WSAB: Tips Cara Ngatur Keuangan Saderek..
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, October 06, 2005

Tips Cara Ngatur Keuangan Saderek..

Aya papatah nyebatkeun: Micinta artos teh akar sagala kajahatan!

Upami saderek hoyong hirup aman sejahtera bari jeung teu diudag-udag ku rasa kuatir perkawis kauangan, di handap ieu aya sababaraha saran nu tiasa dilakukeun ku saderek


1. UJI UKURAN KALAYAN NILAI ARTOS NU DICEPENG KU SADEREK SALAMI IEU


Balanjakeun artos nu aya kangge hal-hal anu penting kalayan berharga(bernilai), kumargi kitu teu berlebihan upami aya jalmi nu nyarios kieu; upami urang hoyong terang hal-hal naon wae anu berharga dina pandangan jalmi, tingalikeun cara anjeunna ngabalanjakeun artosna.

2. ATUR ANGGARAN BALANJA:


Utamikeun bayar anu parenting sapertos; rekening-rekening... nyaeta: listrik, runtah, cai, artos bayaran sakola barudak, ongkos kendaraan ka padamelan, telepon, PBB.(naon deui nya?) tambihan we nyalira....HP?

3. JAUHKEUN MESER KU DORONGAN...MARGI HOYONG ATANAPI RESEP(BOGOH)


Balanja kumargi dorongan parasaan hoyong atanapi resep(bogoh) tantos nyered urang kana daerah bahaya. Hiji-hijina jalan ka luar tina daerah bahaya ieu nyaeta angkat tebih-tebih ti Departemen Store(Swalayan).
Catet hal-hal anu bade dipeser sateuacanna angkat ti bumi.

4. ATI-ATI NGAGALEUH BARANG ANU AWIS


Urang kedah extra ati-ati ngagaleuh barang awis sapertos: bumi, mobil, barang elektronik, mebel, sareng sajabina. Tong nyicil barang-barang, katingalina mah mirah tapi eta teh nyered urang kana kasangsaraan mangtahun-tahun, kumargi sabagian ageung artos dianggo mayar cicilan.

5. MASIHAN KA BATUR(BERAMAL)


Hiji hal penting nu kedah ditambihkeun kana daftar pangaluaran urang nyaeta "MASIHAN KA BATUR" Aya parasaan sukacita upami urang tiasa barang pasihan teh boh ka wargi atanapi ka batur. Hartosna sakedik, atanapi seueur saleresna mah relatif, margi upami urang ngabandingkeun kaayaan urang sareng kaayaan batur anu kaayaan ekonomina lemah, tantos urang ngaraos beunghar, tapi upami urang ngabandingkeun diri nyalira
sareng anu beunghar tangtos urang teh ngaraos miskin (teu gaduh).

6. DIAJAR NYUKUPKEUN DIRI


Ibadah teh upami disarengan ku rasa cekap....masihan kauntungan nu ageung saurna, margi urang teh teu nyandak nanaon ka dunya, sareng urang oge moal nyandak nanaon ka luar ti dunya ieu, asal aya katuangan sareng anggoan cekap we.... tapi jalmi anu hayang beunghar geubis kana cobaan, kana jerat sareng kana sagala hawa nafsu anu hampa nu matak nyilakakeun, nu neuleumkeun jalmi kana karuntuhan sareng kabinasaan. Sakali deui margiiiii...."MICINTA ARTOS TEH NYAETA AKAR SAGALA KAJAHATAN"

7. AJAR MURANGKALIH NGABALANJAKEUN ARTOS JAJAN(UANG SAKU)


Murangkalih mung tiasa ngatur artos upami anjeunna nyepeng artos. Artos jajan(uang saku) tiasa dipasihkeun ti ngawitan murangkalih di kelas O, saatos yuswa 10-11, urang tiasa masihan langkung,ajarkeun cara ngabalanjakeun artos, bentenkeun antawis nu peryogi sareng nu teu peryogi. Utamana ajarkeun cara ngabalanjakeun mana nu peryogi pisan, mana nu dipikahoyong, upami aya sesa balanjakeun nu nuju janten tren jaman ayeuna!

Saduran tina buku: "PARENTS : CHILDREN HOW TO MANAGE YOUR FINANCES"
BY: Gary R Collins

Disundakeun ku teh Willa dina milist WSAB.

Bilih aya tambihan sareng pertarosan mangga urang obrolkeun sasarengan.

6 Waleran:

At 1:56 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

secara abi wanodya sunda anu matre tea..hihihi bagian keuangan diserahkan ka pun lanceuk, dengan pembukuan yang rapih..hihihi..bebas euy ti lieur2 ngurus nu kitu...

nuhun ah te willa nasehatna, bade diamalkeun lah

 
At 5:27 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Samiiiii! hehe Teh ophi, naha atuh meuni sami pisan. Saya oge kitu. Rumaos teu tiasa mengamalkan dasa dharma pramuka jiga nu ku Teh Willa diseratkeun.. hihihi, tahh janten we bagian keuangan kulawargi abdi mah diserahkan ka pun lanceuk.
Pami teu kitu mah, pasti seep ku abdi dianggo mayar tagihan telepon sareng meser baso! :P

Nuhun ah teh Willa! Tapi eta anu 'tong balanja ngangge dorongan'.. pami meser beas kumaha atuh Teh? Maenya we kedah diaakod mah.. hihi :D

 
At 10:57 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Aeehhh sanes pedah nurutan seng nu diluhur yeuhhh...

Abdi ge sami anu ngetang2 teh pun bojo. Ieu mah pedah manehna ngetang pangabutuh nganggo software namina "Quicken 2003". Saur anjeuna, hebat pisan eta software. Ngabantos kamanehna anu gaduh kartu langkung ti 6, abdi 4 *pikasebeleun yeuh nu ieu teh...

Mung eta software teh saukur alat kontrol, da anu saleresna ngatur pangabutuh mah urang2 keneh.

Panuju kanu di serat ku teh Willa, nanging prak2annana radi lieur teh, utamina "Angkat2an nebihan Dep't Store" hihi... rumaos jalan2 teu tebih tinu kitu...

 
At 9:32 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Waaaah..wilujeng atuh kangge teteh2 nu diluhur..mani raos nya garaduh asitten eh...asisten keuangan. pami dirikyuh mah tiap sasih oge artos gajih pun lanceuk teh digubragkeun sadaya sareng amplop-amplopna dipayuneun abdi :(
janten wae bingung nyalira ngolahna...duka da pun lanceuk mah alim pisan nyepeng artos teh *emh...shalihnya suamikuh..*

Teh Willaaa, hatur nuhun pisan artikelna ngabantos....

 
At 3:14 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Eva, upami suami alim nyepeng artos eta shalih nya? eta teh berheureuy atau beneran? soalna teu aya gambar nyengirna hehehe, upami beneran, MB kedah dipasihan terang yeuh..mas supaya shalih , uang abi nu nyepeng..hihihihi

tapi alasan abi mah da abi na rumaos, gatot wae nyepeng artos teh, sami seng bu Yoga tah di luhur.. (awal2 pernikahan teh,biasa tea dangu2 ehh pokonya uang tuh kudu dipegang istri!), jd abi nu nyepeng bari tekor..hihi..ayeuna ku suami weh, tentunya dengan pembukuan yang terbuka..dan jajan abi cekap..hihihi

 
At 8:27 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

euleuh meni raresep nya eta nu tos teu lieur deui ngurus artos, ari abdi mah kuduaan we, jadi nu lieurna ge duaan hehe, pami waktos di Bandung mah ku abdi sagemblengna ngan nya kitu tea, gaji PNS teh meni teu cekap wae da amenganna ka BIP hehe, untung didieu kendaraan hese jadi ka mall teh rada teu resep jabi kedah ngagigiwing barudak lah rariweuh, jadi katahan tah. Tapi angger we bukan berarti artos awet.

Irmaa teh willa mah da sanes dorongan trolly jadi beas tong diakod, hihi tapi kudorongan keinginan.

Ah pokokna mah nuhun pisan teh willa

 

Post a Comment

<< Ka Payun