi sadaya, tapi da hoyong silaturahim ka ibu-rama tea. Upami di basakeun mah


Lautan kan kudaki, gunung kan ku sebrangi (tibalik nya?)

Rute pertama
Awalna abdi naek motor ti Jakarta angkat tabuh 7 enjing dugika Bogor ( abdi milih Bogor margi di terminal rambutan mah hoream di toelan/diriung ku preman nurustunjung).

Rute kadua
Ti Bogor naek mobil colt alit (elep/elf upami saur urang Cianjur Kidul mah :D). Dugi ka Terminal Cianjur teh tabuh 9-an.

Rute katilu
Ti terminal Cianjur neraskeun perjalanan ngidul kirang langkung jarakna 130km/4 jam perjalanan naek colt ageung.

Rute kaopat
Teras lungsur tina colt dilajengkeun naek ojek kirang langkung 5 km dugika tungtung jalan aspal mayarna 2000 rupiah. Kumargi jalan ka rorompok sepuh teu acan diaspal, upami usum hujan motor moal jalan sedengken upami mapah cape mangkaning nuju shaum ( 12 km tebihna bari nanjak-mudun margi daerah perbukitan). Sabenerna pernah nyoba di anter aa na naek motor, barang motorna maju, pan garinjul, nu di bonceng murag, gubraghhh...jadi kedah nganggo mobil off road mun melalui jalan pintas mah.

Janten abdi milih jalan cai mung janten langkung tebih margi ari walungan mah kan muter2 teu siga jalan darat, naek parahu motor alit/bargas arahna ti hilir ka hulu peryogi waktos 2 jam, mayarna 15 rebu rupiah. Naek parahu teh saleresna pikaresepeun margi kenca-katuhu pamandanganna endah sareng seueur manuk cai anu warnana rupi2 janten teu matak bosen lah calik dina parahu teh. Nanging aya oge pangalaman anu pikareuwaseun, teu disangka2 aya kayu nyorondoy hampir keuna kana leher abdi, untung abdi calik rada gigir jadi we salamet teu kunanaon.

Tapi teu acan dugi ka bumi eta teh, margi walungan pengkeren bumi mah kirang jero janten eta parahu teh teu tiasa dugi, hanjat tina perahu, hujan gede, dor dar gelap sambil bawa dus, teu di payung tea, nyandak kardus oleh-oleh kanggo kulawargi. Siga di pelem pelem geuning :p.

Rute kalima
Saterasna masih kedah dilajengkeun kana ojek deui kirang langkung sajam perjalanan, aya kana 5 kilo jarakna teh, naek turun bukit mayar 10 rebu. Ari heg teh pas nembe clak kana ojek hujan turun deui janten jalan anu teu acan garing pisan teh baseuh sareng leueuer (licin) deui, perkawis geubis tina motor mah tos biasa matak kedah taki2/siap2 upami motor karaos oleng(tapi da sapanjang jalan oge oleng wae eta motor teh :D).
Matak ibu2 anu nuju bobot/hamil mah mending mapah atanapi tong mudik we ka kampung abdi mah :D. Nanging, sanaos perjalanan sapertos kitu, "menantang", henteu janten matak kapok kanggo abdi sareng raka2 kanggo mudik unggal taun ka kampung halaman.

Tapi abdi heran, naha nya sepuh teh alim di ajak ngalih ka kota? padahal di kampung teh meni tebih kamana-mana sareng hese upami peryogi nanaon teh (rumahsakit, pasar).

Tah dugi ka rorompok kirang langkung tabuh 4, total perjalanan 9 jam meulah pulau jawa ti kaler ka kidul.

Kanggo mudik taun ayeuna rada ringrang oge, margi saur pun Bapa nuju usum urug/longsor. Kuheul oge ka jalmi2 anu asal naluaran(narebangan) tatangkalan kanggo di ical ka bandar jabaning mirah deuih

Upami taun kamari mah pas mulihna ka kota mendak urug teh meni aya sababaraha lokasi, di tengah jalan aya gunungan taneuh atuh janten turun naek gentos mobil :( tapi Alhamdulliah akhirna tiasa dugi deui ka Jakarta kalayan salamet.

Euleuh meni panjang gening nya, asa nuju pelajaran mengarang dina bahasa sunda, janten emut ibu Iroh guru basa sunda SMP anu bageur pisan ( Mugia anjeunna dilimpahan kaberkahan ku Allah, Amien).

Wilujeng mudik ka sadaya anu mudik, cag...

-Wida

******************************************************************

Dina Raraga Lebaran, kanggo para wargi, sobat, katut dulur anu natamu ka WSAB:
saninten buah saninten, saninten di parapatan
hapunten abdi hapunten, bilih aya kalelepatan

sareng kanggo wargi WSAB anu muslim :
WILUJENG LEBARAN 1426 H

Nu teu tiasa mudik, tong sedih nyaaa.....(ngahibur diri sendiri)
Wass, Admins