WSAB: Anatomi, epolusi, bahasa
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, December 21, 2005

Anatomi, epolusi, bahasa

Harita teh abdi kedah ngadamel sipi (curriculum vitae) kanggo pun bapa.


“Pah, papah ngadamel we sipi-na, teras dikirim ka abdi kanggo perbaikan”, ceuk abdi ka pun bapa (nganggo bahasa Indonesia atuh …) “Okeh,” ceuk pun bapa.


Di sipi pun bapa nyebatkeun:


English: pluent (okeh, dicontreng OK ku abdi), Bahasa Indonesia: pluent (naon ieu teh, pan bahasa indonesia kedahna mah bahasa ibu, kunaon pluent nya … ah meureun lepat ieu pun bapa), Bataknese : netip (native).


Hahahaha, barakatak seuri abdi jadina. Jadi, keur pun bapa, Bahasa Indonesia teh sami posisina sareng Inggris, sami-sami bahasa deungeun !

Pun bapa geus sabaraha tahun nya di Bandung Jawa Barat teh, aya 35 tahun, ngan nyarios Sunda teu tiasa. Ari pun ibu, 30 tahun di Bandung, tapi pun ibu tiasa nyarios Sunda, pluent lah kitu.


“Jang, cai bodas nya!” kitu tah saur pun bapa ka pelayan restoran. Hahaha, seuri wee abdi jeung pun ibu jadina, eta air putih terjemahananna ceuk orang Walanda mah meuni “letterlijk” pisan!


Kunaon nya pun bapa janten 35 tahun di Bandung teu tiasa nyarios Sunda, ari pun ibu tiasa. Meureun pun bapa teh hoream belajar Sunda, atawa aya deui alasan nu laen? Teras, kunaon tah eta logatna teu pas nya? Padahal mah geus sakitu lamina di Bandung, kedahna mah logat mah tiasa atuh nirukeun.

Hasil obserpasi abdi, eta teh aya hubungannana sareng anatomi jeung epolusi (ieu mah keur bobodaran wae, abdi ge teu percanten teuing ka teori epolusi). Bahasa Sunda teh paling pas kanggo jelema nu suarana teh boga oktaf tinggi, siga Mariah Carey atawa Whitney Houston (emut teu di pideo klipna Bodyguard, pas teh Whitney nyinden bagian ‘and I...aaaaaaaI’).

Cobian we geura,


“Bade kamanaaaaa ?”


kadanguna beda pisan lamun diucapkeun Pranajaya sareng suara nu ‘pitch’-na tinggi (atawa cempreng hehe). Nu seusah oge teh kata-kata nu aya “eu”, contona “geuleuh”. Aya babaturan ti Klaten nu ngucapkeun “geuleuh” teh ‘geleh’ (e-na pondok pisan). Baheula mah eta babaturan kuliah teh lieur pisan nyebutkeun “Ciumbuleuit” nepi ka kaplintiran lidahna !

Nah meureun aya jelema nu boga suara bass atawa alto (anatomina geus beda), sesah nyarios Sunda sareng cengkokna tea!

Naon deui hubungannana sareng epolusi. Ceuk calon caroge teh (ayeuna mah tos caroge :D-admin), bedana Bandung jeung Medan, di Bandung mah jalan sapuluh meter geus loba nu gareulis, ari di Medan, sapuluh kilo ge teu aya nu geulis (ieu mah ceuk kabogoh, abdi mah teu teurang pastina, da saumur umur abdi ngan sakali ka Medan, jaman abdi TK!).

Kunaon nya urang Sunda gareulis ? Abdi teh ngira eta aya oge hubunganna sareng bahasa Sunda. Eta bahasa Sunda narik otot pipi pisan, contona:



“Kumahaaaaa”,


Paingan we urang Sunda teh kenceng-kenceng kulitna, da saban poe nyarios Sunda bari face lift, teu kedah nganggo Botox !

Nurutkeun teori epolusi, eta teh urang Sunda berepolusi, nyarios Sunda saban poe, kulitna singset, teras kulit nu singset tea diturunkeun ka anak incu.

Aya nu heureuy oge teh anatomi urang Walanda (ieu ge heureuy nya , sanes aya maksud ngaledek). Abdi pan di Walanda calikna teh di propinsi North Brabant, eta teh di dieu teh bahasa Walandanya “hipu” kitu. Contona, kecap “zo” kitu nyariosnya kedah “sssssssscshzo ”, jadina teh eta biwir kedah rada dimonyongkeun heula.



“Pantesan abdi teu tiasa nyarios Walanda nu pas!” ceuk babaturan, harita teh abdi sareng babaturan keur numpak kereta di Eindhoven. Aya loba eta urang Walanda oge sagerbong.

“Kunaon ?”

“Tingali we tah urang Eindhoven, biwirna teh maju, jadina teh gampil nyarios Walanda. “

“Maenya …. “ ceuk abdi teu percanten, teras abdi nyobian eta monyongkeun biwir, “ssssssscszo”. “Leres, gampil nya lamun biwir teh maju!”


Hahaha, seuri abdi jadina, kedah ati-ati atuh lamun diajar bahasa, tong persis-persis teuing sareng aslina, engke aya wee eta parobahan pisik atawa epolusi.


-Patsy

9 Waleran:

At 5:13 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Assiiiikkkk ... kahiji euy ...

Kabayang kuabi patsy nyarios 'ssssscszo' bari manyun di kareta deuih hehehehe ....

Abi ge ah bade ngomong terus atuh ngarah geulis, itung2 olahraga wajah nya pat??? ngan siga nu gelo meureun amun eweh lawan ngomong na mah ...
ah biarin ajahhhh nu penting jadi geulis ceuk patsy oge ...

 
At 5:31 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

wah gening kitu nya..asik..asik..asik, hayu atuh urang budayakeun nyarios sunda dimana-mana..ngarah tetep singset kulit-na :d

 
At 1:05 AM, Blogger Patricia Astrid ngawaler ...

Wida jeung Ika, leres, nyarios Sunda sarua jeung facelift hahaha .. .ari nyarious Walanda, kedah kade nya hahaha!

Hatur nuhun ka admin nya geus dipasang postingna! Ari ieu Nyi Haseum kumaha, damang teu .... teu asa-asa keueng di dunia blog ayeuna :)

 
At 1:27 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

alus pisaaaan pat *duajempol*
mun ngomong sundana internet wungkul bari ngetik, jari ge janten geulis atuh nya :P

intan

 
At 4:11 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hahaha kabayang patsy monyong.. heuhuehehe..
ngmg2, hikmah carita ieu kanggo abdi mah.. brarti salah sahiji cara membuat kulit singset buat saya mah nyaeta kedah langkung rajin ngempelkeun karyawan urang sunda yeuh! hihi
mayan lah sigana mah, ambeh tiasa nyarios sunda unggal dinten sanajan nuju aya di kantor oge! :P

 
At 2:37 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Kumaha damaaaaaang...

Nuju naraon ibu2 wsab teeeehhhh
Kamarana eneng2 geulisnaaaaa...

*test test.. latihan.... Patsy.. kunaon damis abdi angger wae?

hihihi.... akut iru mah :p

 
At 11:26 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

akut iru teh naon ro?

didieu ge kitu
nu umlaut2 tea walaaahhh

jadi mulutnya E keluarnya U
jadi mulutnya U keluarnya O

lieurrrrrr

Patsy salam ah ka si Om..lucuuu eta cai bodas..hihihi

 
At 5:06 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Oh kitunya patsy?? atuh mun hayang jago nyanyi siga penyanyi2 negro kitu kudu kandel sareng rada dower heula lambey na? heu hueyyyy deudeuh... aya aya wae neng patsy mah,..-) mun disuntik silikon meh lambeyna kandel ngajamin sora jadi alus jeung jago nyanyi teu nya??

Tapi nya... eta cai bodas teh leres kitu.... pami nyarios cai wungkul pasti ditaros deui.. bade teh, cikopi atanapi cai herang pa?? :D

 
At 7:53 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

ha ha ha ha ha ha (ceu patsy mah ari ngabodor teh mani seseepan).

 

Post a Comment

<< Ka Payun