WSAB: Dongeng: Tukang Gali Kubur
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Friday, October 14, 2005

Dongeng: Tukang Gali Kubur

Peuting geus turun ngaharudung lembur Cikulah. Beda jeung peuting anu sejen, harita simpe siga taya kahirupan. Jangkring katincak taya soraan. Angin oge teu karasa liwatna. Rumingkang kalangkang hideung dina jalan satapak sisi kuburan matak maruringkak bulu punduk. Ngan sabab ku jempling, taya kahirupan anu nitenan. Ngan saukur kalangkang hideung, mawa linggis jeung pacul, ngagidig muru imah bilik sisi lembur.

Abah Maja ngaran eta jelma. Umurna leuwih ti 50. Disebut abah pedah manehna anu pangsabarna jadi tukang gali kubur tingongora. Teu aya nu daekeun ngagantian boh ngabaturan. Iwal manehna. Mmmmhh..... ku hade budi, lain ukur ngagali kubur, manehna oge ngaberesihan kuburan nepika teu pati pikasieuneun siga kuburan2 lain di lembur sejen. Pagawean ngagali kubur tara dilakonan saukur aya anu maot. Manehna biasana nyiapkeun hiji kuburan kosong sanggeus kuburan kosong memehna dipake ngurebkeun. Nya kitu tea tara aya nu ngabantuan, jadi ngagali hiji kubur teh ngabutuhkeun waktu anu teu saeutik.
Pakasaban di kuburan dilakokan pasosore unggal poe. Da ari isuk-isuk na mah, manehna dipercaya ngamandoran tur molah lemah wetaneun lembur. Lemah lega tur subur bogana Juragan Kirdun. Duda pang kayana di lembur, bru di juru bro dipanto, ngalayah di tengah imah. Hirup nyorangan, anak incuna geus ngencar ka kota, boga kahirupan sewang-sewang, teu paduli ka kolot anu tunggara.

Kulutrak muka panto, Ambu Warsi, pamajikan Abah Maja ngorejat tina korsi. Meong patingkuniang tina sarena. Uang-eong ngabageakeun dunungan. Aya kana 5 meong di eta imah. Kabeh inguan Abah jeung Ambu, ngubaran kasono kana miboga turunan nu teu embol-embol.

"Abah bet kapeutingan kieu" pek Ambu bangun hariwang ningali salaki datang peuting, renung ku kesang tiis, ambekan haruhah-harehoh siga nu di udag anjing.

Ambu nguniang kana meja, nyicikeun cai herang tina kendi. Sor diasorkeun ka salakina. Kot kana pacul jeung linggis, dijingjing dibawa ka dapur. Balik ti dapur mawa piring seng eusi cai. Sok di tunda dihandap. Meong anu 4 teu ngaengkekeun deui eta cai, diletakan teu sesaan. Meong hideung anu kalima, si Manis ngaranna, ngan ukur aluman alimen ngaletakan sukuna, teu ngiluan nginum.

Abah ngarahuh terus nginum. Ambu diuk gigireun Abah bangun nu sigep rek ngadengekeun dongeng Abah. Si Manis eureun ngaletakan sukuna, jat hanjat kana korsi hareupun Ambu jeung Abah. Angkohna rek milu ngadengekeun dongeng Abah. Meong nu lain pating koloyong kaditu kadieu.

Sanggeus nginum abah melong Ambu. Pek manehna ngomong:

"Ieu teh kajadian kamari Mbu. Basa kuring kasarean handapeun tangkal samoja sanggeus salat ashar. Kuring ngimpi didatangan gulang-gulang make pakean jaman pajajaran. Lengkep make tameng jeung tumbak sagala. Malahmah manehna teh naek kuda anu sarua papakean karajaan"

"Eoooonggg" Si Manis sada ngahaminkeun. Huluna ditikelkeun, disesebkeun kana suku hareupna.
"Hey Kisilah, tepikeun beja yen kaula datang ka andika ayeuna. Ulah nepika henteu. Isuk kuring nepungan deui andika lamun beja ieu henteu ditepikeun"

"Tepikeun kasaha ceunah, Abah?" Ambu teu sabar nyela.
Si Manis ngaganjleng ka handap. Kulantang kulinting bari uang-eong. Sakapeung eureun melong Abah, terus pahibut deui uang-eong, ayeuna ditambahan ku opat meong anu lain.

Abah jeung Ambu teu malire, da sapopoena ge lima meong teh kitu gawena. Aehhh meong teh sarua teu sabar ngadenge dongeng Abah sigana.

Kumaha dongeng abah saterasna? Hanca saurna teh, dilajengkeun saparantos postingan anu sanes.... Hapunten ka para wargi anu teu sabar ngadangukeun dongeng Abah, heheh...

Hanca.

*Ngagidig=bergegas
*Tunggara=merana sendiri
*Gulang2=tentara jaman kerajaan
*Hariwang=khawatir
*Kisilah=anda sbg orang asing
*Andika=kamu
*Hanca=belum selesai

14 Waleran:

At 6:10 AM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

*ngantosan Abah bari heuay*
Abaaah.. ulah lami2 nyaaa..

 
At 7:14 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

basa nu nyerat meni matak titingalieun sareng dedengeun...Saha andika!!!

*Bah diantos kalayan kasabaran pituahna, mugia nyandak maslahat kanggo urang*

 
At 5:09 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

enya li minimal, nambah kosakata sunda...hehehehe

Salam ka si manis ah
ti si manis oge

 
At 2:05 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

whaaaaa.... dongeng jurig ieu teh? hihihi....

"kaula teu sieun ku andika" cek kuring bari ngagajleng lumpat, hihii....

 
At 12:47 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

romantis...:d,asa ngadangukuen dongeng dina radio,latarna tembang sunda..meni waas

 
At 1:42 PM, Blogger Patricia Astrid ngawaler ...

meuni tanggung atuh ... , maca ge peuting2 kieu abdi sorangan di imah, huuu horor ... Heeh siga ngadangu radio jaman baheula tea di Bandung, ditambihan we atuh meureun file audio nya, pasti hebring!!

 
At 4:19 PM, Blogger Tria ngawaler ...

naha jadi horror kieu? Meni ngabarigidig. Tapi mani asa maos Mangle..:-)

 
At 6:28 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

euleuhh.. saha ieu teh nu ngadongeng? meuni hebring kieu bahasana!
eh, hahaha ternyata 'angkatan' urang teh meuni arapal geuningan 'nya kana dongeng radio jaman heubeul tea. :D
Sok ah.. diantos pisan dongeng abah saterasna.

 
At 8:20 PM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

walah..asa didongengan ku wa kepoh ti na radio tea geuning :)

 
At 5:30 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

muhun heh asa dongeng mang Jaya dina radio linggarjati nya teh Roro...nuju alit sok karanjingan dongeng enteng..hihihi...
ngadepong payuneun radio bari disiaran ( dipilarian kutu )

sok bah..diantos carios salajengna....

 
At 7:41 AM, Blogger Nia ngawaler ...

Di antos lanjutan nana ... rada pikasieuneun oge carita na hehehe ... komo di dieu bade halloween-an .... :)

 
At 8:59 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

waahhaaa.. Eva, dongeng Mang Jaya hihi.. puguh eta mah nya... jig awa kepoh nya, ngan mang jaya mah mun niron sora istri teh meni sigaaaa

Nini Kalingking tea atawa si Majusi heheheh.... pasosore mun jalan2 dilembur teh nyambung sora dongeng ti unggal bumi. Waas yeuh...

 
At 10:41 PM, Anonymous trinidad budiman ngawaler ...

wah laju yeuh kana terasana :D

 
At 11:08 PM, Blogger solusi berbagai penyakit secara herbal ngawaler ...

mana terasanana ......?????????

 

Post a Comment

<< Ka Payun