WSAB: Tukang Becak & BBM
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Sunday, September 18, 2005

Tukang Becak & BBM

Dina hiji sore, abdi teu kahaja ngupingkeun obrolan antar tukang becak, ngeunaan kenaikan BBM anu ayeuna tos rame di khalayak ramai. tukang becak eta teh kaleresan teu nuju narik muatan, jadi si becak teh diantep kosong sabari didorong da jalan teh rada nanjak ongkoh.
Ari abdi anteng we ditukangeunna, padahal biasana mah abdi teh sok tara sabaran ari nuturkeun tukang becak teh, sok hararese geus mah lalaunan, hayoh sok hese maju.
pokna teh kieu obrolanana,

tukang becak 1 : "urang mah keuheul ka pamarentah ayeuna teh.."
tukang becak 2
: "na kumaha kitu kang?"
tukang becak 1
:"sok geura bandungan...ayeuna majar teh BBM erek
ditaekeun deui.."
tukang becak 2
:"pan urang mah teu make BBM atuh kang, da tukang becak..."
tukang becak 1
:"euh maneh mah...BBM naek tangtu harga-harga barang oge naek"
tukang becak 2
:"enya ari ku kituna mah..."
tukang becak 1
:"pasti we engke teh pamajikan di imah...nyerewedan geura"
tukang becak 2 :"ah...ari eta mah sarua kang...jeung deui henteu keur BBM naek ge, anggeur we dicerewedan..."


abdi katarik ku obrolan eta, nalingaan kamari aya info ti rerencangan yen minyak tanah saurna tos jarang di kampung anjeuna teh da ku awis tea pangaosna.

tukang becak 2 : "kang..majar minyak tanah ge loba diselundupkeun nya?"
tukang becak 1 : "har...eta mah geus lila, tah urang mah beuki keuheul komo ngadenge minyak tanah loba disumputkeun"


si tukang becak ka 2 lami-lami teu seueur nyarios da kaleresan deui tos rada dugi ka pangkalan becak, ngan celetuk we anjeuna teh nyarios kieu,

tukang becak 2 : "kang, ayeuna mah tong seueur saur lah, tong nyalahkeun ka pak SBY yen BBM atawa minyak tanah leungit teh gara-gara pak SBY, eta mah pagawean jalma-jelema anu erek ngancurkeun pamarentahan pak SBY, emangna SBY teh bisa ngatur ku sorangan kitu?tayohna mah kang pasti lieureun pak SBY teh..."

sabari ngadorong becak teh si tukang becak ka 2 masih keneh nyarios,

tukang becak 2 : "saurna ge kan pamarentah teh moal gagabah naekeun harga BBM komo bari ngabeuratkeun rakyat mah...., terus deui eta teh jadi pilihan nu sulit jang anjeuna mah da lain rencana anu dijieun saeunggeus hudang sare..."
tukang becak 1 : "bener tah pamikiran teh, leuheung maneh pinter ayeuna mah nya"
tembalna bari nyengir kuda.


Ari abdi teu sadar mesam-mesem ditukangeunna, bari lansung jut naek angkot.
Saatos ngadangu obrolan eta abdi janten langkung sadar kadang osok hilap teu bersukur kanu nikmat anu atos kuurang dikecap, kadang osok ngaraos kirang weh teras padahal
disakurilingeun urang teh seueur pisan anu langkung susah ti urang.

Ayeuna mah urang ngadu'a sasarengan mugia nagara urang teh sing enggal pulih perekonimianna, sing aman sejahtera sabihara-bihari sapertos kapungkur, gemah ripah loh jinawi teh tiasa kaalaman deui ku urang sadayana ... amin...

* Ika

10 Waleran:

At 8:06 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

emmh...hawatos teuing ku mamang beca tos daramel cape ngabelaan putra sareng istri masih wae keneh dicerewedan...,mugi2 wae kapayunamah nagara urang teh bakal robih nasibna..

Teh Ikaaa...aya ku rajin ngabuntutan si emang beca hehehe...

 
At 9:53 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Aminnn...nembe ge abdi teh nampi YM ti lembur minyak tanah 2000/ltr bari ngantri...deudeuh teuing. Sing salabar...utamina Bapak nu usaha ngandelkeun luut leet kesang.

 
At 10:02 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

duh, amien.. amien.. mugia Indonesia janten langkung sae, genah merenah, gemah ripah loh jinawi

 
At 3:50 AM, Blogger Inayah ngawaler ...

Leres teh Ika...janten jalmi kedah seueur bersyukur, ngan eta kelemahan jalmi...sok hilap wae. Sok sering ningali ka luhur, sok hilap ningali ka handap...:)

 
At 7:57 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

Evaaa ... henteu ngabuntutan tukang becak ihhh ... pan uih maksi teh sareng rerencangan dikantor sok abring2an, tah kaleresan ngadangu eta percakapan janten abi teh jadi aya ide buat posting di WSAB ... asa sepi nya ophi nuju ka itali teu aya anu ngabodor ... ibu hamil nuju ngajoprak meureun nya ...

 
At 6:13 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

heyyyy meni sepi kieu anu komennnn...

hag... engke ibu dosen sumping pada disetrap, hihih... sanes comel ketah ah.... ngemutkeun weee...

 
At 6:16 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Ika, abi ge nuju ngemutan, kumahaaa eta neng Ika tiasa nuturkeun tukang beca teh, heheh... dipalebah mana Ka?

Leres ketah ka, kadang kawis, urang teh alim diajar tinu "sahandapeun". Alim ngadangu kana cariosan "jalmi alit", padahalmah tinu karitu teh seueur piwuruk anu sae utamina ngeunaan kasabaran sareng husnudzon, berbai sangka tea kabatur.

Mmmhhh nya mugi2 weee pamarentah urang teh menjaga kepercayaan ti urang2 nya... *euh kumaha ieu teh geus suudon deui weee hehehe...

 
At 11:04 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

hahahaha eta bu Ika... saya mah suka terharu sama tukang beca mah tah di daerah kebon kalapanya seueur nu tos karolot..meuni lurus bin jujur deuih...ahh jd hoyong baik beca...

kamarana yeuhhhhhhhhhhh..ai em bek yeuhhh..(saha nu naros? hihihi)

 
At 3:45 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

ngmg2 beca, itu teh kendaraan favorit saya waktu di bdg. hihi.. tadina mah suka merasa bersalah mun bade naek beca teh, bisi beurateun.. maklum, BB (lain bau badan! tapi bujur badag tea geuningan.. hehe).

Tapi, teras diwartosan ku pun bapa, "tong sieun si emang beurateun mun rek naek beca teh, da eta mah padamelanana! Malah mun urang alim naek beca, berarti urang teh teu nulungan si tukang beca! masalah manehna kudu beurat luut leet kesang heula buat ngedapetin uang mah, teu nanaon, krn itu yg namanya resiko pekerjaan. yg penting mah halal."

Dipikir-pikir, bener oge. ;)
haha jadi sejak saat itu (waktu di bdg), selama jalannya ngga nanjak mah, saya teh selalu milih naek beca daripada naek angkot! :))

*punten teu nyambung sareng BBM komenna.. hihi ampun bu admin!

 
At 4:30 AM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

teh ika..abdi oge rieut jaman ayeuna naek wae sagala, komo si akang beca nya? kumaha ieu pamarentah teh, lainna ngasejahterakeun rakyat tp kalahkah nyangsarakeun..wartosna bade di pasihin artos 100rebu unggal bulan, tp da urang2 mah sanes hoyong artos cash, tp BBM sing mirah, janten harga2 henteu naek.. eh ieu meni nafsu.com nya ka pamarentah teh?

*teh roro, ieu abdi tos absen komen..ulah disetrap nya?* :)

 

Post a Comment

<< Ka Payun