WSAB: Salah Ngertos...
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, September 01, 2005

Salah Ngertos...

Ari salah pangartian, tiasa dina masalah naon bae nya, ngan bahasan abdi mah, salah pangartian dina panyesuaian basa caroge khusus na …

Pasti sadaya na tos terang kumaha pangalaman2 nyeusuaikeun bahasa batur. Tong sih anu tinggal di Luar Negeri, anu tinggal di nagara sorangan oge, sok aya sesah na lamun nyeusuaikeun cicing di tempat anu beda bahasana … tapi masih untung aya bahasa Indonesia nya ).

Tapi dina belajar bahasa batur teh … aya anu cepat nya nangkap na, atawa bisa oge ngeselkeun, da lila ngarti na ( model abdi yeuh hehehe … ). Masih mending anu tos aya tiasa dasar2 na … teu pati stress teuing nya belajar na.

Kapungkur atuh, abdi di sakola balajar bahasa Inggris & Jerman, geuning ari ulangan sok peunteun 10 atanapi 9, teu jaminan tiasa nyarios eta bahasa2 …, gaya beh nya ari penteun mah kengeng ageung hasil na :D …. da ari teu praktek mah, sok rada sesah, komo teu di tunjang kursus2 mah ….

Dina belajar ieu, kadang2 sok salah ngarti geuning … komo tea diajar Inggris, anu di alaman ku abdi … tong sih kumaha belajar was wes wos na …, ngartikeun kata2 na oge meuni sesah nya, kata demi kata sok katuker, da hampir sarua bae pangucapan na … da dadasar abdi mah, anu paling apal ngan

YES or NO hungkul hehehe ….


Contoh pengalaman abdi nya :
Pas nembe dongkap ka dieu ( US ), pertama kali na si akang gering, duuuuuuuh meuni sieun pisan, trus si akang ka abdi menta tulung,

Akang : “ Can you take my PILL ???? “
Abdi : OK


Trus, abdi ka handap, nelpon kk na si akang anu nami na PHIL …. Sabari babalepotan oge, inti na menta eta pun ipar teh dongkap ka bumi. Trus abdi laporan ka si akang, eta pun lanceuk na bakalan dongkap sacepat na …

Eleuh … nya pasti lah si akang tambah lieur sirah na … sabari maksakeun turun & nerangkeun ka abdi , anu di menta tulung teh, pang nyandakeun obat na …. Lain menta lanceuk na datang hihihi … Duuuuuuuh, meuni bingung & isin jadi na, komo pas lanceuk na dongkap ka bumi ….

Beureum2 deh, da ku era pisan … :D,


atuh mun nyebat na medicine mah, pasti deh abdi ngartos …. J

Jadi tiasa di bayangkeun pan, kumaha pengalaman abdi dina belajar Bahasa na si akang, da si akang oge rada sesah belajar bahasa abdi, soalna da tara di ajar nya, tapi ari bahasa2 anu kasar na mah, geuning cepat apal nya … hehehehe …

Kitu oge, pengalaman pun Rai abdi anu nikah sareng orang jawa … teu pados ngarti bahasa caroge na …. Sesah belajar ngomong na, cenah … ngan lamun caroge na ngobrol2 sareng Ibu na … eta pun Rai sok nyeletuk …

“ Hayoooo, naon nya ngomongkeun urang “ hihihi
….

Jadi sabari teu tiasa ngucap na, ari ngarti inti na mah, past beh ka tangkap oge nya maksad na …

Kitu beh , punten ngan sakedik …. Lamun aya anu nambahin, mangga pisan …. Mun aya anu lepat, sing di hapunten …

Nia

9 Waleran:

At 8:12 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

kahijiiii... memeh ophi euyyy....

Hihihi.. teh Nia.. kabayang eta si akang tambah lieur sirah, atuh kudu make konpirmasi tertulis kituh teh hihii tambah lieur meureun...

eta deui meureun Phil teh bingung, naon ieu teh heheh....

tapi pan ayeuna mah hebaddd nya teh? lancar kitu, eta tos menghasilkan bati dua... :p

 
At 8:53 AM, Blogger Lia ngawaler ...

hihi...proses nya teh, sagalana kedah diajaran heula.

Abdi kantos ngalaman ngobrol english seng urang columbia...

abdi : is he born here? (nanya soal anakna)
dia : Ya he is a boy

terus seng urang amrik
dia : do you need a ride?
abdi: no thanks I have one at home
dia : what? I mean R-I-D-E (di-spell)
abdi: (bari ngelemes isin, sugan teh rek mere bike hehe)no, thanks.

Dasar we cepilna rada budeg, jauh tina ride kana bike haha eraaaa

 
At 12:02 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Mun didieu masalahnya di intonasi, asa geus bener ngomong teh naha teu ngararti ieu bule2 teh... keukeuh weh upami abi nyarios teh sami jeung abi bitte noch mal...alias punten sakali deui..jd weh pa punten2...

Ai teh Nia ayeuna masih nganggo pil? hihi beuki teu nyambung...naha nanyanya jadi KB kieu..

 
At 12:51 PM, Blogger Nia ngawaler ...

Duh, Teh Roro, emang karunya teuing ka si akang, hese ngarti bahasa istri na ( naha deuih nya teu belajar si akang teh hehehe ... )

Liaaaaaaaa, eleuh .... hahahaha ... meuni bodor nya, jadi aya batur .... :D

Ophi ... teu acan nganggo pil ah ... tapi da mun naroskeun ka Dr. P ... si akang bakal nyarekan meuren nya ... :D

 
At 7:57 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Hihihi...aya2 wae Teh Nia, pami henteu nuju udur mah panginten eta tuang raka teh gumujeng sumuhun...

 
At 5:54 AM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Hahaha... si Teh Nia teh, laina menyamakan suara dulu naon eta Pill teh.. ujug2 norolong we nelepon... hehehe bakat ku geumpeur nya teh??

Ophi...mun Ophi jargon na Bitte nochmal... mun Inta, jargon na teh... Langsam Bitte,... alias.. lalaunan atuhhh nyariosna.... teu ngarti yeuuuhhh!!!!

 
At 2:02 PM, Blogger Patricia Astrid ngawaler ...

Teh Nia meureun teh keur mikir Pe-na sunda hihihi, jadi weee katuker pil sareng fil hihi ... ari keur bobogohan atawa pdkt kumaha atuh ngobrolna ? Nu penting mah ngartos "I lop yu" nyaaa ... :)

 
At 8:36 PM, Blogger Nia ngawaler ...

hehehe ... Teh Eva, nya si akang pasti beh tambah sakit kepala na.

Teh Deas ... duuuuuuh, abdi oge mun nguping orang inggris asli anu nyarios ... susah ngartos na, da logat na nya ... hehehe ..

Hahahaha ... Teh Inta, kitu nya aro sok tahu, jadi beh salah, eta deuih nya si akang laina Langsam Bitte ( eleuh ... jadi bergaya jerman gening ... :D )

Teh Patsy, kapungkur mah, seurna seseratan, jadi sok minta bala bantuan dina ngadamel na eta serta hehehe ... saur si akang mah, benar2 teu ngartos ceunah mun nyarios sareng abdi di telpon ... :D

 
At 4:35 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Pill janten Phill......sami we sareng urang Sunda upami nyebat peuyeum janten feuyeum...heu..heu,teh Willa ge gaduh carios anu lucu..raraosan mah, kieu nya: pan si akang teh (caroge teteh teh buleeee),gaduh tukang kebon waktos di Bandung namina teh pa Omo. Dina hiji dinten pa Omo teh nyarios ka anjeunna; Tuan enjing abdi teu tiasa didamel margi nyeri sirah darah tinggi,eh ari saur akang teh; Kalau begitu jangan pergi ke Lembang......! (karena Lembang daerah tinggi). atuuh pa Omo teh bolohok mani calawak bakat ku bingung,naha si tuan ngalarang abdi ka lembang cenah buuuuuuu!

Eh punten nya raraosan mah lepat tempat ieu carios teh sanes didieu nya..punten nya enschuldigung ah Ophiiiii!

 

Post a Comment

<< Ka Payun