WSAB: Nini Ipit deudeuh
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Friday, September 23, 2005

Nini Ipit deudeuh

Abdi teh teu tiasa nyarios sunda lemes, kumargi pas yuswa 10 taun, Pun Bapa kedah ngalih damel ka Jakarta. Di ibukota mah basa sunda teh jiga barang langka, jadi abdi mah buta basa sunda.

Pas kuliah teh ngadaptar ka UNPAD. Alhamdulilah ditampi di Pakultas Kedokteran. Pas taun kehiji teh sadayana kedah kemping di desa da bade ngalaksanakeun pangabdian kanggo masyarakat. Didieu teh, mahasiswa2 anu anyar diajar mariksa pasen, nyuntik, nensi, ngaresepkeun landong deeldel dsb dsb.

Sateuacan ka ditu, akang2 sareng teteh2 anu tos pada senior teh ngajarkeun kumaha nyarios sunda nu lemes. Tapi ngan anu penting, contohna :

1. nami abdi teh...
2. Gohgoy = batuk, rieut= pusing...
3. Naon nu karaos?? Tos sabaraha lami?


Nah jadi abdi teh ngan ngabekel eta we angkat ka desa di Garut teh. Ceuk abdi teh, da pasti sadayana oge tiasa nyarios Basa Indonesa mah, pan urang Indonesia...
Dugi diditu pasenna seueur pisan, aya meureun nepikeun 300 an mah.. nepikeun engap-engap-an ningalina.

Tah pas sakitar jam 2 sore, aya nini nini kirang lebih mah 70 taun meureun yuswana. Teu tiasa nyarios Basa Indonesa, geus kitu rada budeg (lain rada sih sabenerna mahhh hehehehhe). Pas rerencangan nu tiasa nyarios sunda lemes teh teu aya, nya geus we nekadddd. Kira-kira mah kajadianna teh kieu :


A (abdi) : Ibu... jenenganna?
I : Abdi??? Nini Ipit..
A : Yuswanya sabahara ni??
I : Di RT 05...
A : HAH??? sanes bumina...yuswana????
I : Oh..yuswa.. tos kolot abdi mah (sambil senyum
malu2)
A : Kinten2 sabaraha ni??
I : Nya...70-an lah
A : Nini, naon ku karaos teh??
I : Ieu, abdi teh hulu sok rieut, umpami tos wengi gohgoy wae,
teras socateh ararateul.
A : OOOO???
I : Teras neng dokter, ieu imbit teh pararegel.. tah
didieu neupikeun ka ditu.. (sambil peragaan), ieu
panangan sok singsireuman, tuur laleleus, tah abdi oge sok ararateul umpami tiis teh
A : (mati deh ini mah penyakitna lebih banyak dari pada
se RT digabungin....)
I : tah neng dokter, nini tiasa teu diparios darahna?
(ditensi maksadna mah)
A : Oooohhh... tiasa ni... (bahagia...teu kedah
ngedengekeun deui keluhan nu sa ablak-ablak...)

Saatos ditensi... (hasilna 150/100)

I : neng, kumaha?? Nini teh seuer darah teu??
A : (dalam hati) Seueur darah??? Naon tah?? Anemia???
Huahh???!!! panik... anemia meuereunnya?
Seeur = banyak... banyak darah.... mungkin
nanya dia anemia ato bukan(ahhhhh....pura-pura ngga
denger aja deh)
I : NENG, KUMAHA? ABDI TEH SEEUR DARAH TEU???
A : Hah??? Ohhh? Nya..eta.. emmm.. yah... CUKUP lah ni
(sorana teh lalaunan pisan....)



Hehehhehe...ternyata seuer darah teh = darah tinggi. Punten nya ni... tapi ayeuna mah tos terang. Biasa lah mahasiswa baru tea sok ngajago.. teu daek nanya...hapunten pisan ka nini Ipit.. mudah-mudahan tetep sehat walafiat... Aminnnn.

Duh basa sunda teh...meni hese :P

Pangalaman di kampung Garut, Mei 1998

Nat-nat

8 Waleran:

At 7:00 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Hawatos teuing etah si nini mani tos sagala karaos, panyawat tos sa RT-eun diborong nyalira saur Nat2 mah hehehe..darah tinggi oge janten darah seueur :)
urang oge bakal sapertos kitu panginten nya...????

Nepangkeun ah ka Nat2 :), hapunten nya tara tual toel...pami amengan ka blog mah osok eta oge mung pami bade comment sok sesah tos sign in ge tara tiasa wae maklum ah gaptek hihihi...*isin*

 
At 10:32 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

wakakakakakkaka.....abdi ge kirang darah yeuh..jadi kedah ditambah ti luar nya? hihihi...jd inget mang saya ge namanya Mang Ipit (teu penting nya?)

 
At 6:53 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Pangalaman nu berharga nya Nat...eta nepi ka Darah seueur kitu :). Pami dikersakeun panjang Yuswa meureun Nini Ipit teh masih emut keneh ka Neng dokter Nat...:)

 
At 5:55 PM, Blogger Nurul Diana ngawaler ...

hahaha..hoyong seuri..eta panyawat leres pisan diborong ku nini ipit, panyawat anu tos sepuh sok sagala karaos..abdi hoyong terang, ari nat masihan landong naon atuh mun kitu? hihihi..meureun eta di apotek di borong sadayana..

 
At 4:36 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hihihi si nini teh meuni nyontek pisan atuh nya.. kirang darah, janten seueur darah?? ckckck.. da asana mah basa sundana darah tinggi mah angger we darah tinggi 'nya? heuheuhehe Cik ah urang pilarian di kamus sunda online :P

 
At 7:31 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

hihi... ai Irma, si nini kudu muka heula kamus onlen :d

jigana si nini teh henteu apal kana istilah2 kasehatan nya. maklum tea tos sepuh tur dilembur.

Nanging sae na eta si nini teh percanten pisan ka ibu dokter nat2 teh nya meni dibejakeun sadaya nukaraos, sae lah Ni...

Pami ayeuna tos wantun praktek di lembur sunda Nat? heheh... engke nyandak bala bantosan ti WSAB hihih

 
At 10:45 PM, Blogger mwellang ngawaler ...

hehehehe.. iyeu meni bodor pisan. hadu.. janten soonoooooo pisan ka bandung yeh. nini abdi oge panyakitan mugi teu salembureun panyakitna. ueheuh

 
At 1:07 AM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

asli seuriii ... si nini teh jeung ngambeuk deuih nya hoyong terang darahna, ari bu dokter atuh cicing wae cenah ditanya teh hehehehe ... nat ... bodor pisan ....

 

Post a Comment

<< Ka Payun