WSAB: Mudik
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, November 02, 2005

Mudik

Lebaran sakedap deui, abdi bade babagi pangalaman mudik taun kamari ke Cianjur, Cianjur Kidul tepatna Cibinong. Perjalanan ka ditu panjaaaaangg pisan para wargi sadaya, tapi da hoyong silaturahim ka ibu-rama tea. Upami di basakeun mah


Lautan kan kudaki, gunung kan ku sebrangi (tibalik nya?)

Rute pertama
Awalna abdi naek motor ti Jakarta angkat tabuh 7 enjing dugika Bogor ( abdi milih Bogor margi di terminal rambutan mah hoream di toelan/diriung ku preman nurustunjung).

Rute kadua
Ti Bogor naek mobil colt alit (elep/elf upami saur urang Cianjur Kidul mah :D). Dugi ka Terminal Cianjur teh tabuh 9-an.

Rute katilu
Ti terminal Cianjur neraskeun perjalanan ngidul kirang langkung jarakna 130km/4 jam perjalanan naek colt ageung.

Rute kaopat
Teras lungsur tina colt dilajengkeun naek ojek kirang langkung 5 km dugika tungtung jalan aspal mayarna 2000 rupiah. Kumargi jalan ka rorompok sepuh teu acan diaspal, upami usum hujan motor moal jalan sedengken upami mapah cape mangkaning nuju shaum ( 12 km tebihna bari nanjak-mudun margi daerah perbukitan). Sabenerna pernah nyoba di anter aa na naek motor, barang motorna maju, pan garinjul, nu di bonceng murag, gubraghhh...jadi kedah nganggo mobil off road mun melalui jalan pintas mah.

Janten abdi milih jalan cai mung janten langkung tebih margi ari walungan mah kan muter2 teu siga jalan darat, naek parahu motor alit/bargas arahna ti hilir ka hulu peryogi waktos 2 jam, mayarna 15 rebu rupiah. Naek parahu teh saleresna pikaresepeun margi kenca-katuhu pamandanganna endah sareng seueur manuk cai anu warnana rupi2 janten teu matak bosen lah calik dina parahu teh. Nanging aya oge pangalaman anu pikareuwaseun, teu disangka2 aya kayu nyorondoy hampir keuna kana leher abdi, untung abdi calik rada gigir jadi we salamet teu kunanaon.

Tapi teu acan dugi ka bumi eta teh, margi walungan pengkeren bumi mah kirang jero janten eta parahu teh teu tiasa dugi, hanjat tina perahu, hujan gede, dor dar gelap sambil bawa dus, teu di payung tea, nyandak kardus oleh-oleh kanggo kulawargi. Siga di pelem pelem geuning :p.

Rute kalima
Saterasna masih kedah dilajengkeun kana ojek deui kirang langkung sajam perjalanan, aya kana 5 kilo jarakna teh, naek turun bukit mayar 10 rebu. Ari heg teh pas nembe clak kana ojek hujan turun deui janten jalan anu teu acan garing pisan teh baseuh sareng leueuer (licin) deui, perkawis geubis tina motor mah tos biasa matak kedah taki2/siap2 upami motor karaos oleng(tapi da sapanjang jalan oge oleng wae eta motor teh :D).
Matak ibu2 anu nuju bobot/hamil mah mending mapah atanapi tong mudik we ka kampung abdi mah :D. Nanging, sanaos perjalanan sapertos kitu, "menantang", henteu janten matak kapok kanggo abdi sareng raka2 kanggo mudik unggal taun ka kampung halaman.

Tapi abdi heran, naha nya sepuh teh alim di ajak ngalih ka kota? padahal di kampung teh meni tebih kamana-mana sareng hese upami peryogi nanaon teh (rumahsakit, pasar).

Tah dugi ka rorompok kirang langkung tabuh 4, total perjalanan 9 jam meulah pulau jawa ti kaler ka kidul.

Kanggo mudik taun ayeuna rada ringrang oge, margi saur pun Bapa nuju usum urug/longsor. Kuheul oge ka jalmi2 anu asal naluaran(narebangan) tatangkalan kanggo di ical ka bandar jabaning mirah deuih

Upami taun kamari mah pas mulihna ka kota mendak urug teh meni aya sababaraha lokasi, di tengah jalan aya gunungan taneuh atuh janten turun naek gentos mobil :( tapi Alhamdulliah akhirna tiasa dugi deui ka Jakarta kalayan salamet.

Euleuh meni panjang gening nya, asa nuju pelajaran mengarang dina bahasa sunda, janten emut ibu Iroh guru basa sunda SMP anu bageur pisan ( Mugia anjeunna dilimpahan kaberkahan ku Allah, Amien).

Wilujeng mudik ka sadaya anu mudik, cag...

-Wida

******************************************************************

Dina Raraga Lebaran, kanggo para wargi, sobat, katut dulur anu natamu ka WSAB:
saninten buah saninten, saninten di parapatan
hapunten abdi hapunten, bilih aya kalelepatan

sareng kanggo wargi WSAB anu muslim :
WILUJENG LEBARAN 1426 H

Nu teu tiasa mudik, tong sedih nyaaa.....(ngahibur diri sendiri)
Wass, Admins

7 Waleran:

At 4:53 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

duhhh lalakon mudikna wida leres2 petualangan yeuh...

abdi mah ngalaman mudik teh paling pasedek2 lebet kana beus wee di Cicaheum, duka tah, ongkoh di nomer, tapi paheula2 angger wee... heheh...

nanging leres wid, moal matak kapok kanggo nepungan sepuh komo pas lebaran kieu nya...

sok atuh wilujeng mudik mugi2 nu ayeuna langkung lancar tinu kamari...

***********************************

WILUJENG LEBARANG oge ka sakumna wsab sareng sadaya anu maos...

***********************************

 
At 5:37 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Widaa tong nikah di lembur nya, hese nyumpinganna hehe. Nya sanaos sesah tapi matak pinineungeun mudik teh, kantenan yeuh anu lebaran munggaran di lembur batur meni sono padedempetna dina elf teh, sanajan bau sagala rupa hihi...

Kanggo nu mudiks...wilujeng mugia dilancarkeun diperjalanna.

WILUJENG BOBORAN SYIAM, Hapunten lahir batin kana sagala lepat anu karaos atanapi henteu.

 
At 6:46 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Pokokna mudik lebaran mah tiada duanya deh ... resep pisan, suka-dukana komo tos janten cerita mah nya, dikenang teh aya nu pikaseurieunnana aya anu pikakeheulennana kumplit weh pokokna mah ...

Teu hilap Ika sakulawargi bade ngucapkeun 'Minal Aidzin Wal Faidzin, mohon maaf lahir Bathin'

 
At 8:08 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

- InsyaAllah Teh Lia, do'akeun we nya..tong mgengingkeun urang lembur :D


Wilujeng boboran syiam ka sadayana para wargi anu aya dina kempelan wsab ieu, hapunten tina samudaya kalepatan

 
At 9:13 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Wilujeng ka sadayaaaaaaa

Punten abi sok pikaseubeuleun

hehehe

 
At 8:26 AM, Blogger Nia ngawaler ...

Penuh perjuangan oge nya mun Wida mudik .... ari daerah puncak ka cianjur masih macet teu ???

Abdi mah mudik thn kamari tanpa si akang, duuuuuh, meuni karaos pisan repot na, komo sabari neteng barudak mah hehehe ...

Selamat Idul Fitri kanggo sadayana, mohon di hapunten bilih aya kelepatan ti abdi ... :)

 
At 3:07 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Cool guestbook, interesting information... Keep it UP
» » »

 

Post a Comment

<< Ka Payun