WSAB: Dina Hujan Cisoca
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Wednesday, October 19, 2005

Dina Hujan Cisoca

Pasosonten dinten kamari hujan ngaririncik, angin tiis ngagelebung,panon poe jiga nu hoream....ngaleungit na tungtung awan. Clak..keclak….sora cai hujan nyakclak ngagebah–gebah lamunan. Ras kasawang sababaraha taun kapengker, hiji sonten nu sami tiis tur nyereset kana manah.

Kriiing…kriiing…..kriiing….sora telepon kokoceakan disada, patembalan jeung sora adzan ashar ti mushalla di ujung gang. Abdi tuturubut turun ti lantai 2 muru telepon anu masih keneh nyalukan.

Assalamualaikum….ceuk abdi, waalaikumsallam….sora na telepon bangun nu rusuh campur gugup, sorana asa kakuping henteu kakuping…

Ngadadak sakujur awak lungse taya tangan pangawasa, sabudereun alam poek, clak…keclak…cisoca nyakclak henteu katahan.

Mobil kijang nu disupiran ku raka ipar asa teu maju-maju padahal kecepatana tos kirang langkung 100km/jam, perjalanan Bekasi-Kuningan harita asa mangtaun-taun karaosna.

Tabuh sawelas wengi rombongan (abdi sareng kulawargi teteh) dugi ka rumah sakit Gunung Jati Cirebon, nanging nu dipilari tos henteu aya tos dicandak uih deui ka Kuningan saurna.

Cisoca asa caah kaluar henteu eureun-eureun, abdi ngarumpuyuk di tengah bumi nu tos sepi, nu aya di bumi jempling mung suanten nu nangis sakali-sakali kakuping. Raka pameget nu dipika meumeut parantos dipundut kunu kagungan ba’da maghrib tadi. Layon na tos rapih ditutup ku sinjang batik.


Wilujeng angkat….mugi-mugi Alloh swt nyayogikeun tempat anu endah tur merenah, mugia hiji waktos kapayun Alloh baris mendakeun deui urang dina Jannah-Na. amiin…

Innalillahi wainnaillaihiroji’un….dina hujan cisoca aya pelajaran keur urang sadaya, sadaya makhluk nu nyawaan baris ngalaman maot.

Alhamdulillah urang sadaya masih dipasihan kesempatan kangge ngabenahan diri, ngahapus lepat, lengkah nu tisoledat tur cariosan nu henteu mangfaat.

Kangge wargi-wargi muslimah WSAB, kudongkapna sasih ramadhan ieu hayu urang jantenkeun kasempetan ladang amal. Hayu urang sami-sami pelakan ku mangrebu-rebu kasaean.
Sapertos kapongpong nudijantenkeun wadah , hiji waktos kaluar janten kukupu nu endah.

Henteu aya maksad mamatahan ngojay ke meri, mung palay ngemutkeun diri nu tos laput ku alpa. Oge ngenang hiji sonten nu dihujanan cisoca.

--Eva--

4 Waleran:

At 7:15 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Aduhh Eva bahasana sareng ceritana matak ka hate teh sereset...sedihhh

nuhun tos diingetan

 
At 7:30 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

enya oph,.... sumereset kana hate, sumarabah kana bayah...

meni sedih atuh Va, ikut berduka cita yah.... gag kebayang kalo terjadi pada diri sendiri juga :((

 
At 1:37 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

akuurrr kacipta tunggarana Hate dikantun salamina ku nu dipikadeudeuh, dulur petkuhinis. Mugia nu angkat sing kenging kabagjaan dikalanggengan.

 
At 1:05 AM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Duh eva meni sedih ... ngiring berduka cita va ...

 

Post a Comment

<< Ka Payun