WSAB: September 2005

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, September 27, 2005

Pangalaman di Nagri Anyar

Abdi seja babagi pangalaman yeuh.
Ieu pangalaman Pun Bapa waktos anjeunna ka Prancis nu munggaran,
Waktosna sarapan, anjeunna pesen kulub endog, teras ditaros : "un, deux ou trois ? (hiji, dua atawa tilu?)" Dua, tilu, loba2 teuing, ceuk anjeunna teh.. hiji wae atuh..
pas endogna disadiakeun, euleuh naha atah ?? geuningan hiji dua tilu teh hiji dua atawa tilu menit.. nanging hiji mah atah keneh endogna *lol*

Waktos bade mesen kopi, Pun Bapa ditaros, kadanguna siga kieu "ole ole" naon ole ole teh nya ? cafe au lait bacana cafe ole = kopi nganggo susu *lol*.


Ceuk abdi mah urang prancis teh sararopan pisan.. naros teh kedah wae, siga bonjour, atanapi bonne journee/soiree (have a nice day/afternoon), bon appetit (have a nice meal), bon voyage(have a nice trip) aya nu aneh hiji : bon courage! eta teh kanggo sateuacan ujian, artina : sing sukses! nu aneh deui, mun katincak ku abdi, maranehna nu nyarios "pardon"..
Pangalaman abdi waktos ka Inggris(Leicester) nganggo mobil.. di perjalanan ti London, ditulisna Leicester 20 m.. euleuh, ceuk urang teh, jagoan pisan tiasa perkirakeun ka Leicester 20 menit deui.. setelah 20 menit, teu nyampe2 geuning.. teras aya oge tulisan Service (tempat istirahat) 1/2 m , 1/2 menit, teu mungkin ieu mah.. eh nembe sadar yen m teh mile(s), sistim di Inggris pan teu nganggo km *lol*

lamun di Norwegia, hello teh haihai (bacana, nyeratna mah teu terang kumaha), janten serasa akrab pisan jeung supir bis oge.. jeung ulah kaget, seueur tak.. tak.. sanes aya nu geubis teras bletak! tak teh artina nuhun..

mangga atuh diteraskeun, seueur da pastina ge pangalaman 'seru' di nagri anyar teh...


*Intan*

Friday, September 23, 2005

Nini Ipit deudeuh

Abdi teh teu tiasa nyarios sunda lemes, kumargi pas yuswa 10 taun, Pun Bapa kedah ngalih damel ka Jakarta. Di ibukota mah basa sunda teh jiga barang langka, jadi abdi mah buta basa sunda.

Pas kuliah teh ngadaptar ka UNPAD. Alhamdulilah ditampi di Pakultas Kedokteran. Pas taun kehiji teh sadayana kedah kemping di desa da bade ngalaksanakeun pangabdian kanggo masyarakat. Didieu teh, mahasiswa2 anu anyar diajar mariksa pasen, nyuntik, nensi, ngaresepkeun landong deeldel dsb dsb.

Sateuacan ka ditu, akang2 sareng teteh2 anu tos pada senior teh ngajarkeun kumaha nyarios sunda nu lemes. Tapi ngan anu penting, contohna :

1. nami abdi teh...
2. Gohgoy = batuk, rieut= pusing...
3. Naon nu karaos?? Tos sabaraha lami?


Nah jadi abdi teh ngan ngabekel eta we angkat ka desa di Garut teh. Ceuk abdi teh, da pasti sadayana oge tiasa nyarios Basa Indonesa mah, pan urang Indonesia...
Dugi diditu pasenna seueur pisan, aya meureun nepikeun 300 an mah.. nepikeun engap-engap-an ningalina.

Tah pas sakitar jam 2 sore, aya nini nini kirang lebih mah 70 taun meureun yuswana. Teu tiasa nyarios Basa Indonesa, geus kitu rada budeg (lain rada sih sabenerna mahhh hehehehhe). Pas rerencangan nu tiasa nyarios sunda lemes teh teu aya, nya geus we nekadddd. Kira-kira mah kajadianna teh kieu :


A (abdi) : Ibu... jenenganna?
I : Abdi??? Nini Ipit..
A : Yuswanya sabahara ni??
I : Di RT 05...
A : HAH??? sanes bumina...yuswana????
I : Oh..yuswa.. tos kolot abdi mah (sambil senyum
malu2)
A : Kinten2 sabaraha ni??
I : Nya...70-an lah
A : Nini, naon ku karaos teh??
I : Ieu, abdi teh hulu sok rieut, umpami tos wengi gohgoy wae,
teras socateh ararateul.
A : OOOO???
I : Teras neng dokter, ieu imbit teh pararegel.. tah
didieu neupikeun ka ditu.. (sambil peragaan), ieu
panangan sok singsireuman, tuur laleleus, tah abdi oge sok ararateul umpami tiis teh
A : (mati deh ini mah penyakitna lebih banyak dari pada
se RT digabungin....)
I : tah neng dokter, nini tiasa teu diparios darahna?
(ditensi maksadna mah)
A : Oooohhh... tiasa ni... (bahagia...teu kedah
ngedengekeun deui keluhan nu sa ablak-ablak...)

Saatos ditensi... (hasilna 150/100)

I : neng, kumaha?? Nini teh seuer darah teu??
A : (dalam hati) Seueur darah??? Naon tah?? Anemia???
Huahh???!!! panik... anemia meuereunnya?
Seeur = banyak... banyak darah.... mungkin
nanya dia anemia ato bukan(ahhhhh....pura-pura ngga
denger aja deh)
I : NENG, KUMAHA? ABDI TEH SEEUR DARAH TEU???
A : Hah??? Ohhh? Nya..eta.. emmm.. yah... CUKUP lah ni
(sorana teh lalaunan pisan....)



Hehehhehe...ternyata seuer darah teh = darah tinggi. Punten nya ni... tapi ayeuna mah tos terang. Biasa lah mahasiswa baru tea sok ngajago.. teu daek nanya...hapunten pisan ka nini Ipit.. mudah-mudahan tetep sehat walafiat... Aminnnn.

Duh basa sunda teh...meni hese :P

Pangalaman di kampung Garut, Mei 1998

Nat-nat

Sunday, September 18, 2005

Tukang Becak & BBM

Dina hiji sore, abdi teu kahaja ngupingkeun obrolan antar tukang becak, ngeunaan kenaikan BBM anu ayeuna tos rame di khalayak ramai. tukang becak eta teh kaleresan teu nuju narik muatan, jadi si becak teh diantep kosong sabari didorong da jalan teh rada nanjak ongkoh.
Ari abdi anteng we ditukangeunna, padahal biasana mah abdi teh sok tara sabaran ari nuturkeun tukang becak teh, sok hararese geus mah lalaunan, hayoh sok hese maju.
pokna teh kieu obrolanana,

tukang becak 1 : "urang mah keuheul ka pamarentah ayeuna teh.."
tukang becak 2
: "na kumaha kitu kang?"
tukang becak 1
:"sok geura bandungan...ayeuna majar teh BBM erek
ditaekeun deui.."
tukang becak 2
:"pan urang mah teu make BBM atuh kang, da tukang becak..."
tukang becak 1
:"euh maneh mah...BBM naek tangtu harga-harga barang oge naek"
tukang becak 2
:"enya ari ku kituna mah..."
tukang becak 1
:"pasti we engke teh pamajikan di imah...nyerewedan geura"
tukang becak 2 :"ah...ari eta mah sarua kang...jeung deui henteu keur BBM naek ge, anggeur we dicerewedan..."


abdi katarik ku obrolan eta, nalingaan kamari aya info ti rerencangan yen minyak tanah saurna tos jarang di kampung anjeuna teh da ku awis tea pangaosna.

tukang becak 2 : "kang..majar minyak tanah ge loba diselundupkeun nya?"
tukang becak 1 : "har...eta mah geus lila, tah urang mah beuki keuheul komo ngadenge minyak tanah loba disumputkeun"


si tukang becak ka 2 lami-lami teu seueur nyarios da kaleresan deui tos rada dugi ka pangkalan becak, ngan celetuk we anjeuna teh nyarios kieu,

tukang becak 2 : "kang, ayeuna mah tong seueur saur lah, tong nyalahkeun ka pak SBY yen BBM atawa minyak tanah leungit teh gara-gara pak SBY, eta mah pagawean jalma-jelema anu erek ngancurkeun pamarentahan pak SBY, emangna SBY teh bisa ngatur ku sorangan kitu?tayohna mah kang pasti lieureun pak SBY teh..."

sabari ngadorong becak teh si tukang becak ka 2 masih keneh nyarios,

tukang becak 2 : "saurna ge kan pamarentah teh moal gagabah naekeun harga BBM komo bari ngabeuratkeun rakyat mah...., terus deui eta teh jadi pilihan nu sulit jang anjeuna mah da lain rencana anu dijieun saeunggeus hudang sare..."
tukang becak 1 : "bener tah pamikiran teh, leuheung maneh pinter ayeuna mah nya"
tembalna bari nyengir kuda.


Ari abdi teu sadar mesam-mesem ditukangeunna, bari lansung jut naek angkot.
Saatos ngadangu obrolan eta abdi janten langkung sadar kadang osok hilap teu bersukur kanu nikmat anu atos kuurang dikecap, kadang osok ngaraos kirang weh teras padahal
disakurilingeun urang teh seueur pisan anu langkung susah ti urang.

Ayeuna mah urang ngadu'a sasarengan mugia nagara urang teh sing enggal pulih perekonimianna, sing aman sejahtera sabihara-bihari sapertos kapungkur, gemah ripah loh jinawi teh tiasa kaalaman deui ku urang sadayana ... amin...

* Ika

Tuesday, September 13, 2005

Kukumpul Ngarumpul di Jalan Layang

Kawitna, Bandung kasohor disebatna sister city, teras dirobih janten flower city, teras janten factory outlet city, teras reklame city (saking pinuhna ku reklame), nu terakhir teh janten macet city, crowded city istilahna mah. Utamina pas wiken. Meni pabelit. Tiwas-tiwas seeur anu sajalur ayeuna teh jalana.. Panunjuk jalan oge ngan saukur nerangkeun nu teu puguh henteu inpormatip misalna nerangkeung Rumah Mode (factory outlet) aya dimana. Sanes nerangkeun jalan-jalanna. Anu penting deui slogan na tos robih, nu kapungkur

Bersih Hijau Berbunga - Berhiber
,

ayeuna janten

Bersih, Makmur dan Bermartabat – Bermakber :)


duka tah disebat Bermartabat, terinspirasi ka na martabat (martabak) san fransisco panginten :p

Tah, kanggo ngantisipasi eta kamacetan, tos aya 2 (dua) jalan layang, nyaeta, Kahiji, jalan layang Kiaracondong (Kircon). Kadua, jalan layang paspati atanapi pasteur-surapati. Duanana disambut ‘gegap-gempita’ ku warga, kumargi di Bandung mah teu aya pisan jalan-jalan di luhur. Teu kawas di Jakarta. Janten asa aneh. Di kircon, jalan layangna ngalangkungan jalan kareta api anu super-duper-macet tea. Teras mun bubaran buruh pabrik, sok seeur angkot anu ngetem. Warna na angkotna rupi-rupi, ti warna hejo (cicaheum-kalapa), warna bodas (riungbandung-dago), warna coklat (cicaheum-ciwastra), warna biru (ledeng-margahayu), pokokna sagala aya lah. Janten katingalina ti na luhur jembatan layang teh jiga ”pelangi-pelangi, alangkah indahmu, merah-kuning-hijau” :) Ngan, tingkat kadisiplinan urang-urang teh saleresna jauh keneh. Jalan layang di kircon sok dianggo pamutaran mobil-mobil nu bade ka bumina sapertos anu gaduh bumi di kawasan jalan kampus sekitarna. Alhasil, jalan layang teh anggeur wae macet.

Di paspati oge sabelas-duabelas tingkat kadisiplinana. Paspati teh ti ngawitan jalan surapati (dipayunan bank mandiri) lurus ka arah cikapayang, teras balubur, pelesiran, cihampelas, ngalewatan RSHS, nepika ka arah pasteur. Tah didieu mah nu dimasalahkeun sanes mobil anu resep muter, tapina seeur anu narongkrong! Mun tos sore ka wengi sok ngajejer motor-motor di luhureun pelesiran-balubur. Aya anu pasang-pasangan. Atanapi nu nyandak kaluwarga. Tujuanna ningali city light panginten. Padahal pan aturana mah teu kenging ’nongkrong’ di jalan layang teh. Soalna, kendaraan sok ngarebut. Tapi da bade kumaha deui, resep meureun ningalian bandung di na luhur jalan, bari angin sepoy-sepoy tea. Abdi sareng pun lanceuk sok berandai-andai, aya pasangan anu ngalamar di na luhureun jalan layang, romantis meureun nya! Abdi mah sok palaur, mun teu aya larangan nongkrong, eta jalan layang janten tempat kukumpul anu jualan. Panginten bari ngaleeut bandrek atanapi bajigur, sareng ngopi kulub kacang atanapi murak timbel. Benten pisan sareng di Jakarta. Mun katingali aya nu nongkrong di jembatan semanggi panginten langsung dipiriwitan ku polisi :)

Mugi-mugi kapayun, Bandung nambihan jalan layang kanggo jalan-jalan anu macet. Tapi nya kitu tea, disiplin keudah ditambih!


*Nurul*

Friday, September 09, 2005

Kopi

Abdi resep pisan kana kopi. Unggal dinten upami didamel mah kedah ngaleueut sarupaning Coffeemix. Biasana mah dua kali, enjing2 bari booting komputer, sareng pasosonten da biasana mah di kantor wayah kitu teh pitunduheun . Upami ahir minggu mah sacangkir sadintenna, da osok dipolototan ku pun lanceuk.
Saurna mah, "Kopi teh pangseueurna mung sakali sadinten ".

Pun biang ge, asa nu teu resepeun ningali abdi ngaleueut kopi teh. Padahal ieu mah tos ngirangan pisan dibandingkeun basa abdi nembe kuliah sareng didamel di Jerman, da kapungkur mah tiasa tilu cangkir sadinten.
Leres kitu, kopi teh teu aya sae-saena acan?

Saur para doktor ti palih kulon mah, kopi ngandung antioksidan anu tiasa mencegah kanker. Teras kanggo anu "sesah emut, enggal hilap" kawas abdi , kopi saurna mah nambihan daya ingat. Komo upami osok nundutan mah,saatosna ngaleueut kopi mah pan urang teh janten gugah. Saur teori mah, kopi nambihan metabolisme tubuh matak janten seger.

Tapi da sanajan kitu teh, ngaleueut kopi oge teu kenging seueur teuing. Kafeinna seueur, janten tiasa nambihan tekanan darah, bahaya kanggo anu gaduh hipertensi. Saleresna, kafein tea anu masihan epek sagala rupa dina kopi teh, boh anu sae, boh anu awon. Nu awon sabenten ti hipertensi teh, contona kafeinisme.
Matakna abdi mah moal masihan kopi ka pun anak, sanajan seueur anu nyarios kopi teh tiasa mencegah kejang2. Teras upami nuju hamil, langkung sae upami teu ngaleueut kopi. Asa bodor upami ngemutan, basa hamil Naila mah tiasa teu ngaleueut kopi sababaraha sasih.

Janten upami usaha mah, tiasa oge nya, ngurangan kabiasaan (kacanduan) teh .

Tapi singhoreng...

Istri anu resep kana kopi teh sakedik nya?

Aya weee.. nu nyarios ka abdi, "Geuningan resep ngopi Yan? Teu nyangka ih.."
"Kopi mah kuduna jeung roko.. Piraku ieu mah kopi wungkul."
"Naha bodas keneh Yan, teu kalunturan kopi?"


Dugi ka, "Ih geulis2 ngopi.."

DZIGH..

Teu sadar jender pisan (naon deui). Mangkaning, sebagai antioksidan, kopi membuat awet muda. Oh lepat ketang, sanes awet anom, tapi menarik langkung lami.

-Yanti-

Tuesday, September 06, 2005

Stop Press

WSAB diripyu (baca:review) ku Detikinet....
(inpo ti Yanti via SB, teras abdi naros linkna ka bapak blog tea aka pun lanceukna Nita nuhun nyaaa)

Euleuhhhhh euleuhhh bangga.com swit swit....

Ibu2 sareng para mojang....tambih semangat nya posting....(pesan sponsor admin :D)

Khusus ka redaksi Detik-inet, atas nami WSAB, nuhunkeun pisan atos dimuat, mugi2 eta niat sadayana kanggo riung mungpulung tiasa teras maju sareng tambih seueur anggotana


=======================
REFERENCE - BLOG
Selasa, 06/09/2005 16:45 WIB
wsab.blogspot.com
Riung Mungpulung Lintas Benua




Jakarta, Di era globalisasi dan teknologi informasi, identitas kebangsaan dan kesukuan konon akan semakin menonjol. Salah satunya ditunjukkan oleh sekumpulan wanita sunda yang ngeblog bareng. Kumaha nya?

Blog itu bernama Wanita Sunda Antar Benua dan beralamat di wsab.blogspot.com. Blog itu disebut sebagai Tempat riung mungpulung, nyangreudkeun tali duduluran, jeung ngabewarakeun kamaslahatan. Artinya: Tempat kumpul-kumpul, mengaitkan tali persaudaraan, dan mengabarkan kamaslahatan.

Ada 25 wanita penulis blog berbahasa sunda ini. Beberapa di antara mereka adalah Ninit, penulis novel 'Kok Putusin Gue?' yang saat ini tinggal di Afrika Selatan. Selain itu ada juga Nita Yuanita, tak lain adalah istri 'Bapak Blogger Indonesia' Enda Nasution.

Meski menyebut diri sebagai blog wanita sunda, blog ini tidak melulu berisi wanita keturunan Sunda, Jawa Barat. Ada beberapa anggota blog rame-rame ini yang bukan Orang Sunda. Misalnya Patsy alias Patricia Astrid, eks-mahasiswa sebuah universitas di Bandung yang kini ada di Belanda itu adalah keturunan Batak asli.

Blog dengan tampilan warna koneng (Sunda:kuning cerah-red) ini memang melulu menampilkan tulisan dalam Bahasa Sunda. Bagi yang tidak mengerti, atau tidak terbiasa, berbahasa Sunda dijamin lieur alias pusing.

Nama Blog: Wanita Sunda Antar Benua....
Alamat Blog: http://wsab.blogspot.com/
Blurb: Mangga Wilujeng Sumping!!!!
Hosting: Blogspot.com (Blogger)(wsh)

Upami bade ningali ieu linknya
WSAB di Detik

Monday, September 05, 2005

Emang Copet & EMINEM ala Sunda

Urang sunda teh sopan santunna, lemah lembutna ka koncara kamana-mana. Tah ieu pangalaman nyata abdi sareng kulawargi abdi di kota Bandung.

CARIOS:1
Maling sendal.

Harita teh pun lanceuk nuju calik di ruang tamu. Anjeuna teh gegeroan ka pun biang:
"Mah, itu saha nu nyadakan sendal..."
Ari ditingali teh bapa-bapa nunju nyandakan sendal-sendal anu aya di teras bumi. Teras pun biang kaluar. Pun biang nyarios:
"Mang, eta sendal kunaon di candakan? eta sendal sadayana oge gagaduhan...."
Eta si emang copet teh meuni reuwas, bari andeprok dina kekeset bari nangkeup karung isi sendal. Emang copet:
"Aduh neng, hapunteun... ulah kirang-kirang ngahapunteun *bari nyembah-nyembah* Ari manawi teh ieu bumi kosong, da unggal emang ngalangkung oge tara ningal aya jalmi di payun. Hapunteun neng.. hapunteun... Ayeuna ku emang bade di uihkeun deui ieu sandal *bari ngaluarkeun sendal tina karung*. Sakali deui neng, ulah kirang-kirang nga hapunteun. Ayeuna emang bade uih"

Pun biang: "heueuh lah di hapunteun. Mang kadenya ulah kitu-kitu deui. Untung emang aya di bumi abdi, upami nu sanes mah emang tiasa dilaporkeun ka polisi"
Emang copet:"muhun neng..." Teras teh si emang copet angkat. Tapi sababaraha lengkah ti bumi mang copet balik deui.
Emang copet: "hapunteun neng, hapunteun sakali deui..."

Eh..cageur mang...lain lumpat kitu,malah balik deui......pikaserieun wae...hehehe..!!.
Tah ieu carios nyata....di Bandung mah maling oge meuni sararopan.

-------------------------------

CARIOS 2:
Yo..yo..yo....abdi eminem ti kebon kopi.

Harita teh abdi, pun lanceuk, bun bibi nuju jalan-jalan bade milarian warnet. Nuju kabingungan milari warnet, kaleresan aya grup pamuda anu dangdosanana teu benten sareng penyayi Eminem aka si cool dude tea. Ieu pemuda teh dangdosan nana, jalanna sareng ngomong na teh meuni pangkeh pisan/siga preman. Pun bibi naros ka salah hiji pemuda eta
Pun bibi: "punten a,dupi warnet di palih mana?.."
Dina emutan abdi teh,ieu pemuda pasti galak/berengsek. Eh salah euy sayah...eta si cool dude teh meuni kacida sopana. Nunjuk ka warnet bari dodongkoan (nuduhkeunana oge meuni sopan, ngaggo jempol panangan).

Gelo euy millenium kieu, masih aya eminem anu sopan siga kitu. Tah eta gayana ucing gering di Bandung....pararangkeh tapi sararopan..!!.

Wassalam, Deasy x.

Thursday, September 01, 2005

Salah Ngertos...

Ari salah pangartian, tiasa dina masalah naon bae nya, ngan bahasan abdi mah, salah pangartian dina panyesuaian basa caroge khusus na …

Pasti sadaya na tos terang kumaha pangalaman2 nyeusuaikeun bahasa batur. Tong sih anu tinggal di Luar Negeri, anu tinggal di nagara sorangan oge, sok aya sesah na lamun nyeusuaikeun cicing di tempat anu beda bahasana … tapi masih untung aya bahasa Indonesia nya ).

Tapi dina belajar bahasa batur teh … aya anu cepat nya nangkap na, atawa bisa oge ngeselkeun, da lila ngarti na ( model abdi yeuh hehehe … ). Masih mending anu tos aya tiasa dasar2 na … teu pati stress teuing nya belajar na.

Kapungkur atuh, abdi di sakola balajar bahasa Inggris & Jerman, geuning ari ulangan sok peunteun 10 atanapi 9, teu jaminan tiasa nyarios eta bahasa2 …, gaya beh nya ari penteun mah kengeng ageung hasil na :D …. da ari teu praktek mah, sok rada sesah, komo teu di tunjang kursus2 mah ….

Dina belajar ieu, kadang2 sok salah ngarti geuning … komo tea diajar Inggris, anu di alaman ku abdi … tong sih kumaha belajar was wes wos na …, ngartikeun kata2 na oge meuni sesah nya, kata demi kata sok katuker, da hampir sarua bae pangucapan na … da dadasar abdi mah, anu paling apal ngan

YES or NO hungkul hehehe ….


Contoh pengalaman abdi nya :
Pas nembe dongkap ka dieu ( US ), pertama kali na si akang gering, duuuuuuuh meuni sieun pisan, trus si akang ka abdi menta tulung,

Akang : “ Can you take my PILL ???? “
Abdi : OK


Trus, abdi ka handap, nelpon kk na si akang anu nami na PHIL …. Sabari babalepotan oge, inti na menta eta pun ipar teh dongkap ka bumi. Trus abdi laporan ka si akang, eta pun lanceuk na bakalan dongkap sacepat na …

Eleuh … nya pasti lah si akang tambah lieur sirah na … sabari maksakeun turun & nerangkeun ka abdi , anu di menta tulung teh, pang nyandakeun obat na …. Lain menta lanceuk na datang hihihi … Duuuuuuuh, meuni bingung & isin jadi na, komo pas lanceuk na dongkap ka bumi ….

Beureum2 deh, da ku era pisan … :D,


atuh mun nyebat na medicine mah, pasti deh abdi ngartos …. J

Jadi tiasa di bayangkeun pan, kumaha pengalaman abdi dina belajar Bahasa na si akang, da si akang oge rada sesah belajar bahasa abdi, soalna da tara di ajar nya, tapi ari bahasa2 anu kasar na mah, geuning cepat apal nya … hehehehe …

Kitu oge, pengalaman pun Rai abdi anu nikah sareng orang jawa … teu pados ngarti bahasa caroge na …. Sesah belajar ngomong na, cenah … ngan lamun caroge na ngobrol2 sareng Ibu na … eta pun Rai sok nyeletuk …

“ Hayoooo, naon nya ngomongkeun urang “ hihihi
….

Jadi sabari teu tiasa ngucap na, ari ngarti inti na mah, past beh ka tangkap oge nya maksad na …

Kitu beh , punten ngan sakedik …. Lamun aya anu nambahin, mangga pisan …. Mun aya anu lepat, sing di hapunten …

Nia