WSAB: Kopi
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Friday, September 09, 2005

Kopi

Abdi resep pisan kana kopi. Unggal dinten upami didamel mah kedah ngaleueut sarupaning Coffeemix. Biasana mah dua kali, enjing2 bari booting komputer, sareng pasosonten da biasana mah di kantor wayah kitu teh pitunduheun . Upami ahir minggu mah sacangkir sadintenna, da osok dipolototan ku pun lanceuk.
Saurna mah, "Kopi teh pangseueurna mung sakali sadinten ".

Pun biang ge, asa nu teu resepeun ningali abdi ngaleueut kopi teh. Padahal ieu mah tos ngirangan pisan dibandingkeun basa abdi nembe kuliah sareng didamel di Jerman, da kapungkur mah tiasa tilu cangkir sadinten.
Leres kitu, kopi teh teu aya sae-saena acan?

Saur para doktor ti palih kulon mah, kopi ngandung antioksidan anu tiasa mencegah kanker. Teras kanggo anu "sesah emut, enggal hilap" kawas abdi , kopi saurna mah nambihan daya ingat. Komo upami osok nundutan mah,saatosna ngaleueut kopi mah pan urang teh janten gugah. Saur teori mah, kopi nambihan metabolisme tubuh matak janten seger.

Tapi da sanajan kitu teh, ngaleueut kopi oge teu kenging seueur teuing. Kafeinna seueur, janten tiasa nambihan tekanan darah, bahaya kanggo anu gaduh hipertensi. Saleresna, kafein tea anu masihan epek sagala rupa dina kopi teh, boh anu sae, boh anu awon. Nu awon sabenten ti hipertensi teh, contona kafeinisme.
Matakna abdi mah moal masihan kopi ka pun anak, sanajan seueur anu nyarios kopi teh tiasa mencegah kejang2. Teras upami nuju hamil, langkung sae upami teu ngaleueut kopi. Asa bodor upami ngemutan, basa hamil Naila mah tiasa teu ngaleueut kopi sababaraha sasih.

Janten upami usaha mah, tiasa oge nya, ngurangan kabiasaan (kacanduan) teh .

Tapi singhoreng...

Istri anu resep kana kopi teh sakedik nya?

Aya weee.. nu nyarios ka abdi, "Geuningan resep ngopi Yan? Teu nyangka ih.."
"Kopi mah kuduna jeung roko.. Piraku ieu mah kopi wungkul."
"Naha bodas keneh Yan, teu kalunturan kopi?"


Dugi ka, "Ih geulis2 ngopi.."

DZIGH..

Teu sadar jender pisan (naon deui). Mangkaning, sebagai antioksidan, kopi membuat awet muda. Oh lepat ketang, sanes awet anom, tapi menarik langkung lami.

-Yanti-

12 Waleran:

At 12:07 PM, Blogger Lia ngawaler ...

Kopiii?? abi ge reseppp kantenan nescafe, tapi pami aya ketah, heunteu mah tara ngahajakeun. Ngan nu karaos memang jadi langkung sumanget.

Jadi emut ka si Bumil...hai tong dicapek deui nya kopi teh!! hehe

 
At 1:16 PM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Abdi termasup nu langki ngopi, saminggu sakali ge langki. Tapi pami usum ujian atanapi seueur tugas jaman kuliah, taahh sok ngopi. cofeemix tea.... eta ge pendah ceunah pami ngopi teh matak cenghar, fit, tiasa langkung konsen,sareng saurna sae kangge merangsang otak. (abdi termasuk geng *hese ngarti gancang poho * oge hehehe)
Tapi pami diemut2 mah... abdi teh rada ndablek geuining kana kopi teh. saur batur teh ari ngopi matak teu tunduh...atuh abdi mah sanajan dua cangkir ge ari tunduh mah guheeeerrr we..... Lepat dimana tah nya ari kitu??

 
At 3:33 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

argghhh kopiiii :((

yanti, abi mah tah sesuai saur lia, karesep teh sanes ngaleueut kopi, nanging neda kopi, si kopi teh digeletuk weee siga ngemam kacang. Ngan pas didieu mah tiasa meser anu decafein tea.

saleresna teu karaos efect nanaon ngan asa nikmeh weee heheh...

ayeuna, peun, eureun pisan kana nyapek kopi teh demi si bebihhh

 
At 6:54 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Duuh kopi....
Abdi mah ngopi teh pami aya "karuhun ngalangkung" wungkul ^_^ maksadna pami tiba2 jorojoy palaaaay...saleresna seneng pisan kana kopi mung si akangna tara pisan eueut, janten di bumi tara sayogi kopi :( hiks...

 
At 7:04 PM, Blogger Patricia Astrid ngawaler ...

kopi .... abdi mun ngaleueut kopi Walanda, langsung lieur eta mah, siga vertigo -- teu tiasa sare 2 poe sareng nyut-nyutan. Soalna kopi Walanda teh bener2 kopi hideung, hideung pisan .. ngan abdi lamun ngaleueut Starbucks, teu lieur pan loba susuna hehehe ...

Hahaha... kopi sareng rokok, aduh eta mah jender pisan komen2nya yaah. Aya oge babaturan nu percanten keneh, lamun rajin ngaleueut susu, pasti bakal bodaaas kulitna.

 
At 11:16 PM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Upami di dieu mah Kopi teh siga cai bodas weh glek glek weh nu sanes teh, upami emam siang bareng kedah minum kopi batur teh, saya ge tadina ngiringan ngan teu kuat ieu maag wae, jadi pindah ka Cacao..hmmmm lebih lecker...tos emam siang jadi weh ngiringan tapi minum Cacao..upami kopi milihna Cappucino soalna aya manisan sakedik, sami seng di Walanda tahh paitt pisan kopina, mun ditambihan gula di seungseurikeun ku bule2..

 
At 5:01 PM, Blogger mwellang ngawaler ...

mung abdi mah di damel na di coffee shop. jantenna amun meser kopi teh sok di diskon, atawa ngadamel nyalira. iyeu mah tips weh.. da instant coffee nu sarupaning nescafe, etc teh caffeine na langkung seueur ti nu coffee bean anu langsung di grind, FRESH! janten upami bade meser kopi, sae na coffee bean na weh di grind sesuai kebutuhan. eh ketang, sa kaleueutna weh..
upami bade resep kokopian.. sik weh contact abdi. More than happy to answer. hehehe

 
At 1:59 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

haha eta mada.. kalahkah icalan geuningan? :P
kopi.. hmm.. irma mah kantos tah kacanduan ku kopi teh. Tiasa 3 gelas sadinten waktos sma. hehe.. Komo deui pas kuliah, da sering ngadekul dina meja ngerjakeun gambar teknik tea dugi ka subuh.. Waahh mun teu sareng kopi tehh teu afdol we sugan! :D

Tapi ayeuna mah alhamdulillah ah.. tos liren. Lbh sehat & bugar kyknya! :) Namung sasakali mah osok keneh lah ngaleueut kopi, pami hoyong nganclumkeun roti tawar kopi manis tea geuningan.. emmmm.. sluuurrppp :))

 
At 7:42 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

abdi teh nu tadina jurig kopi janten ayeuna nuju saum cikopi, da saurna mun nuju hamilna kieu teu kenging, kasiksa sih, ngan kumaha deui palaur :( tp pernah bandel sakali, janten teu tiasa bobo nepika tabuh 2! karunya si "dede" mun kitu teh...

nurul

 
At 10:57 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

huehehehe.. aduh komenna meni barodor tah :D. punten nembe tiasa lebet ka dieu. duka tah kunaon, upami buka site ieu ngagantung di tengah :(

 
At 1:58 PM, Blogger BundaZidan&Syifa ngawaler ...

hidup coffeemix! tebih2 bawa ti jakarta, eeeh di dieu ge seu'eur.. hehehhehee...

 
At 10:15 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Eh, abdi oge herman naha ayeuna janten resep ngopi komo iced coffee sareng iced latte, euuh surupuut. Asalna mah tina kabutuhan kulantaran maculna pasusubuh di diue teh jadi siang-siang teh heuay wae sareng tunduh cek si dodo mah, tah ku ngopi mah janten rada cenghar. Lami-lami janten kabiasaan, komo mun aya voucher 'buy one get one free' mah ...

 

Post a Comment

<< Ka Payun