WSAB: Ciri orang Sunda
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Monday, October 10, 2005

Ciri orang Sunda

Postingan kamari nu ngabahas ve janten pe, salah sahiji ciri urang Sunda...aya deui ciri urang Sunda nu sanes, malah pasti mendak dimana wae.

Pangalaman ti taun 1997 di negara batur, sawios ngalih keditu kadieu, tapi aya pangalaman nu tara tiasa hilap tentang urang Sunda. Pami kapendak sareng urang sunda nu sanes, asa kapendak sareng raka atanapi ade nyalira. Langsung sok asa tos kapendak lamiiii pisan.
1. Logat sunda

Pami kapendak jalmi, kadang awalna sok nebak-nebak, sunda sanes nya? sok asa kos detektif wae kitu pami ningali jalmi nu gaduh paras urang sunda...bade negor,sieun salah, tapi teu negor oge da asa teu raos...saatos diperhatikeun, leres geuning urang sunda... terang timana coba...?

Atanapi pernah nuju di singapore, pas abdi naroskeun dimana sakolaan kanggo murangkalih, abdi teh naros ka ibu-ibu, putrina nuju ameng, ningali putrinamah kawas Cina, janten abdi teh naros nganggo bahasa Inggris... Pas anjeuna ngajawab, sawios ku bahsa Inggris, langsung abdi teh nyarios ..."teteh asalna ti Sunda sanes ?" Alhamdulillah teu lepat...malah janten sobatan, da anjeuna ge tadinamah nyangka abdi teh urang Melayu.

Urang sunda, dimana-mana asa aya wae. Tos janten picariosan dimana-mana pami urang Sunda teh gaduh ciri khusus. Pami nyarios tara hilap kana legokna...pasti kos ngadangukeun lagu saurna.

Malah aya picarioseun..pami aya preman ti Sunda, moal aya nu sieuneun, soalna preman sunda mah moal tiasa ngabentak, da nyariosna angkleung-angkleungan... Karunya pisan nya?
2. Nami urang sunda

Atanapi pami teu kapendak jalmina, ngan saukur ngadangu namina,atau maos namina di blog, pasti kaciri pami urang sunda. Rata-rata urang sunda mah sok resep ngaulang-ulang namina. Dimana-mana, henteu di Bandung, di Bogor, di Garut, pokonamah di daerah Sunda, pasti namina salarami... urang sunda pisan. Salah sahijina nya abdi, Ina Inayah...sunda pan ? Hayo saha deui nu ngaraos sunda asli ?

Janten urang sunda sareng cirina moal tiasa dipisahkeun. Emang aya oge sih nu tos ical legok sundana, aya oge nu tiasa nyarios ef atau ve nu leres. Atau aya oge urang sunda nu namina teu diulang dua kali, tetep gaduh arti pan ? di doa'keu nuju dipasihan namina kapungkur nuju orok. Mangkana urang teh kedah bangga oge, ternyata urang sunda teh aya dimana-mana, di sadaya benua, henteu di jawa barat hungkul, henteu di Indonesia hungkul... Bangga pan ?

Di benua mana oge, rata-rata pami urang sunda mah sok gaduh kumpulan khusus, sanes nga-Gank...tapi urang sunda teh sok resep ngariung, resep ngumpul. minimal, janten ngobatan pikasonoeun ka lembur nu tebih tea.

Punten ieu postingan bahasa sunda-na teu sae.
Nyungkeun dimaklum...
Hatur nuhun...

Ina

17 Waleran:

At 3:58 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Leres pisan...urang sunda mah sok katawis, gelenyu emutna oge sok benten *_*, nu kauninga mah pami urang sunda teh sok langkung ramah murah senyum ( leres..?? atanapi margi saur urang sundana nyalira hehehe..)

 
At 4:00 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

euleuh..hapunten maksadna sanes gelenyu emut nanging gelenyu imut....lepat mencet maklum nuju lapaaar...:)

 
At 8:20 AM, Blogger Patricia Astrid ngawaler ...

ceuk urang sumatera, urang sunda teh gareulis kabeh :) :)

 
At 6:09 PM, Blogger mwellang ngawaler ...

naha abdi mah sanes sunda asli teras pun bapa ti bugis, tapi dimana mana pasti sok ditaros wae.. "urang sunda nya neng?".. saurna mah nyarios na teh nyunda pisan. haduh... sukur ka gusti Alloh abdi tiasa nyarios sunda, tapi gorengna teu tiasa bahasa bugis..
huhu..
"pilih kasih" eh.. nga-anak emas-keun sunda yeuuhh....

 
At 7:24 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

heheh neng manda, abdi sunda asli, tapi namina make "O", teu nyambung pisan cenah nya :p.

tapi wsab mah hebad da mengumpulkan anu ngomong sunda walowpun bukan sunda asli hihii...

brapo (make P) WSAB.

 
At 9:39 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Orang sunda teh resep sastra terbukti pami nganamian budak ge rhyming (naon nya basa sundana rima teh) maksudna mah nami nu ngawitan sami sareng papanjangna siga teh Ina we kitu tah Ina Inayah. Na pernah aya di milist iisb aya nu namina Beben Benyamin, afi jeung si mas teh tarohan cing ieu urang sunda lain? Ari pek teh bener we. Punten nya kang Beben.

 
At 1:41 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Hihi resep euy...
Teh Afi Rhyming alias ritma teh, murwakanti pinten dibasa sunda mah siga abdi tah Lia Herliana, dimana2 pasti langsung dikenal orang sunda kantenan pami ngobrol eh selain nyunda teh lagamna Pameungpeuk pisan cenah.

Waktos awal kadieu, rerencangan kuliah meni nararoskeun "lia teu pabaliut ngobrol english jeung sunda?" puguh ge pabaliut pisan kadang sok kacampur2 malih mah.

 
At 3:05 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

iyah ceunah mah karena lekoh suarana tea..sunda abeesss...

 
At 3:45 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

leres pisan.. komo logat ieu mah, teu tiasa disumputkeun. roamiiinggg roamiiinggg roamiinggg.. hihihi rerencangan saya sampe skrg masih semangat nereakin gituh kalo saya ngomong teh.. walopun saya ngomong pake bhs indonesia!!!! ampun dehh!

Saurna mah, mau ngomong bhs apapun juga saya tuh ga bisa ngilangin kata "mah, teh, da, geuning, tah, ieu, kitu". hmmm...

 
At 6:19 AM, Blogger Nia ngawaler ...

hehehe ... leres pisan Teh Ina, karaos ku abdi, pasti beh mun nyarios gampil katebak orang sunda na ( leres teu Teh Roro ???? )

Eta nya mun preman na logat sunda, emang teu sieun kadanguna hihihi .... :)

 
At 5:59 PM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

hidup WSAB!! hehehehhee..

 
At 9:09 PM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

ah irma, henteu roaming ayeuna mah, pan tos nganggo kartu halo nu bebas roaming tea :)

Pernah aya hiji rapat di kantorna rerencangan, si bos na orang sunda. Pas nyarekan teh kieu:
"kalian ini gimana sih, kok gak di follow-up kliennya, 'hanas saya udh ngejar2 klien lagi..."

nu sanesna teh bengong majarkeun nyebatkan hanas purbaningrum (anas purbaningrum-nu anggota KPU tea lah) ..tah kitu mun orang sunda mah sok cumpar-campur basana kumaha wae lah es oyen :p

 
At 6:02 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Pernah aya orang sundanu janten menteri, kaceplosan oge...nuju nyrios bahasa Indo, tiba-tiba kaselip."....ujug-ujug aja mereka datang...!"

bangga jugalah aya oge urang sunda nu janten menteri...sanes mantri nya....:)

 
At 11:25 AM, Blogger mwellang ngawaler ...

berarti ice juice (ais jus) teh minuman traditional sunda.
atawa nu namiannana urang sunda nya?
da rhyming tea ning...
heheheheureuy ah

 
At 1:39 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hahah... manda, teu maci eta mah da macana: ais jus. Mun Iceu Suriceu pastiiiii.... punten ah ka teh Iceu... *pasti geulis urang sunda tea.... :wink:

 
At 4:28 AM, Blogger mamanatrixie ngawaler ...

perkawis nami..leres pisan..
saur abdi mah nami urang sunda teh.. dung dung tak dung dung..contona..abdi nyalira..molLY mauLIna he he

 
At 10:25 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

ngiringan koment :D
muhun, meni resep pisan aya nu nyarios sunda lemes teh, asa lsg caket weh..mung nami abdi teu sunda pisan, arab :), tepangkeun nabi abdi taufik :)
salam kenal weh nya.. :)
haturnuhun pisan..

 

Post a Comment

<< Ka Payun