WSAB: Ceplak Garut
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, December 26, 2005

Ceplak Garut

Asal muasal Pasar Ceplak Garut

Lamun urang muka kamus basa Sunda ceplak atawa nyeplak teh hartosna ngaluarkeun sora upami nuju tuang. Tata cara tuang siga gitu teh upami kanggo orang Sunda mah dianggap teu sopan.

Tapi di Kota Garut aya Pasar Ceplak nya eta tempat taruang warga Garut nu haroream masak(abdi contona hehehehehe). Saur informasi sepuh mah nu dipikauninga ku nu daragang di Pasar Ceplak memang aya sajarah na cenah.

Kieu sajarahna the Sahiji waktos taun 1970-an, kaayaan ekonomi teh nuju sulit pisan kumargi paceklik panjang, Tuangeun hese pisan dipilari dugi ka masarakat teh tuang sangu oyek (sangu tina sampeu tea gening). Kaayaan siga kitu teh dijantenkeun obrolan antara warga nu nuju balanja sareng nu icalan di pasar. Diantara na teh nu di obrolkeun nyaeta kacipta nikmatna tuang sangu oyek dugika ceplak (nyapek bari disada tea).

Pasar Ceplak kapunggkur dikenal ku nami jalan Biodeem (Koramil). Taun 1970-an jalan eta teh dibagi dua, anu palih kaler janten jalan Siliwangi tah anu Wetan Jl.Ceplak. Ayeuna mah dugi ka palih kaler oge lebet ka jalan Siliwangi nu manjang ti kawit Jl. Kiansantang dugi ka ujung Jl. Ciledung (bumi pun biang didieu tah hehehehhehe).

Tah lahan nu dianggo Pasar Ceplak teh ngawit ti parapatan Jl.Cikuray dugi ka ujung Jl. Ciledug nu panjangna kirang langkung 200 meter. Rame na ieu pasar teh mung sonten wungkul dugi ka tengah wengi. Upami enjing dugi ka siang mah ningali jalan ieu teu katinggal pasar margi lening we bersih...

Cag ah

-Fifi Refiani-

11 Waleran:

At 12:58 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

jadi pasar ceplak teh pasar asakan nya? siga pasar wadai di banjarmasin, pas romadon!... bener ieu mah pasar teh ngabantos pisan nu uih kantor nya? bukana ti sore..

sebelah mana tarogong sih ieu?
Pasar Leles?

 
At 12:02 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

muhun pasar ceplak teh pasar asakan nu sagala aya ti sate gule nepi ka goreng sampeu, awug jeung sajabana. Sonoooooo....Ieu pasar teh tempat kencana si mamah jeung bapa abi mun tanggal hijian hihi susumputan ti barudakna meh duaan wae.

Aya-na di pusat kota garut ceu Oph, ti tarogong mah rada ka wetan sigana nya Teh Fifi, sanes pasar leles oge, tebih deui ti pasar leles mah. Yuuuu urang ka Garutttttt!!!

 
At 4:13 PM, Blogger Fie ngawaler ...

Muhun Ophie ieu teh pasar na nu marales masak hehehehhehe.
Ieu pasar teh ayana di tengah kota pisan janten ti Tarogong mah tebih keneh komo ti Leles mah ....

Kamari Libur Natal liburan ka Garut dangu2 cenah ngawitan ping 1 Jan 2006 si Pasar Ceplak Teh Bade ngalih ti Jalan Siliwangi ka Jalan Bank ..... hehhehe rada tebih tah ieu mah ti rorompok pun biang.

 
At 10:06 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

aduh jadi panasaran...heheh cingan ah ngke mun ka Garut urang taroskeun ah...teh Fifi libur teu mun hari libur? hihi gaya nya iraha uih ka Endonesya na ge...ah suganan taun payun ..urang toong kaditu teh...

 
At 5:09 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Aduuhhhh saya teu kacipta euuy pasar ceplak teh...can pernah kagarut atuda.....:-(
hayang awug euuyyy...eh teu nyambung nya? hehehehe

 
At 8:52 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

naha nya basa abdi ka garut teu apal pasar ieu? hihi.. padahal abdi resep kana pasar nu kararieu teh, comot comot comot.... mmmhhh tinggal ammm (bayaaar :p)...

nu kapendakan ku abdi mah es goyobod wee di alun2 hihi....
hidup goyobod :d

 
At 10:52 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

ih abi ge teu apal aya pasar ceplak, katinggali teu gaul nya ... terang teh cipanas garut sareng cikajang weh(lembur emakku)

Resep jigana amun WSAB kopdar sadayana di pasar Ceplak, bener2 carareplak jeung carerewed ... waaahhh resep ...

 
At 1:16 AM, Blogger Fie ngawaler ...

Pasar Ceplak mah unggal dinten ge Buka teu aya liburna ...

Wa Roo ... eta ti Es Goyobod alun2 mah caket atuch lurusan jalan mun bade ka alun2 ti jalan ciledug ...
BTW ayeuna Es Goyobod teh tos ngalih ka Jalan A Yani caket Bank Mandiri ....

 
At 11:45 PM, Blogger Nandar ngawaler ...

Basa keur kuliah keneh, kuring kungsi ngajak ulin babaturan urang Cipanas-Cianjur, Jakarta, jeung urang Padang. Maranehna harelokeun pas nempo ramena Pengkolan dina wanci pasosore, komo lebah Pasar Ceplak mah...
"Di Garut mah memang kieu adatna, euy... Pan katelahna ge Kota Rametuk!" ceuk kuring teh.
Enya, Kota Rametuk, da ramena teh ukur wanci sore. Geus magrib mah ngarampih deui tah nu jalan-jalan teh, sepi we...

 
At 4:34 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

waraas nya ari ngadangu soal garut teh. soalna pun biang asal garut, dimakamkeun oge di garut di suci. abdi masih ka garut upami nadran, teras mun sono kana kupat tahu sareng es goyobod penjara.

 
At 5:53 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

di pasar ceplak teh aya Mie Gede di sebutna teh ... duh enakna teu katulungan ... letakna teh pas di tengah2 ... duka tah ayeuna aya keneh atanapi hanteu

 

Post a Comment

<< Ka Payun