WSAB: Emaman Ciren Khas Sunda
Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, July 28, 2005

Emaman Ciren Khas Sunda

Sambil ngantosan ibu2 lain anu bade ngenalkeun diri...yuk urang nyarioskeun emaman...naon deui atuh nya...da reuseup emam atuda...

Ibu2 komo anu nuju di luar nagreg, ngumbara mah..pastina kaemutan wae ka emaman Sunda anu pedo elom tea...ahh huhuy lah pokona..

Saurna nya urang Sunda teh, upami kana makanan sok kreatif, naon ge tiasa dijanteunkeun emaman, sok we tingali ka toko oleh2 di Bandung, Tasik atanapi Garut sok aya nu aneh2, nu teu kapikirkeun tapina teh pedo elom tea...

Sok ibu2 anu gareulis....mangga nulis di komen naon wae nu nuju kaemutan emaman khas Sunda...ayeuna...saratna eta weh teuteup bahasa Sunda nya...teu nanaon upami kasar oge..meh tambah lekoh...

hayu ah....mangga....

14 Waleran:

At 9:49 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

horee nu pertama..hihihi...hmmm ceuk abdi mah nya nu paling enak surenak nyaeta tumis genjor oncom...ahhhhhh lezaaaatttt...emamna sareng sambel cibiuk...pokona mah asa tuur jadi leungeun leungen jadi tuur lah...(kunaon phi tisoledad?)..hihi...nya kitu weh abdi mah, sok tambihan ibu2...naon deuiii...

 
At 9:51 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

ahhh salah nulis kuduna tumis GENJER...

 
At 12:59 PM, Blogger Lia ngawaler ...

Tumis Genjer jeung oncom teh mun teu leupat mah disebutna teh ulukutek genjer, tah mun genjer/eceng digentos leunca disebutna ulukutek leunca...memang nikmeh nemi kana sakujur angen...sanggup kamerekaan hihi. Saha nu teu apal kamerekaan cing cung!!!.

abdi mah ieu teh butuh resep cilok, cingan ibu2 bagi resepna...ripuh bilih ngacayyy yeuh tulungggggg. Resep awug oge, Irma pangnaroskeun ka si emang Awug kumaha ngadambelna kituh hihi...ari peda beureum mah sareng liwet keun we tiasa dipaksakeun ku nuang liwetna wungkul seng uyah.
Sok urang silih bibita katuangan raos...sugan tiasa kalandongan ku didongengkeun hihi

Salam
Lia

 
At 10:49 AM, Blogger Nia ngawaler ...

Duuuuuuh, ari soal oncom mah, eta kacintaan abdi, pas uih kamari meuni unggal dinten beh masak tumis oncom, berhubung teu pati suka leunca sok di gentos ku daun tangkil beh ... plus cengek tantu na hehehe ... emam na sareng lauk gabus anu montok ... :D

Abdi ayeuna kuer hoyong tales ( mentang2 ti Bogor yeuh .. :P )anu di campur parutan kalapa tea, sareng dodol sirsak ... sisa na nyusul beh nya ( kali ada yg mau ngelempar nanti nya hihihi ... culumit ah ... j/k )

 
At 9:53 PM, Blogger Lia ngawaler ...

Teh Roro eta dage nu hideung buluan teh tina kacang naon?? diabdi mah nu pajeng teh dage galendooo dipais teras dibeuleum...nikmeh. Teh nia hoyong urab taleus, abi mah hoyong comro...eta teh Inta teu ngirim wae yeuh...Teh Intaaa mana comrooo

 
At 7:05 PM, Blogger Momy De' Vieto ngawaler ...

waduh dage ??? buluan ??? siga kumaha nya? upami karedok leunca kumaha, sareng peda beureum digorengna ku jalantah aduna tahu sareng kurupuk, waduh ngalimed geura osok hese eureun ika mah mun aya eta teh, siga anu teu eling keduk deui-keduk deui kanu boboko teh hehehe ... rewooog

 
At 8:53 PM, Blogger Cerita tentang kita :-) ngawaler ...

hihihi eta peda beureum kuatka digoreng ku jalantah.. hehe. Irma mah naon atuh nya, mmmhh meuni sesah mun dipiwarang milih anu "pangresepna" teh.. karedok resep, ulukutek resep, peda beureum resep, asin jambal resep, sambel tarasi resep, sayur asem resep, sayur lodeh resep, soto bandung resep, ahh.. tapi sigana mah, sangu tutug oncom sareng kurupuk RDN tea geuningan lahh nu pangraosna kanggo siang ieu mah! hihihi..

 
At 1:01 PM, Blogger TomInta family ngawaler ...

Wah gawat pami tos nyarioskeun tuangeun mah, komo tuangeun sunda...
efek sampingna teh sbb:
* bari kutap ketap ngetikna (nahan acay maksudna :D))
* teras kaimpi impi
* teras sababaraha dinten teh jamedud da teu kahontal kapalay nuang tuangeun sunda nu raos pisan teh.
Tuangeun sunda teh ceuk abdi mah aya dua kategori, kategori raos sareng kategori raos pisaaaannnn.
Nu ayeuna nuju dipikahoyong ku sim abdi mah nyaeta, Ase cabe, goreng kalilipa, angeun haseum, sambel tarasi sareng kurupuk aci ulah hilap.
Nuangna nganggo sangu panas panas... slruuppp...... glek lah..
"Jahanam"na ( hihi puntennya meni kasar) tuangeun sunda teh, teu tiasa direndengkeun sareng sangu saeutik... pasti we sanguna teh kedah seueur.,... janten siga Ophi teu cekap sapiring... kitu nya Phi ? :D
eh eh aya kahoyong anyar yeuh... Inta hoyong gurilem.....:-( Tuluuunggggg..............
Ayaaahhhh mudik yuuuuuuuu............

 
At 3:18 AM, Blogger Ophi Nurwicaksono ngawaler ...

Teh Intaaaaaaaaaaa
aku juga ingin gurilem si kurupuk b***** tea...nu pang asoy mah nya gurilem anu di belakang hotel Horison..wahh heuheuy deudeuhh..teh kalo pulang nitip..hehe

 
At 9:52 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

aduh Karedok...kasukaan abdi sareng nasi Timbel,asin jambal roti,oreg tempe...horee...oregna nu seueur cabe hejona di tambih daun tangkil,yuuuu urang emam papahare...

 
At 9:55 PM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

aih..eta kunaon namina katinggaleun..

 
At 11:23 PM, Blogger MMLubis ngawaler ...

Nepangkeun abdi Maria, abdi mah resep pisan kana awug sareng lalab nu namina teh pohpohan (tapi ngaemamna sanes dicampurkeun nya! hehehe)

Kapungkur mah lamun kemping, rerencangan abdi sok ngadamel liwet dina kastrol (nganggo salam-sereh atuh, tong hilap) sareng beuleum peda beureum, ngarendos cengek sareng uyah weh. Hmmmm ... pedo pisan (padahal abdi teh sok barentol upami neda lauk asin atanapi sarupaning pepedaan teh hehe)

 
At 11:03 PM, Blogger Liezmaya ngawaler ...

karedok leunca anu lada..."nuangna dugi ka nangis", dicocol ku tempe garing sabari dibaturan ku asin gabus....hmmm nikmat.

Bararade yeuh?

 
At 4:53 AM, Anonymous Anonymous ngawaler ...

Sim kuring mah nuju tibelat kana cuhcur. Kueh goreng nu didamel tina tipung beas disantenan tambih gula beureum. Nu buleud tea, coklat, hinyay mun diancrubkeun kana cai, giung...tapi pelem...

 

Post a Comment

<< Ka Payun