WSAB: Ngeunaan Basa Sunda
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Tuesday, August 02, 2005

Ngeunaan Basa Sunda

Wewengkon
Parantos kauninga yen Basa Sunda anu diangge di wewengkon Jawa Barat sareng Banten dibagi deui kana sababaraha wewengkon leutik, nyeta:
- Priangan: Bandung, Ciamis, Tasik, Sumedang, Subang, Garut, Bogor, Purwakarta, sabudereunana
- Banten: Banten sabudereunana
- Kacirebonan: Kuningan, Cirebon, Majalengka, Indramayu, sabudereunana
(LBAL=lereskeun bilih abdi lepat=CMIIW)

Pangkakoncarana sunda priangan, sigana pedah diangge di Bandung, Paris van Java tea. Sagedengeun ti eta, wewengkon priangan teh baheula ditempatan ku para pangagung anu kawentar anu ngenalkeun basa sunda ka luar sunda. Janten, urang priangan sok radi imut pami ngadangu basa sundana Banten atanapi sunda pasisir kaler anu kapangaruhan ku basa jawa (dicandak ku para nelayan ti wetan).

Undak Usuk Basa
Aya 3 undak basa dina basa sunda, dibentenkeun palebah nerapkeunana. Biasa disebat: undak usuk basa.
- Kahiji, anu lemes. Diangge pami ngobrol sareng anu saluhureun (yuswa atanapi harkat sosial) atanapi ngobrol sopan sareng anu sapantar.
- Kadua, basa loma. Diangge dina obrolan sapopoe sareng anu sapantar (umur boh harkat sosial). Tingkatan basa ieu oge diangge dina surat kabar, karangan, atanapi seratan2 kanggo dibaca ku umum.
- Katilu basa garihal. Diangge ka anu sahandapeun, saleutikeun atawa jang sato. Basa garihal disebat oge basa kasar.
Aya budak nyarita ka ibuna, mana anu ceceg:
1. Ibu, gogog nuju tuang
2. Ibu, si tumang keur nyatu

Ah, pastina oge parantos kauningan kusadaya WSAB. Ngan kumaha tah prak-prakanna? Ieu mah sakedik umpama, diangge dina kalimah ngarah kahartos.
Bapa nuju tuang
Abdi alim neda
Embe keur nyatu

Bapa angkat ka pasar (ih, ka kantor biasana oge bapa mah :))
Abdi mios ka sakola
Si Juha mangkat ka kebon deuk ngangon embe
Bumi anu kiwa kagungan Ibu Entin (kanggo ka batur mah nyebatna bumi)
Anu palih katuhu mah rorompok (nuduhkeun imah sorangan, rorompok=rompok nu abdi)
Imah si kardun tina hinis (jang batur sahandapeun atawa loma)
Kandang maung (ieu mah jelas jang sato, leres?)

Salira keresa nyandak buku sakieu seueurna? (kanggo batur)
Abdi ngabantun piring salosin (kanggo nyalira)
Si Emod mawa bedog

Nyerat basa sunda
Tah kumaha pami diserat? Sanes nyerat ha na ca ra ka da ta sa wa la, leres...
Anu kawentar kakoncara kajanapria saalam dunya yen ciciren basa sunda teh aya "EU". Sing saha jalma anu bisa nyebut "EU" kalayan bener, hartina geus bisa basa sunda, hihihi... *karunya ka si Mas di rorompok...

Tah mun nyebat tos jago, kumaha mun dipiwarang nulis. Ceuk teori, aya 3 jenis "E" dina basa sunda.
Kahiji: "é" taling siga dina: émbér (aya curek diluhureunna)
kadua: "e" pepet, siga dina: gemes (ih ieu mah sanes sunda), jiga dina... nya dina kecap pepet wee. Matak kitu disebat e pepet oge.
Katilu: "eu", siga nida peuyeum

Tah, pami radi sesah nyerat hiji kecap, ulah gurung gusuh, emutan heula. Sebatkeun eta kecap, naha si sakadang "e" teh siga dina émbér, atanapi siga dina pepet, atanapi siga dina peuyeum.
Umpama,
Aya budak nakal, nu mana anu ceceg:
1. Budak teh teu bener (bener=bageur, leres, sae)
2. Budak teh teu beuneur (beuneur=ngeusi, munel, aya eusian, biasana kanggo pare)Kabayang budak dianggap beuneur... hihihi...

Kuring cicing di Amerika, numana anu ceceg:
1. Kuring tumeuteup di Amerika (tumeuteup=memandang)
2. Kuring tumetep di Amerika (tumetep=menetap)
Ih nu kahiji mah hartosna janten: Sayah memandang di amerika (naon ieu teh)

Kuring dangdan di kamber, mana anu ceceg:
1. Kuring ngeunteung di kamber (ngeunteung= bercermin, ngaca)
2. Kuring ngenteng di kamber (ngenteng= ngentengkeung, enteng=ringan, meringankan)

Aya budak mani geulis, mana anu ceceg:
1. Euleuh si eneng mani geulis (euleuh=ekspresi kagum)
2. Eleh si eneng meni geulis (eleh=kalah)


Tah kitu para wsab, kumargi ieu teh mulungan tina emutan 17 taun kalangkung (jaman SMP) teras rumaos sanes urang priangan, umpami bade aya anu nambihan sareng ngelereskeun, mangga email ka wsab2005@yahoo.com, engke di tambihkeun kana handapeun ieu postingan

5 Waleran:

At 11:41 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Roro..edun sae pisan euy, salami ieu abi salah euy...nulisnya...

 
At 6:14 PM, Blogger Lia ngawaler ...

Plok...plok...teh roro jagoan euy, eh bikangan hihi, mangwelas taun masih keneh emut nu kararieu. Sok atuh teraskeun kembangkeunn bakat nyeratna.

 
At 10:12 PM, Blogger Lia ngawaler ...

Ngeunaan undak usuk basa asa jadi kaemutan misalna.
"Teh ngadangu wartos rehna nyi iteung ka jerman?"

"Abdi nguping wartos nyi iteung ka jerman"

Ngadangu dianggo kanggo nu lian, nguping ngabasakeun pribadi.

Nu sanesna seueur deui..."abdi neda salira tuang"

 
At 2:14 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

hmmm naha contona Nyi Iteung ka Jerman nya???...hmm hmm hmmm..hihihhihi

 
At 9:41 AM, Blogger whyyoey ngawaler ...

lieur,, punten pribados hoyong langkung uning kanu undak usuk basa teh ,, manwi aya nu tiasa ngajarkeun ? hapunten bilih aya nu lepat nyerat

 

Post a Comment

<< Ka Payun