WSAB: July 2005

WSAB

Blog Propil warga Bewara keur warga WSABCare Katuangan Sunda Lalakon

Thursday, July 28, 2005

Emaman Ciren Khas Sunda

Sambil ngantosan ibu2 lain anu bade ngenalkeun diri...yuk urang nyarioskeun emaman...naon deui atuh nya...da reuseup emam atuda...

Ibu2 komo anu nuju di luar nagreg, ngumbara mah..pastina kaemutan wae ka emaman Sunda anu pedo elom tea...ahh huhuy lah pokona..

Saurna nya urang Sunda teh, upami kana makanan sok kreatif, naon ge tiasa dijanteunkeun emaman, sok we tingali ka toko oleh2 di Bandung, Tasik atanapi Garut sok aya nu aneh2, nu teu kapikirkeun tapina teh pedo elom tea...

Sok ibu2 anu gareulis....mangga nulis di komen naon wae nu nuju kaemutan emaman khas Sunda...ayeuna...saratna eta weh teuteup bahasa Sunda nya...teu nanaon upami kasar oge..meh tambah lekoh...

hayu ah....mangga....

Saturday, July 23, 2005

Bubuka

Mangga Ieu Urang Bubuka...
(Bubuka teh maksadna Pembukaan sanes buka-bukaan:P)

Wanita Sunda Antar Benua...istilah nu kaluar ti kereteg manah Ophi, dikawitan tina obrolan antawis blogger nu ngobrol basa sunda, neras kana Yahoo Messanger, pami kaleresan onlen sareng sok ngayakeun konpren. Tidinya akhirna ngaraos caket, tiasa sili tuker informasi, sili gonjakan, jeung sajabana. Akhirna kaluar ide kumaha upami rasa deukeut eta urang tepakeun ka batur nu teu kaleresan tiasa onlen sareng, kana mangrupa blog...nya ieu akhirna...Ophi deui wae nu ngawitan ngadambelna. *Nuhun ah*
Dugi ka danget ieu WSAB nu tos sering konpren;

Ophi tumetep di Jerman

Inta di Jerman

Intan di Inggris

Roro di USA

Nia di USA

Lia di USA

Ieu teh sanes maksad ngagulkeun atanapi ngagungkeun kasundaan, tapi landong sono ka lembur jeung dulur, panineungan ka sarakan. Mangga urang mangpaatkeun. Sanes mung ukur kanggo urang sunda pituin, urang mana bae oge ari ngartos kana ieu basa, mangga diantos ulubiungna.

Wilujeng...

Hapunten bilih aya lepat serat:)

Ti Sim Kuring, atas nami Pangadeg WSAB

*Lia nu imutna teu manis*

Nambih:

Upami aya nu bade posting babagi elmu, bewara, atanapi naon bae, tiasa kintunkeun ka imel
WSAB2005@yahoo.com .